Wisata Sajarah Gunung Kunci Sumedang


Di sisi jalan gedé anu nyambungkeun Bandung – Cirebon, di wewengkon Bebedahan Kelurahan Kota Kulon Kacamatan Sumedang Selatan dayeuh Sumedang, aya gunung leutik. Gunung leutik ieu perenahna di belah katuhueun jalan lamun keur ti Bandung ka wétankeun. Najan leutik, gunung ieu dipinuhan ku tatangkalan anu jarangkung kayaning tangkal pineus. Gunung ieu katelahna Gunung Panjunan. Ngan, pikeun urang Sumedang mah, gunung ieu téh geus kawentar ku ngaran Gunung Kunci, kusabab di hareupeun guha (luhureun lawang asup ka guha) anu aya di ieu gunung aya gambar konci.

Lawang asup ka guha benteng Walanda
Lawang asup ka guha benteng Walanda

Najan ukuranana leutik, condong disebut pasir, Gunung Kunci miboga niléy sajarah. Sababna mah di ieu Gunung aya wangunan anu tohaga minangka titinggal Walanda baheula. Di luhureun ieu gunung aya wangunan minangka bénténg pikeun nahan panarajang musuh dina mangsa Perang Dunia I. Wangunan bénténg anu gedéna mah nyamuni di jero gunung kayaning rohangan paranti cicing tangtara atawa prajurit.

Plang inpo ngeunaan benteng Walanda di Gunung Kunci
Plang inpo ngeunaan benteng Walanda di Gunung Kunci

Nurutkeun inpo anu diancokeun di ieu gunung (dina plang inpormasi), ieu bénténg téh diwangun ku Walanda dina taun 1914 nepikeun ka taun 1917 dina mangsa Sumedang diparéntah ku Bupati Pangéran Aria Soeria Atmadja (1883 – 1919). Legana wangunan bénténg ieu kurang leuwih 2.600 méter pasagi. Wangunan bénténgna aya tilu tingkat, tingkat kahijina mangrupakeun rohangan pikeun prajurit, tingkat kaduana pikeun tempat prawira. Sedengkeun lanté katiluna mangrupakeun wangunan bénténg pikeun nahan panarajang musuh anu legana 70 x 30 méter, anu nyarupaan kana wangunana motor but (boot). Panjang guha anu nyambungkeun rohangan handap jeung rohangan anu luhur, kira-kira 200 méter. Di ieu wangunan bénténg aya 17 guha beunang nyieun Walanda. Nurutkeun inpo séjénna, ieu wangunan bénténg téh diresmikeun dina taun 1918.

Wangunan benteng tingkat dua
Wangunan benteng tingkat dua

Lamun ditengetan leuwih deukeut deui, rohangan anu di jieun di jero taneuh (rohangan di jero guha) legana kurang leuwih 450 m2. Rohangan di jero taneuh ieu minangka bungker anu dikurilingan ku témbok pendék minangka bénténg anu wangunanana satengah buleudan. Di tengah-tengah ieu bénténg aya wangunan mangrupa kamar anu lumayan loba. Unggal kamar bisa dicicingan ku lima nepikeun ka tujuh urang jalma anu saré. Di luhureun wangunan kamar dirimbunan ku taneuh supaya hanteu katempo wangunanana. Sahandapeun mumunggan gunungna, aya wangunan dua lanté (tingkat). Rohangan luhur pikeun prawira, sedengkeun rohangan anu handap pikeun prajurit. Unggal kamar diwawatesanan ku témbok kacida kandelna, kira-kira 1,2 méter kandelna. Pikeun komunikasi antara hiji kamar jeung kamar séjénna, dipaké liang anu husus dijieun dina unggal témbok. Wangunan kamar di jero bénténg mangrupa rohangan anu manjang kalawan lalangitna melengkung. Di jerona ogé aya rohangan buleud anu nyamuni anu nyarupaan kana munara kalawan legana kira-kira 3 méteran. Dina wangunan anu dua lanté, aya torowongan anu panjangna 200 méter pikeun nyambungkeun kamar anu hiji jeung kamar séjénna katut panto pikeun asup ka jero bénténg. Pikeun kaluar asup hawa, sababaraha rohangan dilengkepan ku liang pikeun kaluar-asup hawa maké corobong tina beusi ka luhur.

