Kaayaan Wangunan (Bénténg) di Gunung Palasari Ayeuna


Poé Ahad, 28 April 2013 pabeubeurang kabeneran aya waktu pikeun ulin. Ngahaja hayang apal kaayaan Gunung Palasari. Kabeneran meunang inpo ti Google Maps sigana mah aya jalan ti Jalan Gedé (jalan Bandung – Sumedang) anu muru ka mumunggang gunung Palasari. Sanggeus tatanya mastikeun bener henteu aya jalan ka mumunggang gunung, akhirna mah mapay jalan gede anu geus bala ku jujukutan. Atuh jalan gede teh henteu siga jalan gede wae, bakating teu ka urus. Ditambah ku garinjulna batu, matak aringgis lamun mawa kandaraan. Leuwih ngeunah keneh leumpang, bisa mapay jalan motong anu leuwih deukeut. Make kandaraan mah kudu nguriling heula.

Jalan gede anu nuju ka mumunggang gunung Palasari
Jalan gede anu nuju ka mumunggang gunung Palasari

Anjog ka mumunggangna, disampakeun témbokan anu kandel tur manjang kénca-katuhueun jalan. Minangka gapura sigana mah. Asup ka jero ngaliwatan éta témbokan, bréh waé aya wangunan manjang dina gawir. Gawir meunang ngahaja nyieun sigana mah. Wangunanana anu jangkungna kira-kira dua méteran téh manjang ka gigir. Di hareupeunana dilengkepan panto anu lobana genep siki, kalawan du kénca-katuhueun panto aya jandéla. Di jero unggal panto aya rohangan anu leuwih handap tibatan taneuh anu di hareupeun (luar) wangunan. Legana rohangan kira-kira 2 x 3 méteran, kalawan jangkungna kira-kira dua méteran. Lalangitna melengkung satengah buleudan. Dina témbok rohangan belah tukang, aya koropak rasa masagi.

Tembok minangka gapura
Tembok minangka gapura
Katerangan Selamat Datang dina tembok wangunan Wangunan Cagar Budaya 1
Katerangan Selamat Datang dina tembok wangunan Cagar Budaya 1

Wangunan ieu dibéré katerangan, Cagar Budaya 1. Saméméhna, aya plang Selamat Datang di sisi kénca ieu wangunan. Ngan hanjakal katutupan ku taneuh anu kabawa ku cai hujan. Jadi aksarana henteu pati kabaca.

Wangunan Cagar Budaya 1
Wangunan Cagar Budaya 1
Wangunan Cagar Budaya 2
Wangunan Cagar Budaya 2

Rét ka belah katuhu wangunan, aya wangunan séjén anu sarua reujeung wangunan anu bieu, ngan henteu panjang. Perenahna wangunan sarua dina gawir. Wangunan kadua ieu mah ngan ukur miboga dua lawang panto anu nandakeun di jerona aya dua rohangan. Anu hiji mah dilengkepan ku jandéla dua siki, sedengkeun anu hiji deui mah ngan ukur panto wungkul. Wangunan ieu dingaranan Cagar Budaya 2.

Wangunan Cagar Budaya 3
Wangunan Cagar Budaya 3
Wangunan Cagar Budaya 4
Wangunan Cagar Budaya 4

Saterusna, teu jauh ti wangunan kadua, aya wangunan Cagar Budaya 3, anu diwangun ku dua rohangan kalawan dua panto. Euweuh jandélaan duanana ogé. Ngan témbok sisi wangunan anu dipanjangkeun ka hareupna aya tétécéan pikeun naék ka luhureun wangunan. Maju deui ka wangunan Cagar Budaya 4 anu sarimbagan reujeung wangunan Cagar Budaya 3. Pon kitu deui reujeung wangunan saterusna, Cagar Budaya 5, sarua kénéh.

Wangunan Cagar Budaya 5
Wangunan Cagar Budaya 5
Wangunan Cagar Budaya 6
Wangunan Cagar Budaya 6

Wangunan Cagar Budaya 6, sarimbagan reujeung wangunan Cagar Budaya 2. Diwangun ku dua rohangan kalawan dua panto. Anu hiji dilengkepan ku dua jandéla, anu hiji deui mah henteu. Témbokan sisina ogé sarua henteu dilengkepan ku tétécéan.

