
Naha rasa urang sarwa
Rasa nu ngancik na dada
Tetep tumetep teu cidra
Ti ajali salawasna
Ti mimiti salilana
Sapanjang implengan nyataNaha rasa urang sarwa
Sing sarwa nyéngcélak aya
Ngeusi eusining subaya
Salawasna salilana
Teu tutas ku pegat nyawa
Teu tutas ku tilar dunyaRasa melang lan hariwang
Rumasa hirup wangkelang
Rasa éta nu nyongcolang
Kumaha akibatna kasorang
Saeneng-eneng na jurang
Teu kacocéng sakalangkangRasa nandangan kapeurih
Taya ras-rasan teu nolih
Nyerina teu euih-euih
Giling gisik unggal usik
Hanjakal teu bisa balik
Keyeng mayeng taya titikNaha rasa teu ka pupus
Nyangkaruk najan teu betus
Ngagerung najan teu harus
Nyantel pageuh na tuturus
Sapanjang dedeg nu banglus
Najan baheula teu lulusKumaha jirimna rasa
Angger ngagulidag rosa
Henteu robah pegat béja
Naha rasa ilang sirna
Kasaput robah mokaha
Béda tingkah marcapada
(Gambar meunang nginjeum ti trekearth.com)