Kaayaan Wangunan (Bénténg) di Gunung Palasari Ayeuna


Poé Ahad, 28 April 2013 pabeubeurang kabeneran aya waktu pikeun ulin. Ngahaja hayang apal kaayaan Gunung Palasari. Kabeneran meunang inpo ti Google Maps sigana mah aya jalan ti Jalan Gedé (jalan Bandung – Sumedang) anu muru ka mumunggang gunung Palasari. Sanggeus tatanya mastikeun bener henteu aya jalan ka mumunggang gunung, akhirna mah mapay jalan gede anu geus bala ku jujukutan. Atuh jalan gede teh henteu siga jalan gede wae, bakating teu ka urus. Ditambah ku garinjulna batu, matak aringgis lamun mawa kandaraan. Leuwih ngeunah keneh leumpang, bisa mapay jalan motong anu leuwih deukeut. Make kandaraan mah kudu nguriling heula.

Jalan gede anu nuju ka mumunggang gunung Palasari
Jalan gede anu nuju ka mumunggang gunung Palasari

Anjog ka mumunggangna, disampakeun témbokan anu kandel tur manjang kénca-katuhueun jalan. Minangka gapura sigana mah. Asup ka jero ngaliwatan éta témbokan, bréh waé aya wangunan manjang dina gawir. Gawir meunang ngahaja nyieun sigana mah. Wangunanana anu jangkungna kira-kira dua méteran téh manjang ka gigir. Di hareupeunana dilengkepan panto anu lobana genep siki, kalawan du kénca-katuhueun panto aya jandéla. Di jero unggal panto aya rohangan anu leuwih handap tibatan taneuh anu di hareupeun (luar) wangunan. Legana rohangan kira-kira 2 x 3 méteran, kalawan jangkungna kira-kira dua méteran. Lalangitna melengkung satengah buleudan. Dina témbok rohangan belah tukang, aya koropak rasa masagi.

Tembok minangka gapura
Tembok minangka gapura
Katerangan Selamat Datang dina tembok wangunan Wangunan Cagar Budaya 1
Katerangan Selamat Datang dina tembok wangunan Cagar Budaya 1

Wangunan ieu dibéré katerangan, Cagar Budaya 1. Saméméhna, aya plang Selamat Datang di sisi kénca ieu wangunan. Ngan hanjakal katutupan ku taneuh anu kabawa ku cai hujan. Jadi aksarana henteu pati kabaca.

Wangunan Cagar Budaya 1
Wangunan Cagar Budaya 1
Wangunan Cagar Budaya 2
Wangunan Cagar Budaya 2

Rét ka belah katuhu wangunan, aya wangunan séjén anu sarua reujeung wangunan anu bieu, ngan henteu panjang. Perenahna wangunan sarua dina gawir. Wangunan kadua ieu mah ngan ukur miboga dua lawang panto anu nandakeun di jerona aya dua rohangan. Anu hiji mah dilengkepan ku jandéla dua siki, sedengkeun anu hiji deui mah ngan ukur panto wungkul. Wangunan ieu dingaranan Cagar Budaya 2.

Wangunan Cagar Budaya 3
Wangunan Cagar Budaya 3
Wangunan Cagar Budaya 4
Wangunan Cagar Budaya 4

Saterusna, teu jauh ti wangunan kadua, aya wangunan Cagar Budaya 3, anu diwangun ku dua rohangan kalawan dua panto. Euweuh jandélaan duanana ogé. Ngan témbok sisi wangunan anu dipanjangkeun ka hareupna aya tétécéan pikeun naék ka luhureun wangunan. Maju deui ka wangunan Cagar Budaya 4 anu sarimbagan reujeung wangunan Cagar Budaya 3. Pon kitu deui reujeung wangunan saterusna, Cagar Budaya 5, sarua kénéh.

