Buku Tamu

Anu hoyong silaturrahmi, manjangkeun tali mimitran, wawanohan, mangga tiasa ngeusian ieu rohangan.

Bagi yang mau bersilaturrahmi, mempererat tali persaudaraan, berkenalan, bisa menggunakan halaman ini.

Hatur nuhun, terima kasih.

99 thoughts on “Buku Tamu

  1. assalamualaikum wr..wbr.kang damang?kang aya pamundut ti abdi,,dina blog akang supados d tambih deui perkawis elmu elmu anu berhubungan sareng pemrograman web..jazakawlohukhaironkasiir..tambih sukses nya kang!!

    Like

    • Wa’alaikum salam, Alhamdulillah pangesto.
      Kumaha sawalerna…?

      Perkawis pemrograman mah, Insya Allah abdi oge hoyong ngalebetan perkawis eta. Mung teuacan dugi ka dinya. Soalna abdi masih keneh bingung, naha kedah nganggo Basa Sunda atanapi Bahasa Indonesia.

      Paling oge nyobian pami dina ie blog mah nganggo basa campuran wae: Basa Sunda, Bahasa Indonesia sareng English.

      Nuhun atos kersa rurumpaheun ka ieu blog.

      Like

  2. Sampurasun ki dulur, salam pang wanoh..
    bagea geuning masih keneh aya baraya anu tiasa ngamumule budaya sunda, emmmh nuhun dulur mugia langkung majeng dina sagala widang pikeun nanjeurkeun budaya sunda,
    meuni muringkak ieu punduk raaaaas waas ka mangsa anu ka tukang, kasawang mangsa babalakecrakan sinareng rerencangan mangsa keur budak….ehhhm asa hayang balik deui ka mangsa nu can loba nu matak rudet kawas kiwari…
    wassalam..

    Like

  3. Assalamu’alaikum wr. wb
    Haturan dulur…nepangkeun simkuring wasta Jibar ti Cisaat, Sukabumi..ehmmm asa ku bagja gening… masih keneh aya nu ngamumule budaya sunda..maos artikel saung anu aya dina ieu blog…asa warara’as emut ka jaman keur budak..kukurumuyan dina sasaungan tina jarami…bari ararateul oge…bungah we harita mah…naha masih keneh aya kitu, barudak jaman kiwari nu masih ngahajakeun ngariung botram dina saung jarami, lalawuhna ngan ukur bonteng + kurupuk warna koneng produksi “Doa Ibu” dina blek biru…bari peutingna mawa samping cenah rek ngendong…?????
    salut kanu midamel ieu bloggg…wilujeng, mugia lancar sagala rupina..

    Like

    • Wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokaatuh

      Haturan wilujeng tepang oge. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog.
      Pami emut ka jaman kapungkur mah hususna mangsa nuju keur alit sareng nuju di lembur, mungguh ku matak waas. Ayeuna mah kantun waasna….

      Nuhun pisan kana pidoana.

      Like

  4. Assalamu’alaikum
    nepangkeun kang abdi wasta mah dindin urang tasik asli he
    bingah pisan tiasa mendakan blog akang , bati kabita mani kumplit pisan . anu sim kuring mah pikaisineun masih kararosong sareng nu aya ge tumpang tindih . tos kauninga ku akang ge pangnten . aya pamunut manawi teu kaabotan hoyong aya tungtunan ngalebetan blog dugika kumplit kitu kumaha kang ? bade di kintn kana serelek atanpi blog simkuring manga diantos pisan .
    hatur nuhun sateuacana .
    jajakalloh khoiron katsiir …

    Like

    • Wa’alaikum salam wr. wb.

      Hatur nuhun pisan atos kersa rurumpaheun lebet ka blog sim kuring. Saleresna mah da sim kuring oge nuju diajar keneh. Sakedik-kedikeun ngempelkeun pamendak kanggo eusi blog….

      Like

  5. Assalamualakum, Wr. Wb
    Nepangkeun Lur… simkuring abdee kusnadi ti Lembur Angkrek Sumedang. Abdi ngaraos bingah pisan tiasa leubeut oge tepang sok sanaos tepang dina ieu blog. Alahmdulilah masih seueur keneh geunig baraya/dulur-dulur urang anu masih keneh ngamumule bahasa sunda. Upami heunteun ku urang salaku orang sunda bade ku saha deui nya. Ieu tiasa di sebatkeun janteun kawajiban urang sunda sadayana. Abdi ngadukung pisan, mudah-mudahan tiasa seueur manfaatna boh kanggo simkuring khususna atuh kanggo baraya/dulur-dulur sadayana. Lanjeungkeun teras lur…!!!

    Like

    • Wa’alaikum salam wr. wb.

      Katampi pisan, pangrojongna, sareng hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog.

      Nya kaleresan aya media blog ieu kanggo ngedalkeun sareng ngaluarkeun sadaya pamendak hususna perkawis Sunda. Harepanana mah, nya supados Sunda teh sakedik-kedikeun aya tapakna hususna di internet (blog).

      Nuhun

      Like

  6. Manawi mah dimana ari Kampung Ciburuan teh, sihoreng deet ari ti Sumedang mah, nya kaleresan lebaran kamari diangkir ku pun adi ka Citeula Conggeang, pas kalangkungan ningan.
    Sae asri keneh tempatna, asri pilemburan, sugan we masyarakatna masih kentel ku kasundaanna.

    Panuhun Riki Ramli M.

    Like

    • Nuhun pisan ka Kang Riki anu parantos kersa linggih ka ieu saung (blog).

