Undian pikeun nangtukeun pangeusi dalapan grup tatandang undakan kahiji Piala Dunia 2014 di Brasil geus dilumangsungkeun. Hasilna geus kanyahoan, nagara mana waé anu baris tatandang dina unggal grupna. Tadi peuting, kalawan ngagunakeun tempat di Costa de Sauipe Bahia Salvador nagara Brasil, 32 nagara anu asup babak puncer Piala Dunia 2014 téh dibagi kana dalapan grup. Unggal grupna dieusi ku opat nagara.
Undian ieu dipingpin langsung ku Juru Tulis Umum FIFA, Jerome Valcke kalawan disakséni ku urut béntang lapangan méngbal ti dalapan nagara anu pernah jadi jawara Piala Dunia saméméhna nyaéta Alcides Ghiggia ti nagara Uruguay, Geoff Hurst (Inggris), Marcos Cafu (Brasil), Fabio Cannavaro (Italia), Mario Kempes (Argéntina), Fernando Hierro (Spanyol), Zinedine Zidane (Prancis) katut Lothar Matthaus (Jérman).
Sakumaha sawangan sawatara pihak dina saméméh undian, undian Piala Dunia 2014 anu ngagunakeun sistem réngking FIFA dina bulan Oktober ieu baris nyababkeun aya sababaraha nagara anu kuat (alus méngbalna) ngahiji dina hiji grup. Sababaraha nagara anu kuat hususna ti wewengkon Éropah henteu ngahiji dina hiji tempat (pot). Pot kahiji husus dieusi ku dalapan nagara anu miboga réngking pangalusna. Sedengkeun pot kaopat dieusi ku dalapan nagara anu asalna ti wewengkon Éropah. Sababaraha nagara ti wewengkon Éropah anu kuat kusabab henteu miboga réngking anu alus henteu asup kana pot kahiji diantarana Itali, Walanda, Perancis jeung Inggris. Nagara kuat anu aya di pot kaopat ieu bisa waé ngahiji reujeung nagara kuat anu asalna ti pot kahiji.

Hasil undianana, henteu jauh tina sawangan. Sahanteuna aya dua grup anu dieusi ku dua atawa tilu nagara anu kuat. Nagara Spanyol jeung Walanda ngahiji di Grup B. Sedengkeun grup D dieusi ku nagara kuat Inggris, Itali, jeung Uruguay. Nagara Portugal jeung Jérman ngahiji di grup G.
Hasil Undian Undakan Kahiji Piala Dunia 2014:
- Grup A: Brasil, Kroasia, Méksiko, Kamerun
- Grup B: Spanyol, Walanda, Chili, Ostrali
- Grup C: Kolombia, Yunani, Pantai Gading, Jepang
- Grup D: Uruguay, Kosta Rika, Inggris, Itali
- Grup E: Swiss, Ékuador, Perancis, Honduras
- Grup F: Argentina, Bosnia-Hérzégovina, Iran, Nigéria
- Grup G: Jérman, Portugal, Ghana, Amérika Serikat
- Grup H: Bélgia, Aljazair, Rusia, Koréa Kidul
(Potret meunang nginjeum ti fifa.com)