Parako mah henteu aya pakaitna reujeung para sakumaha paraseuneu. Parako mah ayana lain di luhur tapi di handap. Parako bisa disebut ogé wadah hawu. Parako téh tempat di dapur paranti neundeun hawu.

Parako téh wangunanana mah biasana kotak atawa pasagi. Baheula mah dijieunna tina papan kai. Di lolongkrang tengah kotak dieusi ku lebu atawa keusik. Jangkungna biasana mah sina lébér reujeung tungtung luhur papan kai (sina rata reujeung papan kai anu ngawengkuna). Di luhureun lebu di tengah-tengah kotak parako kakara diteundeunan hawu. Anggangna sisi hawu reujeung parako mah bébas, ngan ulah deukeut teuing bisi parakona kaduruk nalika seuneuna ngadahdaran (seuneu di hawu ngabebela). Bisa waé anggangna sajeungkal ramo leungeun.
Sababaraha mangpaat parako nyaéta kahijina mah ngajaga seuneu supaya henteu ngarambat atawa nyebar kana papan/palupuh imah panggung anu bisa nyababkeun imah kahuruan. Ku jalan aya parako, seuneu téh ngan ukur aya di jero jeung deukeuteun hawu wungkul. Kaduana supaya lebu beunang ngadurukan suluhna henteu ayang-anyangan. Lebuna bakal ngumpul di deukeuteun hawu da kahalangan ku parako anu ngawengku hawu.
aduuh, ngga ngerti bahasanya 😦
LikeLike
Maaf ya jadi sulit untuk memahami/mengertinya. Soalnya blog ini kebetulan menggunakan Bahasa Sunda
LikeLike
Oh nembe terang, sugan teh teu aya namian eta pembatas teh.
LikeLike
Di lembur mah biasana disebatna teh Parako….
LikeLike
Ngan terang hawu, suluh, songsong, sareng jojodogna weh. Sapaket berarti nya jeung parako teh. 😀
LikeLike
Muhun sapaket…
LikeLike
parako teh sanes na para-para luhureun hawu , paranti nyimpen barang kaperluan dapur ???
LikeLike
Eta mah namina paraseuneu Kang…
LikeLike