Aya Bénténg di Walungan Sumedang


Nurutkeun warta anu diancokeun ku InilahKoran.com ngeunaan bénténg titinggal Walanda anu aya di Sumedang, cenah mah aya genep bénténg. Lamun bénténg di Gunung Gadung dianggapna ngajadi hiji, salian ti bénténg di Gunung Kunci jeung Gunung Palasari, aya tilu bénténg deui anu acan dipikanyaho. Anu tilu deui cenah mah ayana di wewengkon Gunung Datar jeung di Darangdan.

Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari
Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari

Di wewengkon Gunung Datar aya dua bénténg. Anu hiji mah bénténg di Pamarisen. Aya dua wangunan anu diwangun maké beton. Wangunan kahijina ukuranana 3 x 2,5 méter sedengkeun wangunan anu hiji deui ukuranana 4 x 2,5 méter. Bénténg ieu cenah mah dipaké pikeun neundeun mesiu jeung tempat nahan panarajang musuh. Bénténg anu kaduana nyaéta bénténg Pasir Bilik anu aya di wawates Sumedang Utara jeung Tanjungkerta, di Désa Gunturmekar Kacamatan Tanjungkerta. Ti bénténg ieu mah bisa nyawang atawa noong ka laut Jawa palebah Cirebon. Atuh, bénténg ieu miboga mangpaat pikeun nyérangkeun musuh anu asalna ti Cirebon.

Anu panungtungan, bénténg téh ayana di wewengkon Darangdan, Kota Kulon dayeuh Sumedang. Bénténg diwanguna motong walungan Cipélés. Ieu bénténg dipaké pikeun pikeun ngatur cai walungan anu ngaliwatan dayeuh Sumedang. Bénténg dilengkepan ku panto pikeun ngatur gedé jeung leutikna cai anu ngocor. Lamun aya musuh anu asup ka dayeuh Sumedang, Walanda kari muka panto cai ieu bénténg supaya caina ngagulidag jeung mudal ka dayeuh Sumedang.

One thought on “Aya Bénténg di Walungan Sumedang

  1. Galian keusik Gunung Tampomas. Nurutkeun haréwos bojong mah cenah, keusik ti Cimalaka téh alus pisan tibatan keusik ti wewengkon séjénna. Teu anéh lamun loba anu meuli keusik anu asalna ti suku Gunung Tampomas ieu. Ngan hanjakal ka béh dieunakeun, keusik téh dikalina kamalinaan teuing. Lamun baheula mah henteu loba teuing jeung ngan ukur di handapna wungkul (wewengkon anu datarna di suku gunung), ayeuna mah sanggeus aya mesin pikeun ngala keusikna, keusik téh kacida pisan dikerukanana nepikeun ka gawir gunungna ditugaran. Reujeung lamun baheula mah keusikan wungkul anu dialaan téh, batuna mah disésakeun, ayeuna mah henteu nyésa. Diala reujeung batu-batuna da digiling maké mesin. Salian ti ngalegaan wewengkon galian ka gigir, ayeuna mah ka handap-handapna dikalian nepikeun ka jero. Saacanna manggih taneuh anu di handapeun batu/keusik mah terus dikali. Teu anéh lahan anu tadina jangkung téh jadi ngahandapan. Sanggeus béak keusik/batu di handap (dinu datar), galian téh nyoksrok ka tempat anu lamping. Lamping suku Gunung Tampomas téh mimiti dialaan keusikna. Unggal poé teuing sabaraha puluh treuk kandaraan anu narikan keusik/batu anu asalna ti suku Gunung Tampomas ieu. Bisa disebutkeun ngala keusik ayeuna mah henteu bisa dikadalikeun pisan. Sakahayang anu ngalana, henteu ngilikan kana akibat anu baris ka sorang ka hareupna. Salasahiji akibat tina mahabuna anu ngalaan keusik ieu, nyaéta pegatna jalur huluwotan (cai nyusu) anu aya di sahandapeun Gunung Tampomas. Antukna loba huluwotan anu pareumeun atawa ngurangan caina. Hal ieu dirojong ku kaayaan yén urut ngali keusikna téh loba anu diantepkeun siga dipinuhan ku jujukutan henteu dipelakan tutuwuhan/tatangkalan.

    Like

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s