Societeit Ons Genoegen jeung Societeit Concordia


Di ahir abad ka-19, urang Walanda katut urang Éropah séjénna loba anu daratang ka dayeuh Bandung. Tujuanana ngilu usaha kana pakebonan anu keur dihangkeutkeun ku pamarentah Walanda. Atuh loba urang Éropah anu ngadon nganjrek di dayeuh Bandung.

Ku lobana urang Éropah anu ngadon cicing di Bandung harita, maranéhna ngarasa perlu tempat husus pikeun kumpul ngariung diantara maranéhna. Pikeun nedunan ieu pangabutuh, maranéhna nyieun tempat husus pikeun ngumpul, ruang-riung galumbira. Tempat pikeun ngumpul ieu waktu harita disebutna societeit (balé tempat ngumpul). Salian ti pikeun ngumpul ngariung, societeit ogé osok dipaké pikeun pikeun badami, nambahan babaturan (wawanohan) katut bisa ogé dipaké lalajo pidangan sandiwara (pikeun hiburan).

Mimitina, societeit anu ngadeg téh nyaéta Concordia (Societeit Concordia) dina taun 1870-an. Ieu societeit téh ngan bisa diiluan ku urang Eropah wungkul. Ditambah ku urang salian Eropah anu geus disaruakeun darajatna reujeung urang Eropah, atawa gegedén masarakat. Salian ti éta mah saperti urang Walanda anu pangkatna komis atawa klerk, urang Indo-Walanda henteu bisa ngiluan kana ieu societeit. Komo deui urang pribumi mah.

Societeit Concordia nyicingan tempat imah leutik di Jalan Braga kalawan nyéwa 15 gulden unggal bulanna kalawan anu boga imah sakaligus kudu jadi jongosna. Kusabab anggahota ieu societeit kacida lobana, henteu kawadahan di ieu imah, ahirna mah tempatna pindah ka imah tina papan di gigireun Hotel Homann, anu saterusna bakal jadi toko De Vries (ayeuna mah jadi Kantor Keuangan). Societeit Concordia ahirna meunang status salaku Badan Hukum dumasar kana aturan Gouverment-besluit dina ping 29 Juni 1879 No. 3. Kusabab imah tina papan di gigireun Hotel Homann ogé henteu bisa nyayagakeun tempat anu cukup pikeun anggahotana nalika midangkeun sandiwara, societeit Concordia pindah deui ka gedong anu aya di tungtung Jalan Braga (ayeuna mah disebutna Gedong Merdeka).

Gedong Societeit Concordia 1921 beunangna Wolff Schoemaker
Gedong Societeit Concordia 1921 beunangna Wolff Schoemaker

Gedong ieu dicicingan ku societeit Concordia dina taun 1890 sanggeus dibeuli tinu bogana urang Cina. Saméméhna, gedong ieu mangrupakeun gedong serba guna anu pernah dipaké dijieun Gedong Tonil Braga, tempat ngumpul Bandoengsche Landouwvereeniging, dipaké rapat, jeung dipaké hotbah agama Kristen Protéstan. Ahirna, societetit Concordia ngajadikeun ieu gedong salaku puseur kagiatanana.

Wangunan Societeit Ons Genoegen dina taun 1920
Wangunan Societeit Ons Genoegen dina taun 1920

Salian ti Societeit Concordia, aya deui anu ngaranna Societeit Ons Genoegen. Ieu societeit mah bisa diiluan ku urang Indo-Walanda atawa urang pribumi. Sakumaha societeit Concordia, ieu tempat biasa dipaké ngumpul anggahotana pikeun ngahibur diri saperti lalajo sandiwara. Baheulana di ieu gedong dilengkepan ku meja biliar, paranti maén catur, maén kartu ditambahan ku rohangan tempat dahar nginum bari ngadéngékeun lalaguan.

Ngumpul di Societeit Ons Genoegen
Ngumpul di Societeit Ons Genoegen

Gedong societeit Ons Genoegen diwangun dina taun 1920 nalika Wali Kota Bandungna dipingpin ku B. Coops. Dina taun 1930, ieu gedong diganti ku wangunan anyar kalawan undagina (arsitek) G.J. Bel nepikeun ka ayeuna, henteu robah deui. Ieu societeit pernah dipaké midangkeun sandiwara ti grup Batovis pingpinan Sutan Syahrir kalawan diluuhan ku Soekarno. Di taun 1930-an, ieu tempat biasa dipaké pikeun rapat tokoh anu bajoang pikeun ngamerdikakeun Indonésia katut ceramah pulitik.

Wangunan Societeit Ons Genoegen hasil ngawangun dina taun 1930 anu ayeuna dipake gedong YPK
Wangunan Societeit Ons Genoegen hasil ngawangun dina taun 1930 anu ayeuna dipake gedong YPK

Ayeuna, gedong urut Societeit Ons Genoegen dipaké ku Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) anu perenahna di Jalan Naripan No. 7.

Ari societeit husus pikeun urang pribumi atawa Malayu mah aya deui, ngaranna Societeit Mardi Harjo anu perenahna di Jalan Kepatihan. Di ieu tempat, biasa dipaké pikeun ngumpulna urang pribumi utamana ngumpulna para pajoang saperti Soekarno jeung nu séjénna. Teu anéh lamun ieu tempat henteu leupas tina panalingaan kulisi Walanda (PID). Ieu tempat miboga niléy sajarah jadi tempat ngawujudna organisasi Wanita Sejati anu jadi wawakil dayeuh Bandung dina Kongres Perempuan Kahiji di Yogyakarta. Di ieu tempat ogé ngajanggélékna Laskar Wanita Indonésia (Laswi) dina ping 12 Oktober 1945.

Tulisan jeung potret meunang nyutat ti:

  1. Bandung Tempo Doeloe – Sejarah Seabad Jalan Braga
  2. Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan, Jalan Naripan
  3. Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan
  4. Bangunan Cagar Budaya Bandung
  5. architectuur_societeit concordia bandoeng_ wolff schoemaker

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s