Nalika nyungsi mandala maya, kadang osok nempo gambar atawa potrét anu leutik (henteu jelas). Sanajan katempona leutik, aya kalana anu aslina mah éta gambar atawa potrét téh gedé. Lamun hayang nempo éta gambar atawa potrét supaya leuwih jelas, kudu diklik heula gambar atawa potrétna anu nyambung ka lambaran wéb séjén. Jadi kudu pindah lambaran wéb.

Ayeuna, aya pakakas anu alus pikeun nempoan gambar atawa potrét supaya leuwih jelas kalawan henteu kudu asup kana lambaran gambar atawa potrét anu gedéna. Sanajan gambar atawa potrét anu katempona leutik jeung henteu pati jelas, maké ieu pakakas mah bisa katempo gambar/potrét aslina. Lamun gambar/potrét aslina ukuranana gedé, bakal diancokeun gambar anu gedé ogé. Pakakas ieu ngaranna Thumbnail Zoom Plus.
Pakakas ieu mangrupakeun aplikasi tambahan pikeun panyungsi wéb Mozilla Firefox. Jadi pikeun ngajalankeunana kudu ngagunakeun Mozilla Firefox. Kusabab ngaranna ogé aplikasi tambahan (add-ons), aplikasi ieu moal langsung aya dina panyungsi Mozilla Firefox. Supaya Firefoxna miboga ieu aplikasi tambahan, kudu diinstal heula aplikasi Thumbnail Zoom Plus-na.
Cara nginstalna bisa langsung ngalongok ka loka Thumbnail Zoom Plus ngaliwatan panyungsi wéb Mozilla Firefox. Terus teken kenop Add to Firefox. Tungguan nepikeun kaluar jandéla Software Installation. Tina jandéla ieu teken kenop Install. Sanggeus réngsé masangna, pareumah heula (restart) Mozilla Firefoxna. Lamun geus kitu mah kari ngagunakeun éta pakakas kalawan otomatis. Lamun nempo gambar atawa potrét, kari ngagésérkeun pananda (kursor) mouse kana éta gambar/potrét, tungguan sakeudeung. Bakal kaluar jandéla anyar anu ngapung di gigireun éta gambar/potrét anu ngancokeun gambar/potrét dina ukuran asli atawa leuwih gedé. Salila pananda (kursor) mouse aya dina gambar/potrét bakal terus diancokeun gambar gedéna dina jandéla ngapung. Gambar dina jandéla éta bakal leungit lamun pananda mousena dijauhkeun tina gambarna.
Aya sababaraha loka anu bisa maké ieu pakakas. Dina harti gambar atawa potrét anu bisa digedéan téh téh ngan ukur tina loka anu dirojong ku ieu pakakas wungkul. Lumayan loba loka anu bisa ngagunakeun ieu pakakas di antarana waé: Amazon, Baidu, Bing, Facebook, Flickr, Google, HuffingtonPost, IMDb, LinkedIn, Netflix, New York Times, Pinterest, Reddit, Tumblr, Twitter, Yandex.ru, YouTube, Wikipedia, WordPress, Yahoo Images jeung nu séjénna.
sip!
LikeLike
Nuhun….
LikeLike