Aya Kélong Néwo-néwo


Salian ti jalma, anu néwo-néwo téh aya ogé tina jinis kalong (kélong). Hanjakal ieu mah lain dina harti sagemblengna. Da kecap aya kélong néwo-néwo mah lain harti saenyana. Ieu kalimah henteu miboga harti saujratna.

Sanajan dina kalimahna mah kélong anu néwo-néwo téh, tapi sabenerna mah jalma kénéh waé anu boga kalakuanana téh. Kélong anu ngilu néwo-néwo téh nuduhkeun ka jalma anu néwo-néwo ngan henteu kanyahoan (tacan apal sasahana). Ku ayana kélong néwo-néwo, ngabalukarkeun kaayaan anu sakuduna geus bérés roés, jadi pakusut atawa pabaliut deui.

Lamun aya jalma anu miboga mas’alah atawa perkara reujeung jalma deui, supaya lungsung-langsar kahirupanana, éta mas’alah téh kudu diréngsékeun atawa dibebener. Mémérés pasualan kahirupan nepikeun ka mas’alahna bérés. Sanggeus pasualan kahirupan reujeung papada jalma réngsé mah, apanan kahirupan téh bakal genah tur tumaninah.

Mas'alah
Mas’alah

Dina palebah aya kélong néwo-néwo, pasualan anu geus réngsé téh osok matak rudet deui. Mas’alah anu geus dibebener téh osok mucunghul deui. Ieu mas’alah datang deui kusabab kalakuan jalma anu henteu resepeun yén pasualan anu disinghareupan téh bisa réngsé. Éta jalma miharep mas’alahna terus aya, ngaganggu kahirupan. Ngan hanjakal jalma anu nyababkeun mas’alahna mucunghul dei téh susah katohiyanna. Susah kapanggih jinisna. Éta jalma téh bisa disebut kélongna, kélong anu néwo-néwo.

(Gambar meunang nginjeum ti us.123rf.com)

Néwo-néwo Waé


Ninggang di jalma, néwo-néwo téh mangrupakeun pasipatan anu osok ngilu-ngilu atawa hayang nyaho kana urusan jalma séjén. Lamun si A keur ngobrol atawa nguruskeun hiji hal reujeung si B, si C téh hayang nyaho atawa pipilueun waé kana urusan si A reujeung si B. Kalakuan si C ieu disebutna néwo-néwo. Komo dina hal obrolan mah, batur keur guntreng ngobrol, kalahka ngiluan némbalan. Sanajan nanyana lain ka manéhna, manéhna anu ngajawab, siga anu nanya ka manéhna waé. Jalma anu néwo-néwo téh aya anu ngahajakeun kusabab ngaheureuyan atawa ngaréwong, aya ogé anu henteu ngahaja kusabab henteu apal. Anu ngahaja ngaréwong mah anu henteu perelu ogé osok sagal diancokeun atawa diucapkeun supaya ngaganggu atawa keseleun. Sedengkeun anu henteu ngahaja mah biasana kusabab henteu apal yén aya jalma anu keur ngobrol. Samarukna batur anu keur ngobrol téh nanya ka manéhna, atuh dijawab waé ku manéhna téh. Padahal nanyana téh ka batur ngobrolna.

Newo-newo wae
Newo-newo wae

Éta lamun dina hal obrolan. Salian dina perkara obrolan (keur ngobrol), néwo-néwo téh bisa ogé dina urusan séjénna anu keur diuruskeun. Jadi néwo-néwo téh lain ngan ukur ku omongan wungkul, bisa waé ku kalakuan anu pipilueun kana urusan anu keur disanghareupan ku batur. Batur keur husu nguruskeun hiji hal reujeung jalma séjén, manéhna pipilueun. Pipilueunana biasana mah miboga pasipatan anu ngaganggu.