Cueut Kanu Hideung, Ponténg Kanu Konéng


Bisa disebut normal atawa lumrah pikeun jalma anu milih anu konéng tibatan anu hideung, nalika dititah milih antara konéng reujeung hideung. Komo anu konéngna konéng umyang mah, pasti bakal loba milih éta. Coba waé gera, lamun dititah milih awéwé anu miboga pakulitan anu konéng (konéng umyang) reujeung anu miboga pakulitan hideung santen, loba kénéh anu milih awéwé kalawan pakulitan anu konéng.

Lamun diterapkeun kana kaayaan mah konéng téh lir ibarat anu alus, anu miboga leuleuwih. Sedengkeun anu hideung mah nuduhkeun anu goréng atawa sagala kurang (miboga kakurangan). Arék naon waé kaayaanana, naha kaayaan diri manusa (jalma) dina perkara anu katempo, atawa perkara séjénna.

Cueut kanu hideung, henteu ponteng kanu koneng
Cueut kanu hideung, henteu ponteng kanu koneng

Kecap cueut reujeung ponténg biasana mah nuduhkeun sikep. Cueut téh ngapilainkeun, ninggalkeun, ngantepkeun atawa teu maliré. Sedengkeun ari ponténg nuduhkeun leuwih loyog atawa leuwih mikaresep jeung leuwih doyong. Lamun dina wawadahan mah ponténg téh déngdék.

Cueut kanu hideung, geus jelas maksudna: ngajauhan atawa ngapilainkeun anu miboga kakurangan (anu goréng). Ponténg kanu konéng: leuwih deukeut, leuwih ngutamakeun anu leuwih alus. Sikep cueut kanu hideung jeung ponténg kanu konéng, biasana didadasaran ku nempo kaayaan lahirna. Kaayaan anu sabenerna mah henteu kudu jadi alesan cueut kanu hideung reujeung ponténg kanu konéng. Arék hideung, arék konéng, sakuduna mah dianggap atawa ditempatkeun kalawan sarua. Arék alus, arék goréng, kudu adil. Arék beunghar atawa boga jabatan (diuduhkeun ku kecap konéng), atawa arék cacah kuricak atawa jalma biasa (dituduhkeun ku kecap hideung), kudu dianggap satata.

Ulah karana kanu miskin, diculjeunkeun. Béda reujeung ka anu beunghar, mani tipoporosé narimana atawa ngahargaanana.