Néangan Wewengkon di Sumedang Ngagunakeun Google Maps


Ngaprak saban wewengkon anu aya di alam dunya teu kudu ripuh deui. Majuna jaman ayeuna, ngarojong pisan pikeun nedunan kana pangabutuh. Komo deui mahabuna parabot téhnologi kayaning komputer jeung parabot keupeul, beuki ngagampangkeun dina ngahontal kahayang.

google-maps-jingkang
Nyungsi lelewek di Sumedang ngagunakeun Google Maps

Ngeunaan ngaprak saban wewengkon, heuseusna di Kabupatén Sumedang teu kudu susah deui. Di mandala maya geus disadiakeun parabot pikeun ngajajah wewengkon bari teu kudu aprak-aprakan ka mamana. Pikeun mikanyaho lelewek anu aya di Sumedang, pon kitu deui wewengkon séjénna bisa ngagunakeun Google Maps anu disadiakeun ku Google. Ieu parabot kacida alusna pikeun anu hayang apal kana unggal lelewek heuseusna di Sumedang.

Google Maps mangrupakeun loka anu nyadiakeun peta jeung potrét dunya ngagunakeun satelit. Unggal lelewek anu aya di dunya geus di éta loka, tinggal ngajugjugan ngaliwatan loka Google Maps. Lamun hayang langsung muru ka hiji tempat, bisa langsung ngetik ngaran anu dituju dina kotak paranti néangan. Lamun éta tempat geus aya ngaranan, anu nyungsi loka Google Maps bakal langsung dibawa ka éta tempat anu dituju.

Sahanteuna lamun néangan désa jeung kacamatan anu aya di Sumedang, geus aya datana. Kari ngetik ngaran désa atawa kacamatanana, bakal diasongkeun pintonan peta jeung potret satelit éta lelewek désa atawa kacamatan.

Tunda talatah