Paraseuneu


Di pawon atawa dapur, osok aya tempat di luhureun hawu pikeun teuteundeunan. Ieu tempat osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu dihaneutan atawa digarang. Ieu tempat disebutna téh paraseuneu.

Paraseuneu di luhureun hawu
Paraseuneu di luhureun hawu

Nilik kana ngaranna mah ampir sarua reujeung para, anu aya di luhureun imah handapeun hateup. Ngan anu ngabédakeunana nyaéta anu tadi téa: paraseuneu mah osok dipaké pikeun teuteundeunan barang atawa dahareun anu perlu hawa haneut atawa panas. Salian ti éta téh, dijieunana ogé di luhureun hawu (luhureun seuneu di hawu).

Dina paraseuneu biasana mah osok jadi tempat pikeun neundeun hasil tatanén anu baris dijadikeun bibit pepelakan kayaning jagong, siki cabé, suuk, kacang taneuh, siki waluh jeung siki bonténg. Bisa ogé dijadikeun pikeun ngagarang dahareun supaya awét lila (hadareun jadi garing). Salian ti dahareun, aya ogé pikeun teuteundeunan wawadahan kayaning boboko jeung nyiru supaya garing henteu katiisan.

Ngigelan Jaman atawa Diigelan ku Jaman?


Ngigel atawa ngibing teu bisa leupas tina anu diigelanana. Ngigel biasana mah osok dipirig ku tatabeuhan. Dina ngigel kudu nurut kana tatabeuhanana. Dina pakaitna antara tatabeuhan reujeung ngigel, aya hal anu jadi pangbébéda. Tatabeuhan henteu gumantung kana ngigel, sedengkeun ngigel biasana mah gumantung kana tatabeuhan. Tatabeuhan tetep bisa dilakonan sanajan taya anu ngigelan. Sabalikna, ngigel henteu dibarengan ku tatabeuhan, asa henteu puguh alang ujurna (ngigel kudu dibarengan ku tatabeuhan). Ngigel lain ngan ukur dibarengan atawa dipirig ku tatabeuhan wungkul, tapi ogé ngigel kudu sarua atawa sarimbagan reujeung tatabeuhanana. Ngigel kudu sawirahma reujeung tatabeuhanana salaku anu diigelanana.

Gambaran barudak keur diajar ngigel
Gambaran barudak keur diajar ngigel

Jaman kiwari, lain ngan ukur tatabeuhan wungkul anu diigelan téh. Supaya bisa tetep aya janggélékna (eksistensina), kudu bisa ngigelan naon anu keur lumangsung ayeuna. Supaya dianggap aya jeung henteu tinggaleun jaman, kudu bisa ngigelan jaman anu keur lumangsung. Ayeuna jaman modéren, kudu bisa ngigelan kana modérenna jaman. Ulah nepikeun ka tinggaleun ku jaman anu beuki maju. Lamun henteu bisa ngigelan jaman, bakal kasingsalkeun, bakal ditinggalkeun ku batur.

Kumaha lamun miboga kahayang anu sabalikna, hayang diigelan ku jaman? Ieu kahayang leuwih hadé jeung payus, supaya henteu kapalidkeun (kabawa palid) ku jaman. Anu ngaranna ngigelan, pasti waé kudu nurut kana naon anu diigelanana. Lamun ngigelan jaman, hartina anu miboga kakawasaan téh jaman. Sabalikna lamun diigelan jaman, hartina jaman anu ngiluan, kumaha ceuk anu diigelanana.

Ngan hanjakal, jaman anu keur lumangsung téh teu apal saha anu ngadalikeunana. Jadi teu sagawayah bisa ngadalikeun jaman. Béh dituna, moal bisa ngadalikeun jaman anu keur lumangsung ayeuna. Kacida beuratna lamun hayang ngadalikeun jaman, komo teu boga kakawasaan mah.

Anu bisa dipigawé mah nyaéta anu tadi, ngigelan jaman supaya ulah tinggaleun jaman jeung bisa katangar yén masih kénéh aya janggélékna. Sanajan kudu ngigelan jaman, tetep ulah poho kana purwadaksina.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Cul Dog-dog Tinggal Igel


Keur husu mah geningan poho kana nanaon. Sok padahal éta téh pira, ngan ukur pésbukan. Pésbukan téh dibawa anteng mah tara karasa, pangpangna teu karasa méakeun waktu. Najan dina waktuna keur gawé ogé, teu nolih kana pagawéan anu sakuduna dipaju, angger waé pésbukan mah henteu bisa tinggaleun. Hanca deui, hanca deui pésbukan. Unggal poé tara tinggaleun kana pésbukan téh. Asana téh henteu apdol lamun sapoé henteu pésbukan.

Pesbukan
Pesbukan

Saleuheung lamun di luareun jam pacabakan mah, da ieu mah geningan dina waktuna digawé ogé, teu leupas tina neuteup pésbuk. Pésbukan deui, pésbukan deui. Teuing kumaha atuh jujutanana, bet resep-resep teuing kana pésbukan téh. Da asalna mah biasa-biasa waé, teu pati teuing kabongroy.

Lamun diitung-itung mah geningan, waktu gawé téh lolobana mah dipaké pikeun pésbukan. Pacabakan anu utamana mah henteu dipiroséa. Ngan untung waé ayeuna mah keur kabeneran nyalsé. Pacabakan acan aya anu nampeu deui.

Angger waé kétang waktu gawé mah kuduna dipaké pikeun gawé.