Wangunan kamar anu aya di mumunggang gunung
Wangunan kamar anu aya di mumunggang gunung

Anu tacan jelas pisan téh, naon tujuan utamana urang Walanda nyieun bénténg di Gunung Kunci ieu? Naha bener pikeun nyanghareupan musuh ti luar dina mangsa Perang Dunia kahiji atawa lain?

Salian bénténg di Gunung Kunci, Walanda ogé nyieun bénténg di Pasirlaja, Pasirkolocér, katut Bénténg Darmaga. Nilik kana perenahna, ieu sababaraha bénténg téh ngurilingan puseur dayeuh Sumedang. Malahan anu di Gunung Kunci mah kacida nampeu pisan ka puseur dayeuh téh. Deukeut pisan ka puseur dayeuh Sumedang dibandingkeun reujeung bénténg di tempat séjénna. Salian ti éta, meriam anu diteundeun di bénténg Gunung Kunci ieu, cenah mah nyanghareup ka puseur dayeuh Sumedang pisan. Ditambah ku tempatna anu di mumunggang gunung, ti bénténg Gunung Kunci ieu bisa nalingakeun kaayaan puseur dayeuh Sumedang. Dina sakalina aya anu matak bahaya ka Walanda téh kari némbakeun meriam waé. Naha bet siga anu nyanghareupan dayeuh Sumedang….

Corobong ti wangunan jero taneuh ka mumunggang gunung
Corobong ti wangunan jero taneuh ka mumunggang gunung

Nurutkeun buku Ditioeng Méméh Hoedjan, yasana R Moh Achmad Wiriaatmadja, pikeun mantuan pamaréntah Walanda dina nyanghareupan serangan musuh, Bupati Sumedang waktu harita Pangéran Aria Soeria Atmadja (1882 – 1919) meredih ka pamaréntah Walanda supaya rahayat Sumedang dilatih widang militer. Hanjakal, pamaréntah Walanda henteu nedunan ieu paménta. Salaku jawabanana, pamaréntah Walanda ngawangun sababaraha béntén anu disebut di luhur.

Dina mangsa perang gerilya ngalawan Walanda, bénténg di Gunung Kunci ieu dipaké pikeun nyumput pajoang Indonésia. Dina waktu harita, tangtara Walanda ngagunakeun kapal ngapung F-51 Mustang pikeung ngabom bénténg di Gunung Kunci ieu. Sanajan dibom, henteu nepikeun ka aya anu jadi korban. Ngan wangunan bénténg tingkat dua wungkul anu ruksak téh.

Wangunan benteng tempat neundeun meriam
Wangunan benteng tempat neundeun meriam

Nepikeun ka ayeuna wangunan bénténg di Gunung Kunci masih kénéh ajeg jeung kapiara. Gunung Kuncina dijadikeun pangjugjugan wisata boh pikeun urang Sumedang, pon kitu deui pikeun urang luar Sumedang. Tempat anu deukeut ka puseur dayeuh Sumedang (alun-alun), gampang pikeun ngajugjugna, katambah deui kaliwatan ku jalan utama anu nyambungkeun Bandung – Cirebon. Kaayaan gunung anu linduh iuh ku tatangkalan bisa jadi tempat pikeun niis, ditambah ku pamandanganana bisa nyawang kalawan jelas dayeuh Sumedang di luhureun Gunung Kunci.

Pasilitas pikeun anu pakanci di ieu Gunung Kunci geus ditambahan ku wangunan sarana jeung prasarana anu diwangun dina taun 2006. Di hareupna diwangun gapura pikeun asup ka Gunung Kunci. Di jerona diwangun jalan leutik kalawan ditembok pikeun liliwatan anu pakanci ka panto guha benteng Gunung Kunci. Ari karcis pikeun asupna, lumayan murah. Ku jalan mayar Rp 3.000 pikeun jalma dewasa atawa Rp. 2.000 pikeun barudak, anu pakanci bisa asup ka wewengkon Gunung Kunci.

Tulisan meunang nyutat ti:

  1. Gunung Kunci
  2. Gunung Kunci
  3. Wisata Alam Gunung Kunci Sumedang, Menikmati Keindahan Alam dan Sejarah Bangsa
  4. GUNUNG KUNCI TEMPAT WISATA ALAM YANG TERLUPAKAN
  5. Berwisata ke Bekas Kerajaan Sumedang Larang
  6. Sisa Pertahanan Belanda pada Perang Dunia I di Sumedang

One thought on “Wisata Sajarah Gunung Kunci Sumedang

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s