JCI Chapter Sumedang, Komunitas Juvéntini di Sumedang


Juventus Club Indonésia, salasahiji komunitas atawa riungan pikeun anu mikaresep kleub méngbal asal Italia, Juventus. Ieu komunitas téh geus diangken ku Juventus salaku papayung pikeun komunitas anu mikaresep ka kleub Juventus di Indonésia. Di unggal wewengkon di Indonesia dijieun komunitas anu sarupa anu mangrupakeun anakna JCI. Komunitas anu disebut chapter di hiji wewengkon dijieun supaya jadi tempat ngumpulna anu mikaresep ka kleub Juventus di éta wewengkon. Ari JCI sorangan mah ambahanana sanagara Indonésia.

Di Sumedang sorangan geus dijieun komunitas pikeun anu mikaresep ka kleub Juventus ieu, anu dingaranan JCI Chapter Sumedang (JCICS). Jadi pikeun Juvéntini anu aya di Sumedang bisa ngilu ilubiung kana ieu komunitas. Nurutkeun inpo mah, ieu komunitas téh mimiti ditaratas kira-kira tengah taun 2008. Ngan kakara dina ping 12 Pébruari 2011 ieu komunitas téh ngajanggélék jadi organisasi kalawan resmi. Kalawan miboga visi jeung misi bisa nyieun pagawéan anu alus (anu aya mangpaatna) pikeun masarakat Sumedang.

JCI Chapter Sumedang
JCI Chapter Sumedang

Kagiatan anu remen dilumangsungkeun ku ieu komunitas téh nyaéta nongton méngbal kalawan babarengan (nonbar) nalika kleub Juventus maén. Naha nalika maén di Liga Italia atawa di Liga Champion katut Piala Italia, katut kagiatan méngbal séjénna anu diiluan ku Juventus kalawan disiarkeun ku galura tipi atawa internét. Salian ti nonton babarengan, ogé remen dilumangsungkeun kagiatan maén futsal babarengan anu biasa dilumangsungkeun poé Ahad. Tempat futsal anu osok dipakéna di Gending Futsal dina jam sapuluh pabeubeurang. Pikeun ngarojong kana kagiatanana, unggal nonton babarengan jeung futsal osok disadiakeun Kéncléng Rutinan. Kagiatan anu sipatna pikeun masarakat ogé pernah diayakeun kujalan ngayakeun Baksos ka Rumah Yatim Piatu anu aya di Sumedang.

Kusabab geus ngawujud organisasi, struktur organisasina ogé geus dijieun. Salaku Ketuana dipilih Subhan, Wakil Ketua Eko, kalawan dibantuan ku bendahara Yusup. Di handapeunana aya sababaraha divisi: Divisi Sosial Ita, Divisi Futsal Olef, Divisi Nonar Yopie, Divisi Membership Izal. Tempat anu remen dipaké pikeun ngumpulna anggahota JCI Chapter Sumedang mah di Jusuf P-Pulsa, di jalan Pangeran Gajah Agung atawa baypass No 23 dideukeuteun lampu setopan Bojong.

Atuh pikeun Juvéntini anu aya di Sumedang taya salahna pikeun ngiluan kana ieu komunitas. Salian ti nambahan babaturan anu miboga pangaresep anu sarua hususna ngeunaan kleub mengbal, ogé bisa nambahan pangaweruh ngeunaan Juventus. Salian ti éta bisa ngiluan daptar jadi anggahota resmi JCI.

Pikeun inpo leuwih mundel ngeunaan JCICS ieu bisa ngaliawatan CP-na, Yusup di nomer 085222609666. Anu resep ngagunakeun média sosial bisa ngaliwatan akun twitter @JCI_Sumedang, Grup pésbuk di JCI Sumedang atawa lambaran pésbuk di JCI Sumedang.

2 thoughts on “JCI Chapter Sumedang, Komunitas Juvéntini di Sumedang

Tunda talatah