      Perkawis Kampung Ciburuan mah, nya ti Sumedang mah rada caket da kalebet wewengkon kabupaten Sumedang.
      Namung, kaleresan (punten pisan ieu mah), anu di Conggeang mah pami teu lepat mah Cibubuan sanes Ciburuan. Pami Kampung Ciburuan mah lebetna ka Kacamatan Tanjungmedar (kapungkurna lebet Tanjungkerta).

      Sakitu rupina. Nya perkawis kaayaanana kampungna mah moal tebih. Bentenna teh di Cibubuan seueur sawah pami di Ciburuan mah seueurna kebon…

      Nuhun pisan. Mudah-mudahan atuh sakali waktos mah tiasa/kersa amengan ka lembur Ciburuan….

      Like

  7. Nuhun tos diangkeun, atuh masih keneh panasaran pribados ka kampung Ciburuan teh. ke sanes waktos upami nuju cuti deui badi ngitung lembur milangan kori. saking panasaran noong heula ka google erth aya pisan, aya linduh, aya ku liuh komo pasir Ciburuanna.
    Wassalam amit kang.

    Like

  8. Assalamu’alaikum..
    Emmm.. bingah oge tiasa mendak blogger anu ngangge basa sunda,, da raraosan mah abdi ge tos seueur hilap kana istilah2 sunda teh.. mung diajarkeun di SD dugi SMP.. SMA dugi kuliah mah teu aya.. biasana mun jeung babaturan ge sok ngangge bahasa loma.. pami basa alus na mah teu apal.. komo kantos hijrah ka jawa tengah 4 taun.
    Sala pangwanoh wae kang.. mugi basa sunda teh tiasa tetep eksis 🙂

    Like

    • Wa’alaikum salam.

      Kaleresan wae ieu mah ngagaduhan kahoyong kanggo nyerat dina Basa Sunda sanaos basana basa loma, sanes basa lemes
      Pamaksadanana mah teu tebih tina supados nyeueurkeun seratan-seratan Basa Sunda di internet hususna di dunya blog.
      Hatur nuhun pisan parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog…

      Like

    • Mangga atuh ka lebet, teras wae ka dapur. Meungpeung seuneuna ngabebela keneh. Mung huina mah teuacan usum, nembe ceb melakna ge.

      Nuhun pisan parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog. Mudah-mudahan tiasa nambihan baraya di jagat blog

      Like

  9. Cigana didieu mah google translate ge nyerah kang hehehe. cobi ku akang atuh damelkeun supados basa sunda tiasa go internasional kang. Tapi salut kang, tipayun terakhir pribados kadieu masih Basa Indo nami tautanna ayeunamah tos ku Sunda. Ngiring bingah

    Like

  10. Assalamu’alaikum wr. wb.
    Sampurasun ki dulur, hapunten sim kuring seja nyuhunkeun pitulung, manawi gaduh lalaguan dina waktos ngawuluku…
    anu ilaharna sok kakuping ku sim kuring diantawisna kiya mideur..
    hatur nuhun..

    Like

    • Wa’alaikum salam.
      Rampes.

      Perkawis lagu waktos ngawuluku mah kanggo danget ayeuna mah teuacan gaduh catetanana. kapungkur nuju alit mah osok nguping, sanaos mung sapotong. Urang cobian wae taroskeun heula ka urang lembur….

      Like

  11. Assalamu’alaikum wr. wb.
    Sampurasun ki dulur, duh asa betah yeuh sim kuring maosan pedaran-pedaran dina blog ieu … salam pangwanoh ti sim kuring, mung hapunten da sim kuring mah sundana oge kasar garihal ki dulur … bade ngiringan diajar basa sunda ah+diajar ngeblog ka urang Sumedang ….

    Like

    • Wa’alaikum salam wr. wb.
      Rampes. Hatur nuhun pisan parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog. Perkawis Basa Sunda anu dianggo, da kaleresan di blog ieu oge Basa Sunda-na sanes Basa Sunda anu lemes. Janten sim kuring oge nyuhunkeun dihapunten….
      Perkawis diajar mah, hayu wae urang sasarengan….

      Like

  12. Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarokatuh…

    Sampurasun,,,dulur,,
    Nyanggakeun silaturahimna,,
    Nyanggakeun oge sabda panglayadna ti sim kuring.

    Reu’eus sakalangkung,,
    bingah anu taya papadana,,wirehna sim kuring tiasa sumping ka gedong sigrong salira.

    Kalihna ti eta,,kataji,,
    Katarik ati kapentang rasa wirehna ningal basa sunda janten babasan di ieu blog.

    Cekap sakitu heula panginten,,juragan silaturahim ngawitan ieu pamugi janten wasilah kanggo urang ngaraketkeun tali mimitran.
    Neda cukup lumur jembar panghampura,,bilih kirang tata,,titi duduga lan peryogana,,cologog,,jisim abdi neda sihapuntenna.

    Wassalamu’alaikum wr.wb

    http://www.sabdapalon.com

    Like

    • Wa’alaikum salam wr.wb.

      Rampes, katampi salam silaturrahmina, mudah-mudahan wae tiasa manjangkeun tali mimitran sanaos ngalangkungan mandala maya.
      Nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog….

      Like

  13. Alhamdulillah….tiasa mendakan ieu blog nunyunda pisan, nyungkeun widi bade diajar basa sunda ti pangersa guru Kampung Ciburuan, hapuntenna ti abdi blognoerhikmat nutos nyasar kadieu.

    Salam silaturahim
    blognoerhikmat

    Like

  14. Kang Amid, abdi neda bantosan akang kanggo nyebarkeun informasi Pasanggiri Nulis Wikipedia Basa Sunda, nya. Manawi kersa, hoyong dipangmasangkeun poster dina blog akang. Ieu posterna. Upami peryogi katangtosan sanes saperkawis masangkeun poster dina blog akang, mangga kontak abdi we langsung.

    Hatur nuhun.

    Like

Tunda talatah