Wangunan Cagar Budaya 7
Wangunan Cagar Budaya 7
Wangunan Cagar Budaya 8
Wangunan Cagar Budaya 8

Maju deui ka wanguna saterusna. Anjog ka wangunan Cagar Budaya 7. Ieu wangunan mah manjang sakumaha wangunan Cagar Budaya 1. Ngan jumlah rohanganana béda. Wangunan katujuh ieu mah miboga rohangan anu lobana tujuh siki. Unggal rohangan dilengkepan ku panto ditambah dua jandéla di kénca-katuhueun panto.

Wangunan saterusna, Cagar Budaya 8 diwangun ku opat rohangan kalawan dilengkepan pantona. Unggal rohangan dilengkepan ku panto, taya jandélaan.

Panto rohangan anu dilengkepan ku dua siki jandela
Panto rohangan anu dilengkepan ku dua siki jandela
Salasahiji conto rupa rohangan di jero wangunan
Salasahiji conto rupa rohangan di jero wangunan
Koropak di tembok rohangan
Koropak di tembok rohangan

Unggal rohangan sakabéh wangunan di Gunung Palasari ieu, sarimbagan: ampir sarua ukuran katut rupana. Téhel handapna aya di sahandapeun taneuh hareupeun wangunan. Teu anéh lamun keur usum hujan mah rohanganana ngeuyeumbeu ku cai hujan ti luar. Lalangitna ogé sarua, melengkung. Jangkung wangunanana oga sarua. Nyieunna ogé ngahaja sina karimbunan ku taneuh, naha arék ngahaja dirimbunan atawa nyieunna dina gawir. Atuh anu katempo téh ngan ukur témbok hareup katut panto jeung jandélana wungkul. Taneuh anu ditempatan ku wangunan téh sigana mah dikali heula supaya legok, sisi-sisina aya gawiran. Dina gawir ieu wangunan bénténg diwangun.

Nurutkeun inpo ti Pa Tajudin atawa nénéhna Pa Udin, lobana wangunan téh aya salapan. Wangunan nomer dalapan téh dua wangunan, dua kamar séwang. Nilik kana wangunanana mah bener, najan ngahiji, tapi henteu sajajar. Dua kamar wangunanana ngelok ka tukang, anu dua deui maju ka hareup. Masih kénéh saur Pa Udin, asalna mah unggal panto katut jandéla wangunan téh aya tutupan tina almeniem. Ngan hanjakal henteu nyésa hiji-hiji acan. Kabéhanana dilaanan teuing ku saha.

Anu matak hanjakal ngeunaan kaayaan wangunan di Gunung Palasari ieu, henteu kawas di Gunung Kunci. Di Gunung Palasari mah Pemda salaku anu ngokolakeunana siga anu henteu paduli. Padahal lamun dikokolakeun mah bisa waé jadi sumber beubeunangan PAD. Wangunan titinggal Walanda ieu bisa dijadikeun tempat pakanci (wisata) sajarah di Sumedang.

Pikeun anu hayang ngajugjug ka ieu tempat bisa langsung waé naék ka gunung ieu. Jalanna bisa ti belah kidul (jalan raya Bandung – Sumedang) anu mangrupa jalan gedé atawa di belah wétan di deukeuteun Gunung Kunci anu mangrupa jalan satapak.

Bénténg Titinggal Tangtara Walanda di Gunung Palasari


Gunung Palasari mah pagigir-gigir reujeung Gunung Kunci téh, ngan kahalangan ku jalan gedé anu nyambungkeun dayeuh bandung reujeung Cirebon. Lamun dibandingkeun reujeung Gunung Kunci, Gunung Palasari mah leuwih jangkung reujeung leuwih lega wewengkonna. Sanajan kitu sabenerna mah duanana ogé tacan cukup lamun kudu disebut gunung mah. Leuwih cocogna disebut pasir (gunung leutik). Jangkungna gunung Palasari kira-kira 645 méter tina beungeut cai laut, sedengkeun legana nepikeun ka genep héktaran. Ieu gunung kaasup wewengkon Kelurahan Pasanggaran, anu anggangna kira-kira sakilo méter ti puseur dayeuh Sumedang.

Ayeuna gunung Palasari téh mangrupakeun leuweung anu ditangtayungan (hutan lindung), anu mibanda ngaran Taman Hutan Rakyat (Tahura) kalawan dikokolakeun ku Pemda Sumedang ngaliwatan Dinas Kehutanan dan Perkebunan. Ari saméméhna mah (saméméh taun 2011), wewengkon gunung Palasari téh dikokolakeun ku Kahutanan (Perhutani). Teuing naon alesanana tanggung jawabna ngokolakeunana bet dipindahkeun.

