Hurup A

  1. Aa. Sesebutan pikeun lanceuk lalaki. Bisa oge sesebutan pikeun lalaki anu umurna saluhureun.
  2. Abdas. Wudu.
  3. Abdi. Kuring, uing, aing.
  4. Abjad. Hurup, aksara.
  5. Abong, Abong-abong. Kacida teuing.
  6. Abus. Asup ka jero.
  7. Alas. Tempat atawa barang anu dijadikeun amparan (lamun diuk) atawa barang anu dijadikeun tempat dahar.
  8. Alim. Embung.
  9. Alon. Henteu tarik mun dina leumpang atawa lumpat atawa ngajalankeun kandaraan. Nyaritana henteu tarik, ampir teu kadenge.
  10. Alus. sae, henteu goreng.
  11. Amparan. Tilam, kaen atawa samak anu dijadikeun dadasar pikeun diuk.
  12. Anjang. Nganjang. Ulin ka imah tatangga atawa imah bebene.

5 thoughts on “Hurup A

Tunda talatah