Kajawaraan Paralayang Pra Piala Dunia anu bakal dilaksanakeun di Batu Dua Sumedang baris diiluan ku sababaraha urang atlét wawakil ti 20 nagara di dunia kaasup Indonésia. Numutkeun inpo anu diancokeun ku loka Club Jatarupa, ampir saratus urang atlét baris tatanding dina éta kajawaraan. 20 nagara anu ngirimkeun atlétna dina ieu kajawaraan téh nyaéta Indonésia, Italia, Malaysia, Koréa Selatan, Taiwan, Inggris, Perancis, Slovenia, Vietnam, Jepang, Swedia, Rusia, Tailand, Afrika Selatan, Swiss, Cina, Spanyol, Republik Ceko, Singapur, jeung Amerika. Indonésia diwakilan ku sababaraha urang atlét paralayang anu dijagokeun diantarana Lilik Darmono, Bima Putra, Bodhi Suprana, Thomas Widiyananto, Hening Paradigma, Milawati Sirin jeung anu séjénna.

Nomer paralayang anu ditandingkeun téh nyaéta katagori Race to Goal. Dina nomer tanding ieu, unggal atlét paralayang kudu turun di tempat anu geus ditangtukeun saméméhna (tempat tujuanana diasupkeun kana parabot GPS unggal atlét). Cenah, henteu gampang bisa turun di tempat tujuan anu ditangtukeun téh.
Nurutkeun rarancang, ieu kajawaraan téh baris dibuka kalawan resmi ku Menteri Pemuda dan Olahraga Indonesia, KMRT Roy Suryo Notodiprojo, kalawan diluuhan ku wawakil ti organisasi FASI & PGPI salaku pangaping olahraga paralayang Indonésia. Diluuhan ogé ku Gegedén Sumedang: Bupati Sumedang katut wakilna, Dr. H. Endang Sukandar jeung Adé Irawan. Teu tinggaleun masarakat umum baris loba anu ngadongdon ka ieu tempat pikeun lalajo anu keur tatanding.
(Sumber inpo Sport Max jeung Jatarupa)