Baheulana, cenah gunung Palasari téh pernah dipaké ku tangtara Walanda pikeun dijadikeun tempat nyumput tangtara. Di mumunggang gunung Palasari diwangun bénténg mangrupa sababaraha hiji wangunan. Nurutkeun inpo ti jumlah wangunan anu diwangun ku tangtara Walanda di mumunggang gunung Palasari téh aya dalapan wangunan. Ieu wangunan téh diwangun kira-kira dina taun 1913 nepikeun ka taun 1917. Wangunanana dijieun tina beton, anu témbokna lumayan kandel. Dalapan wangunan éta diperenahna kalawan ngariung, ngurilingan puncerna gunung Palasari. Kadalapan wangunan éta diperenahkeun henteu pati aranggang. Tina dalapan wangunan ieu aya 27 rohangan kalawan dilengkepan ku panto sasiki séwang. Sababaraha rohangan aya anu dilengkepan ku jandéla leutik di gigireun panto. Unggal rohangan dilengkepan ogé ku liang paranti kaluar asup hawa. Kusabab perenahna gunung Palasari anu teu pati jauh ti tangsi tangtara Walanda anu ayeuna dipaké Markas Kodim 0610, cenah ieu bénténg téh sigana mah dipaké pikeun neundeun mesiu. Salian ti éta, kusabab gunung Palasari mah lumayan jangkung, bisa ogé digunakeun ku tangtara Walanda pikeun pos observasi.

Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari
Salasahiji wangunan titinggal Walanda di Gunung Palasari

Inpo meunang nyutat ti:

  1. Benteng Gunung Palasari Sumedang
  2. Sisa Pertahanan Belanda Pada Perang Dunia I

28 April 2013, HijabersSumedang Diresmikeun


Kalawan ngagunakeun tempat di Orchid Cafe, dina poé Ahad ping 28 April 2013, HijabersSumedang diresmikeun ngadegna jadi Komunitas Hijabers di Sumedang. Dihadiran ku sababaraha urang tamu ondangan, nu ngeusi acara, pamilon dina pasanggiri Kreasi Hijab, katut anu nongton séjénna, acara dimimitian dina jam salapan isuk-isuk. Acara anu dipintonkeun dina raraga ngaresmikeun ieu komunitas, lumayan mundel. Aya acara ngaguar jujutan Juragan Tempe (Tempe Gila) ti mimiti bajoang kumaha supaya bisa sukses nepikeun ka ngahasilkeun untung katut omsét anu mucekil.

Kang Lucky Nurrobby nuju ngeusi acara
Kang Lucky Nurrobby nuju ngeusi acara

Kang Lucky Nurrobby salaku nu boga usaha Tempe Gila mintonkeun carita/sajarah jujutanana/asal nepikeun ka bisa sukses, kalawan diémbohan ku gunem catur (tanya jawab) reujeung anu hadir. Anu hadir bisa meunangkeun élmu kumaha supaya bisa suksés sakumaha suksésna produk Tempe Gila. Salian dieusi ku Kang Lucky, sabenerna mah acara ieu ogé bakal dieusi ku Téh Herna Zein anu mintonkeun ngeunaan Make-Over Hijab. Ngan hanjakal, Téh Hérna Zein aya wagelan anu henteu bisa ditunda.

Acara hiburanana, aya milih jawara Kreasi Hijab tina 20 urang anu lulus kana babak final jadi pinunjul kahiji nepikeun pinunjul kalima. Disambung ku pintnonan ti Rename Band anu salasahiji laguna jadi Sound Track pilem Surat Kecil Untuk Tuhan. Disambung ku nongton pilem Surat Kecil Untuk Tuhan kalawan babarengan.

Atuh, Wilujeng ka HijabersSumedang, mudah-mudahan ka payunna sing janten Komunitas anu seueur mangpaatna hususna kanggo anggahotana, atuh kanggo masarakat Sumedang umumna.

Pawéy Sumedang Motékar 2013


Runtuyan acara miéling milangkala Sumedang anu ka-435 ditutup ku acara karnaval atawa pawéy/iring-iringan budaya. Ieu pawéy dilumangsungkeun dina poé Ahad, ping 28 April 2013 kamari. Karnaval diiluan ku 2.560 urang jalma anu dibagi jadi 64 grup. Pawéyna anu dimimitian dina jam salapan isuk-isuk téh kakara réngsé dina jam hiji pabeubeurang. Jalan anu dipaké pawéyna nyaéta Jalan Prabu Geusan Ulun ti mimiti parapatan Apoték Pajaji nepikeun ka Alun-alun Sumedang anu panjangna kira-kira sakilo méter.

