Kumaha Kaayaan Sumedang Ka Hareupna?


Salasahiji kasieun ngeunaan Sumedang ka hareupna nyaéta ayana implengan kolot anu nyebutkeun yén Sumedang téh bakal ngarangrangan. Ngarangrangan biasana mah osok dipaké sesebutan pikeun tatangkalan anu sakeudeung deui bakal paéh anu miboga ciri dangdaunan éta tangkal maruragan. Tangkal anu ngarangrangan mah daunna purutul maruragan, tungtungna paéh. Sumedang ngarangrangan ogé sigana mah henteu jauh tina kaayaan tatangkalan anu ngarangrangan. Sumedang anu tadina ramé, bakal tiiseun. Tiiseun kusabab ditinggalkeun ku pangeusina atawa kusabab hal séjénna. Implengan ieu téh saméméhna mah tacan kasawang kumaha-kumahana. Da taya perkara/hal anu bisa nyababkeun yén Sumedang téh bakal ngarangrangan.

Kuayana poroyek jalan tol Cisumdawu (Cileunyi – Sumedang – Ciséwu), ngeunaan Sumedang ngarangrangan téh mucunghul deui. Jalan tol Cisumdawu bakal jadi jalan utama anu nyambungkeun dayeuh Bandung katut jalan tol Purbaleunyi ka wewengkon Majalengka, anu ka hareupna bakal diwangun Bandar Udara Kertajati. Atuh ka hareupna mah kandaraan anu biasa ngaliwat ka dayeuh Sumedang téh bakal parindah maraké jalan tol, anu tangtuna ogé bakal leuwih gancang nepina. Kandaraan lolobana bakal maraké jalan tol tibatan ngaliwatan jalan biasa. Sakumaha anu geus papada dipikanyaho, Sumedang téh lain tempat pangjugjugan jalma ti wewengkon séjén. Sumedang mah leuwih condong dipaké tempat lalar liwat jalma anu ti wétan (wewengkon Cirebon jeung saterusna) ka kulon (wewengkon Bandung jeung saterusna) atawa sabalikna. Jadi jarang urang luar Sumedang anu ngahaja datang ngajugjug ka Sumedang. Dibandingkeun reujeung wewengkon séjén anu loba jugjugeun, Sumedang mah leuwih saeutik jugjugeunana. Jugjugeun anu dipimaksud biasana mah tempat wisata, tempat pakanci.

Sumedang
Sumedang

Atuh nalika aya jalan anu bisa disorang kalawan leuwih alus jeung leuwih gancang tibatan jalan anu biasa, tangtuna ogé bakal parindah ka jalan anu anyar. Komo deui nempo kaayaan ayeuna, jalan biasa anu muru ka Sumedang, naha di belah wétan (Cirebon) atawa belah kulon (Bandung), kaayanana kacida pikawatireunana. Kakara ogé dialusan, geus barolong deui. Matak ripuh kanu ngalaliwat ka jalan di Sumedang. Hal ieu beuki ngarojong ka anu maraké kandaraan pikeun parindah ka jalan tol anu keur diwangun.

Ieu kaayaan lamun henteu diungkulan, mangsa jalan tol geus jadi, anu lalar liwat téh moal ngaliwat ka dayeuh Sumedang deui. Kandaraan anu biasa ngaliwatan Sumedang moal ngaliwat deui ka dayeuh Sumedang. Anu ahirna, Sumedang bakal jadi tiiseun ku jalma-jalma luar Sumedang. Usaha jualan (dagang) anu ngandelkeun nu melina urang luar Sumedang bakal ngurangan atawa nyirorot.

Salasahiji usaha anu dipaju ku pamaréntah Sumedang, nyaéta ngusahakeun nyieun panto tol di sababaraha tempat anu sakirana piraméeun, saperti Tanjungsari, Cimalaka, jeung tempat séjénna. Ngan naha usaha ieu bakal hasil atawa gagal? Kari nempo waé engké kumaha hasilna. Cara séjénna anu bisa jadi andelan nyaéta Sumedang Puseur Budaya Sunda (SPBS). Lamun hal ieu jadi kanyataan, Sumedang lain ngan ukur jadi tempat sisimpangan wungkul. Bisa jadi ka hareupna mah Sumedang jadi tempat pangjugjugan kusabab ngajugjug puseurna Budaya Sunda. Hanjakal nepi ka ayeuna, SPBS téh tacan ngajanggélék jadi wujud anu nyata.

 
 

1 thoughts on “Kumaha Kaayaan Sumedang Ka Hareupna?

  1. I simply couldn’t leave your web site before suggesting that I actually loved the usual info an individual supply on your guests? Is gonna be back steadily in order to investigate cross-check new posts

    Like

Tunda talatah