Wangunan Cagar Budaya 5
Wangunan Cagar Budaya 5
Wangunan Cagar Budaya 6
Wangunan Cagar Budaya 6

Wangunan Cagar Budaya 6, sarimbagan reujeung wangunan Cagar Budaya 2. Diwangun ku dua rohangan kalawan dua panto. Anu hiji dilengkepan ku dua jandéla, anu hiji deui mah henteu. Témbokan sisina ogé sarua henteu dilengkepan ku tétécéan.

Wangunan Cagar Budaya 7
Wangunan Cagar Budaya 7
Wangunan Cagar Budaya 8
Wangunan Cagar Budaya 8

Maju deui ka wanguna saterusna. Anjog ka wangunan Cagar Budaya 7. Ieu wangunan mah manjang sakumaha wangunan Cagar Budaya 1. Ngan jumlah rohanganana béda. Wangunan katujuh ieu mah miboga rohangan anu lobana tujuh siki. Unggal rohangan dilengkepan ku panto ditambah dua jandéla di kénca-katuhueun panto.

Wangunan saterusna, Cagar Budaya 8 diwangun ku opat rohangan kalawan dilengkepan pantona. Unggal rohangan dilengkepan ku panto, taya jandélaan.

Panto rohangan anu dilengkepan ku dua siki jandela
Panto rohangan anu dilengkepan ku dua siki jandela
Salasahiji conto rupa rohangan di jero wangunan
Salasahiji conto rupa rohangan di jero wangunan
Koropak di tembok rohangan
Koropak di tembok rohangan

Unggal rohangan sakabéh wangunan di Gunung Palasari ieu, sarimbagan: ampir sarua ukuran katut rupana. Téhel handapna aya di sahandapeun taneuh hareupeun wangunan. Teu anéh lamun keur usum hujan mah rohanganana ngeuyeumbeu ku cai hujan ti luar. Lalangitna ogé sarua, melengkung. Jangkung wangunanana oga sarua. Nyieunna ogé ngahaja sina karimbunan ku taneuh, naha arék ngahaja dirimbunan atawa nyieunna dina gawir. Atuh anu katempo téh ngan ukur témbok hareup katut panto jeung jandélana wungkul. Taneuh anu ditempatan ku wangunan téh sigana mah dikali heula supaya legok, sisi-sisina aya gawiran. Dina gawir ieu wangunan bénténg diwangun.

Nurutkeun inpo ti Pa Tajudin atawa nénéhna Pa Udin, lobana wangunan téh aya salapan. Wangunan nomer dalapan téh dua wangunan, dua kamar séwang. Nilik kana wangunanana mah bener, najan ngahiji, tapi henteu sajajar. Dua kamar wangunanana ngelok ka tukang, anu dua deui maju ka hareup. Masih kénéh saur Pa Udin, asalna mah unggal panto katut jandéla wangunan téh aya tutupan tina almeniem. Ngan hanjakal henteu nyésa hiji-hiji acan. Kabéhanana dilaanan teuing ku saha.

Anu matak hanjakal ngeunaan kaayaan wangunan di Gunung Palasari ieu, henteu kawas di Gunung Kunci. Di Gunung Palasari mah Pemda salaku anu ngokolakeunana siga anu henteu paduli. Padahal lamun dikokolakeun mah bisa waé jadi sumber beubeunangan PAD. Wangunan titinggal Walanda ieu bisa dijadikeun tempat pakanci (wisata) sajarah di Sumedang.

Pikeun anu hayang ngajugjug ka ieu tempat bisa langsung waé naék ka gunung ieu. Jalanna bisa ti belah kidul (jalan raya Bandung – Sumedang) anu mangrupa jalan gedé atawa di belah wétan di deukeuteun Gunung Kunci anu mangrupa jalan satapak.

2 thoughts on “Kaayaan Wangunan (Bénténg) di Gunung Palasari Ayeuna

  1. ieu paninggalan jaman bahela sae kacida kanggo di pelajari ku barudak ayena abeh terang paninggalan jaman bahela semoga jadi insfirasi kango urang sadayana, komo dei kanggo pemda dan penduduk satempat bisa ngajadikan pemasukan keuangan .

    Like

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s