Makuta Binokasih
minangka Makuta Binokasih

Anu ngiluan ngaleut ngeungkeuy ngabandaleutna téh diantarana waé wawakil ti 26 kacamatan, barudak sakola ti mimiti PAUD nepikeun ka mahasiswa, pangusaha jeung golongan masarakat séjénna. Anu pawéy téh mintonkeun rupa-rupa kasenian jeung budaya anu jadi has Sumedang, saperti Tarawanga, génggong, tari umbul-umbul, pencak silat, kuda rénggong jeung kuda lumping. Aya ogé anu mintonkeun hasil/produk usaha ékonomi di Sumedang saperti batik jeung ukiran tina kai katut aanyaman awi. Ieu pawéy ogé diiluan ku mahasiswa IPDN (Institut Pegawai Dalam Negeri) Jatinangor anu mintonkeun kasenian sisingaan.

Kasenian Kuda Renggong
Kasenian Kuda Renggong

Sakumaha jejer miéling milangkala Sumedang anu ka-435 ieu, Sumedang Motékar, dina pawéy ieu anu ngiluan pawéy kudu mintonkeun barang-barang hiasan anu dijieun tina barang-barang urut. Hiasan saperti hiasan makuta Binokasih, barang-barang pikeun ngarias mobil anu diilukeun kana pawéy, jeung anu hiasan séjénna, dijieun tina barang-barang urut.

Kuda Lumping
Kuda Lumping
Sisingan ti mahasiswa IPDN
Sisingan ti mahasiswa IPDN

Inpo jeung poto meunang nyutat ti:

  1. Gelaran Karnaval Motekar Berlangsung Meriah
  2. Meriah Karnaval Barang Bekas Tutup HUT Sumedang
  3. @inposumedang

Mikawanoh Komunitas


Komunitas mangrupakeun ngaran pikeun kumpulan sababaraha urang jalma anu miboga kahayang atawa pangresep anu sarua. Komunitas bisa disebut ogé paguyuban. Sababaraha urang jalma, bisa dua urang atawa leuwih anu miboga pangaresep anu sarua bisa maheutkeun tali reureujeungan ku jalan nyieun komunitas atawa paguyuban. Jadi dadasar anu nyababkeun ayana hiji komunitas atawa paguyuban kusabab pangaresep atawa kahayang anu sarua. Najan mimitina ngan saeutikan (misalna ngan dua urang), ku nyérélékna waktu bisa nambahan anggahota komunitasna.

Komunitas
Komunitas

Ka dieunakeun, anu ngaranna komunitas téh kacida mahabuna, utama pikeun entragan budak ngora. Sanajan ngan ukur saeutikan, henteu jadi halangan pikeun ngamimitian dina nyieun hiji komunitas. Nu penting mah anu ngiluanana miboga pangaresep anu sarua. Henteu jadi halangan najan pangaresepna téh ngan ukur heureuy wungkul atawa teu pira.

Nurutkeun pamanggih Vanina Delobelle (dicutat ti blog Pendidikan Psikologi), anu ngaran komunitas atawa paguyuban téh diwangun ku opat rupa pangrojong, nyaéta:

  1. Ayana komunikasi jeung kahayang pikeun babagi diantara anggahotana katut silih tulungan.
  2. Ayana tempat anu saluyuan kalawan babarengan pikeun tepung lawung.
  3. Kabiasaan, nyaéta anggahotana datang kalawan rutin dina waktu anu tangtu.
  4. Naratas ngeunaan hiji perkara anu satuluyna baris diiluan ku anggahota séjénna.

Masih kénéh nurutkeun Vanina Delobelle, komunitas atawa paguyuban miboga papagon sorangan, nyaéta:

  1. Silih béré jeung silih tulungan diantara anggahotana.
  2. Komunikasi, diantara anggahota komunitasna silih jawab dina komunikasina.
  3. Jujur, ngajauhan pasipatan linyok bohong. Sakali waé saurang anggahotana kanyahoan ngabohong, bakal ditinggalkeun.
  4. Nembrak, euweuh anu disamunikeun ti anggahota séjénna.
  5. Ilu biung, unggal anggahotana ilu biung kana kagiatan atawa acara anu diayakeun ku komunitas.

Nilik kana sabab musabab anu ngarojong kana diadegkeunana komunitas, henteu anéh lamun ayeuna komunitas téh kacida lobana. Loba komunitas anu ngahaja diadegkeun pikeun wadah ngumpul reujeung babaturan anu miboga pangaresep anu sarua.

(Gambar meunang nginjeum ti blogspot.com)