Kuring jeung Ciburuan

Kuring…

Nelahna mah kuring téh AMID. Ngaran anu ceuk kolot mah meunang hésé capé nénéangan pikeun gaganti ngaran keur leutik anu masih kénéh ceuk cenah matak ririwit. Hiji ngaran anu meunang ngabubur boda ngabubur beureum (siga warna bandéra Indonésia). Ngaran kuring teu siga ngaran babaturan anu osok aya papanjanganana, ngaran kuring mah kacida pondokna. Tapi sabenerna mah da lain teu hayang dipanjangan, da manjangan ngaran mah gampang. Ngaran kuring bisa panjang jadi Aaaaaaaaaaaaamiiiiiiiiiiid atawa lamun hayang leuwih ti sakecap bisa jadi Amid Suramid atawa Amid Naon kitu…. Ngan nyakitu téa, da ngaran geus dicatet dina di mamana, jadi lamn dirobah téh bakal manjangkeun urusan. Keun baé lah pondok ogé, nu penting mah miboga ngaran anu jadi ciri.

Ngan anu jadi pananya téh naha kolot téh bet méré ngaran ku kecap Amid?

Tapi kuring teu waléh ari ka kolot mah. Kuring nyobaan nyaliksik, kekecapan anu aya pakaitna reujeung kecap ngaran kuring. Ahirna mah meunang ogé kekecapan ngaran kuring téh. Tapi tina Basa Inggris. Heueuh, ngaran kuring téh aya dina kekecapan dina basa Inggris. Amid téh lamun ditarjamahkeun kana Basa Sunda mah “Di tengah-tengah”.

Naha nya…?

Naha saacanna kolot kuring méré ngaran ku kecap éta téh pernah ulin heula ka Luar Nagreg atawa ka Inggris kitu? Angger kuring teu waléh ka kolot. Keun waé sina nyamuni dina caang.

Lembur Ciburuan…

Sedengkeun ari Ciburuan téh naon atuh?

Perenahna Kampung Ciburuan

Ciburuan mangrupakeun hiji ngaran lembur anu aya di wewengkon Kabupaten Sumedang. Perenahna di daérah pasisian kalér Sumedang, deukeut ka wawates jeung kabupaten Subang. Kusabab kitu, lembur Ciburuan mah lumayan jauh kana raména dayeuh. Anggangna ka dayeuh Sumedang téh kurang leuwih 20 kilo (20 km maksudna mah). Lembur Ciburuan ayana di deukeut pileuweungan, dikuriling ku pakebonan. Ngan euweuh (saeutik pisan) pasawahan kusabab aya di daérah anu luhur (di pasir). Pikeun nepi ka Ciburuan, bisa maké jalan gedé anu ngan hiji-hijina.

Lembur Ciburuan aya dina kakawasaan Desa Jingkang Kacamatan Tanjungmedar (baheulana mah Kacamatanana téh Tanjungkerta).
Jalma-jalma urang lembur Ciburuan rata-rata pakasabanana kana tatanén (jadi patani). Tatanén di pakebonan. Tatanén anu dipajuna téh biasana mah cikur, cau, sampeu, laja, jeung anu séjénna.

Kuring reujeung Lembur Ciburuan…

Ari pakaitan kuring reujeung Ciburuan?

Kuring jeung Ciburuan mah taya pakait nanaon. Kuring ngan ukur ngilu dibabarkeun jeung digedékeun di lembur Ciburuan. Éta wungkul. Kuring dibabarkeun di lembur Ciburuan, terus méakeun jaman budak ogé di Ciburuan. Pon kitu deui reujeung jaman rumaja, dibéakeun di lembur Ciburuan.

Laku lampah keur bubudak, arulin reujeung babaturan, dilakonan di lembur Ciburuan. Susah senang, halodo hujan, beurang peuting angger di lembur Ciburuan. Ngan kétang kadang di lembur pun Nini di lembur Cilengkrang sakapeungna mah. Jaman rumaja ogé sarua. Keur sakola di SD, salila genep taun sakola di SD Ciburuan. Neruskeun sakola, didugdag ka Desa Jingkang sakola di SMP 3 Tanjungkerta (ayeuna mah robah jadi SMP 1 Tanjungmedar). Mangsa SMA kakara wani ninggalkeun lembur téh, da kapaksa teu bisa didugdag ti lembur.

Poto Kampung Ciburuan ditilik tina Satelit (gambar meunang motong ti: wikimapia.org)

21 thoughts on “Kuring jeung Ciburuan

  1. nikukur wae , wasta abdi irham cicakulan ku rerencanganmah iam, wilujeng tepang kang, mugia urang tiasa meungkeut silaturahmi sok sanaon di dunya anu teu nyata

    Like

    • Nuhun pisan, Kang, parantos rurumpaheun ka ieu blog. Wilujeng tepang deui di dunya maya.
      Muhun, sanos di alam nu teu nyata, mudah-mudahan janten cukang lantaran kanggo langkung ngaraketkeun tali mimitran, tali silaturahmi di antawis urang sareng urang

      Like

  2. Kang, abdi kataji ku seratan “all about” kaulinan. manawi kawidian abdi seja ngopi paste. Kaleresan dina danget ieu abdi nuju ngahanca “ngasuh” barudak sangkan wanoh kana kaulinan tradisional sareng mampu ngamekarkeunana. hatur nuhun sateuacana.

    Like

    • Mangga wae pami bade dianggo mah, sareng aya mangpaatna mah….

      Da kanggo naon aya dina blog ieu oge pami teuaya mangpaatna mah. Da abdi oge miharep naon anu diserat dina ieu blog teh sing aya mangpaatna sanaos da eusina seratan dina ieu blog mah kirang mundel.

      Nuhun oge ka Akang anu atos kersa rurumpaheun ka blog ieu. Mudah-mudahan wae ka payunna anu namina Kaulinan Barudak teh langkung nanjeur deui….

      Like

      • Insya Alloh ku tarekah urang sadaya… nu terutami mah, “mangpaat sareng filosofis” kaulinana sangkat tapakan nepi ka jaga, jadi GENERASI unggul prestasi. kaulinan dijantenken salah sahiji mediana.
        Amin…. HURIP WARAS KISUNDA JAYA…

        Like

Tunda talatah