Nganjang ka Gunung Gadung


Saur Pa Udin (nu jaga di Gunung Palasari), salian ti di Gunung Palasari, wangunan titinggal Walanda téh aya deui di Gunung Gadung. Perenahna, aya di béh ditueun Kampung Toga. Jalanna ngaliwatan Kampung Toga. Di dituna tepangan waé Pa Ana.

Ti alun-alun muru ka Gunung Puyuh diteruskeun ka Kampung Toga, mapay jalan anu baheula kaliwatan mangsa balik Napak Tilas SMA Negeri 1 Cimalaka ti Curug Sindulang, anjog ogé ka wewengkon Desa Sukajaya. Méngkol ka kénca kusabab aya gapura anu tulisanana nuduhkeun Gunung Gadung. Sanggeus tatanya, nepi ka tungtung lembur Gunung Gadung. Mapay jalan gedé anjog ka sisi lapang méngbal anu leutik. Di sisi kéncaeun lapang aya jalan mudun. Sahandapeun lapang di sisi katuhu jalan mudun téh geningan aya wangunan dinu gawir. Wangunan anu tohaga kacida. Kandel témbokna kira-kira saméter satengah. Di hareupna aya pantoan. Lega rohangan di jerona kira-kira 2,5 x 3 méteran. Landeuheunana aya deui wangunan anu sarupa ngan leuwih gedé. Di gigireunana disambung ku témbokan anu manjang, terus melengkung nyieun wangunan satengah buleudan. Hanjakal handapna geus kasaeur ku taneuh.

Perenahna wewengkon Gunung Gadung di Sumedang
Perenahna wewengkon Gunung Gadung di Sumedang

Saméméh mulang, aya obrolan jeung urang lembur Gunung Gadung. Ngaran éta tempat téh cenah Pasirlaja. Di dinya aya dua wangunan titinggal Walanda baheula. Asalna mah jalan ka dinya téh alus, da ngaranna ogé jalan militér Walanda anu nyambungna ti wewengkon Parigi. Salian ti di Pasirlaja, aya deui wangunan titinggal Walanda anu perenahna di Pasirkolécér jeung Gunung Gadung. Pasirkolécér mah saméméh ka lembur Gunung Gadung, méngkol ka katuhu. Sedengkeun Gunung Gadung ayana di deukeuteun lembur Darmaga. Jadi di wewengkon lembur Gunung Gadung téh aya tilu tempat anu dipaké ku tangtara Walanda pikeun ngawangun wangunan militér: di Pasirlaja, Pasirkolécér jeung Gunung Gadung.

Pasir Laja & Pasir Kolécér téh Di mana?


Nurutkeun inpo anu diancokeun ku loka Informasi Wisata dan Budaya anu medalkeun tulisan kalawan dijudulan Sisa Pertahanan Belanda pada Perang Dunia I di Sumedang, cenah di Sumedang téh aya sababaraha lelewek anu dipaké ku Walanda pikeun dijadikeun tempat nyieun bénténg katut wangunan militér Walanda. Salian ti di gunung Palasari jeung Gunung Kunci, aya kénéh tempat séjénna anu dipaké ku tangtara Walanda dijadikeun tempat ngawangun wangunan militér. Sahanteuna aya tilu tempat deui, nyaéta Pasirlaja, Pasirkolécér katut bénténg Darmaga.

Cenah, wangunan anu aya di tilu lelewek éta téh diwangun dina taun 1915. Kalawan miboga mangpaat anu béda-béda. Bénténg di Pasirkolécér mah aya dua wangunan anu dipaké pikeun neundeun amunisi. Wangunanana dijieun tina beton anu aya tulangan. Ukuranana, wangunan kahiji mah 3 x 2,5 méter, sedengkeun wangunan kadua mah ukuranana 4 x 2,5 méter.

Perenahna Gunung Palasari jeung Gunung Kunci
Perenahna Gunung Palasari jeung Gunung Kunci

Ari di Pasirlaja mah aya tilu wangunan anu dijieun tina beton anu aya tulangan anu kacida wewegna. Bénténg di Pasirlaja ieu dipaké pikeun neundeun sanjata. Salian ti éta, bénténg di Pasirlaja ieu dilengkepan ku rohangan jero taneuh (bunker) anu aya jandélaan anu dipaké pikeun nalingakeun atawa ngawaskeun kaayaan dayeuh Sumedang. Salasahiji rohangan di jero bénténg di ieu tempat miboga ukuran 18 méter pasagi kalawan dilengkepan ku corobong di luhureunana. Rohangan ieu dipaké pikeun cicingna tangtara Walanda.

Bénténg séjénna aya di wewengkon Darmaga. Bénténg ieu mah wangunanana leutik. Fungsina ampir sarua reujeung bénténg di Pasirkolécér.

Jadi aya tilu wewengkon deui anu dipaké tempat ngawangun wangunan bénténg Walanda. Ngan, anu jadi masalah, di mana ayana, di mana perenahna Pasirlaja, Pasirkolécér jeung Darmaga téh?