PAUD di Purwakarta Ngajarkeun Kaulinan Barudak


Saawatara waktu anu geus kaliwat, Pamaréntah Kabupatén Purwakarta geus nyieun kawijakan yén anu ngokolakeun lembaga atikan pikeun barudak leutik kénéh (PAUD) teu meunang ngajarkeun kaulinan anu modérn komo deui dijualbeulikeun ka barudak anu dialajarna. Contona waé kaulinan anu kudu dibeuli anu ngakibatkeun kolot budak nu diatikna ngaluarkeun duit loba.

Barudak leutik anu keur dialajar di PAUD
Barudak leutik anu keur dialajar di PAUD

Pangajaran kaulinan pikeun barudak PAUD kudu leuwih condong kana tradisional jeung teu kudu ngaluarkeun duit loba. Salila ieu pangajaran di sakola PAUD leuwih condong loba ngaluarkeun duit. Padahal sakuduna mah pangajaran di PAUD téh leuwih condong kana ngaronjatkeun kamotékaran barudak jeung teu ngabeungbeuratan kolot budak. Salasahiji carana nyaéta ngamangpaatkeun sagala hal anu aya di sabudeureun kayaning taneuh, dangdaunan jeung bahan lianna anu bisa dijadikeun bahan nyieun anu mangpaat. Jadi teu kudu meuli anu geus jadi.

Lamun geus kitu, kolot budak anu sakola di PAUD teu kudu ngaluarkeun duit loba pikeun meuli kaulinan anu modérn. Leuwih ti éta, barudak sakola bakal leuwih motékar dina ngamangpaatkeun anu aya.