Sakolébatan Ngeunaan Sajarah Sumedang


Ceuk inpo anu geus remen jeung biasa kadéngé, kecap Sumedang téh asalna tina kalimah Insun Medal Insun Madangan. Ieu kecap téh miboga harti kaula lahir kaula nyaangan. Ieu kalimah téh dikedalkeun ku Prabu Tajimaléla salaku Raja Sumedang Larang I nalika ningal langit caang ku cahya anu melengkung kawas maléla kalawan noron tilu poé tilu peuting. Nurutkeun inpo séjénna, Sumedang téh dicokot tina kecap Su jeung Medang. Kecap anu hartina alus atawa éndah, sedengkeun kecap Medang mangrupakeun ngaran tangkal Litsia Chinensis anu loba jaradi di wewengkon anu luhur saperti wewengkon Sumedang. Ayeuna mah ngaran tangkal ieu téh leuwih dipikawanoh ku ngaran tangkal huru.

Lambang Sumedang Motekar
Lambang Sumedang Motekar

Saméméh jadi Karajaan Sumedang Larang ieu karajaan téh ngaranna Karajaan Témbong Agung anu diadegkeun ku Prabu Guru Aji Putih di Citémbong Girang Ganéas dina taun 678 Maséhi. Saterusna, puseur dayeuhna dipindahkeun ka Leuwi Hideung Darmaraja. Sanggeus rajana diganti ku Prabu Tajimaléla dina taun 721 Maséhi anu mangrupakeun katurunan Prabu Guru Aji Putih, Karajaan Témbong Agung dirobah jadi Karajaan Sumedang Larang (Larang = taya babandinganana). Karajaan Sumedang Larang kacida nyongcolangna nalika dipingpin ku Prabu Geusan Ulun (1578 – 1601 M).

Dina ping 22 April 1578 M, Karaton Kutamaya Sumedang Larang kadatangan Kandaga Lanté anu dipingpin ku Sanghiyang Hawu atawa Jaya Perkosa, Batara Dipati Wiradijaya (Nganganan), Sanghiyang Kondanghapa jeung Batara Pancar Buana Térong Péot anu ditarima ku Pangéran Santri jeung Ratu Pucuk Umun. Ieu rombongan utusan Karajaan Sunda Pajajaran téh seja masrahkeun Pusaka Pajajaran katut alas parabon ka pangawasa Sumedang Larang minangka lambang kakawasaan Pajajaran. Ku hal ieu, Karajaan Sumedang Larang diistrénan jadi karajaan anu neruskeun kakawasaan Karajaan Sunda Pajajaran anu geus teu miboga kakawasaan deui kusabab diserang ku Karajaan Banten.

Teu lila ti harita, Pangéran Angkawijaya (Pangéran Kusumadinata II) diistrénan jadi raja Sumedang Larang kalawan miboga gelar Prabu Geusan Ulun. Ku runtagna Karajaan Pajajaran dina taun 1579 kalawan diteruskeun ku Karajaan Sumedang Larang, salian jadi raja Karajaan Sumedang Larang, Prabu Geusan Ulun sakaligus jadi pangawasa wewengkon urut kakawasaan Karajaan Pajajaran. Wewengkon kakawasaan Karajaan Sumedang Larang jadi ngalegaan, ti kulonna mimiti walungan Cisadané nepikeun ka walungan Cipamali di tatar wétanna.

 
 

(Meunang nyutat ti slideshare)

One thought on “Sakolébatan Ngeunaan Sajarah Sumedang

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Robih )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Robih )

Connecting to %s