Sosompang jeung Sorondoy


Sakurilingeun imah téh biasana mah osok aya panyawéran. Tempat anu aya di handapeun hateup luareun imah saméméh ontob. Tempat lamun dina nalika kaayaan hujan téh osok bisa dipaké ngiuhan. Lamun kaayaan hujan, jalma anu kahujanan osok ngadon ngiuhan di panyawéran. Pon kitu deui ingu-inguna kayaning hayam, meri osok ngilu ngiuhan di panyawéran. Lumayan bisa ngahalangan hujan henteu ninggang kana awak. Ngan nalika hujan gedé katut dibarung ku angin, panyawéran téh henteu salawasna bisa dipaké pikeun ngiuhan. Da osok kasawéran ku cai hujan anu katebak ku angin.

Sosompang
Sosompang

Ieu panyawéran téh osok aya anu dipanjangan supaya tempat anu uihna leuwih lega. Panyawéran téh ditumbu hateupna kalawan maké usuk, eréng katut ditutupan hateup (kenténg). Pikeun nahan beungbeurat tumbu hateup ieu biasana mah dilengkepan ku tihang. Lamun geus ditumbu mah hateupna, jadi aya lolongkrang pikeun ngiuhan anu leuwih lega. Ieu hateup tambahan atawa tumbu téh biasana mah disebutna sosompang. Di wewengkon séjén mah aya anu nyebut ku kecap sorondoy.

Sosompang biasana mah dijieunna di gigir atawa tukangeun imah. Tara aya anu ngadon nyieun sosompang di hareupeun imah. Sosompang téh loba pisan mangpaatna pikeun anu boga imah. Salian ti bisa dipaké pikeun ngiuhan, ogé bisa dijadikeun tempat teuteundeunan kayaning suluh meunang ngala ti kebon/leuweung; neundeun paparabotan jeung wawadahan kayaning dingkul, nyiru jeung pacul; pikeun neunden popoéan nalika hujan; nyieun tempat ngasakan kadaharan (hawu); atawa tempat digawé nalika hujan; pikeun teuteundeunan hasil tatanén; jeung pikeun teuteundeunan anu séjénna.

Ciri sosompang mah biasana ngan ukur aya iuh-iuhan wungkul (hateup). Ari gigirna mah euweuh kikidingan. Sosompang mah diantepkeun sina ngageblong katempo ti luareun imah. Handapna ogé biasana mah diantepkeun sina diamparan taneuh, henteu dialasan maké amparan nanaon. Atuh saha waé jeung naon waé bisa gampang pikeun cicing di sosompang pikeun ngadon ngiuhan.

Basa Sunda


Lagu: Basa Sunda
Haleuang: Iin Parlina Bimbo
Rumpaka:

Lagu Basa Sunda ku Iin Parlina Bimbo
Lagu Basa Sunda ku Iin Parlina Bimbo

Deudeuh teuing Basa Sunda
Basa pangindungan rasa
Gambaran lemesna budi
Kedaling galindeng ati

Deudeuh teuing Basa Sunda
Basa endah boga wanda
Ciciren diri awaking
Nu nyanding dina hariring

Duh Basa Sunda
Naha teu dipirosea
Duh ulah era
Nyarita ku Basa Sunda

Duh Basa Sunda
Basa luhung hade tangtung
Ulah ditundung
Tong sieun disebut ngampung

Deudeuh teuing Basa Sunda
Anjeun ceurik dina ati
Bongan gening urang Sunda
Geus loba nu teu mupusti

Duh Basa Sunda
Naha teu dipirosea
Duh ulah era
Nyarita ku Basa Sunda

Duh Basa Sunda
Basa luhung hade tangtung
Ulah ditundung
Tong sieun disebut ngampung

(Gambar meunang nginjeum ti youtube)

Sakeudeung deui Wancina Kompanyeu Pemilukada Sumedang


Sanggeus ngawanohkeun unggal Cabup/Cawabup Sumedang pikeun Pemilukada 2013 ka masarakat di unggal Daerah Pemilihan, ayeuna bakal nincak kana undakan kompanyeu. Unggal Cabup/Cawabup dibéré waktu pikeun ngabibita/meredih masarakat anu bakal ilubiung dina Pemilukada supaya milih maranéhna. Nurutkeun aturan anu dijieun ku KPU, kompanyeuna Pemilukada Sumedang bakal dilumangsungkeun salila 14 poé, mimiti ping 7 nepikeun ka ping 21 Pébruari 2013.

Pemilukada Sumedang
Pemilukada Sumedang

Ari jadwalna, dina poéan kahiji (7 Pébruari) unggal Cabup/Cawabup medar visi jeung misi dina gempungan gedé (sidang paripurna) DPRD Sumedang. Sedengkeun poéan kaduana, nerap-nerapkeun alat kompanyeu di tempat-tempat anu geus di tangtukeun. Poéan saterusna nepikeun ka poéan ka-14, ngalakukeun kompanyeu langsung ka masarakat. Dina ngalakukeun kompanyeuna, wilayah Kabupaten Sumedang dibagi jadi dalapan wewengkon kompanyeu.

Wewengkon kompanyeu anu geus ditangtukeun téh nyaéta:

  1. Wewengkon kahiji, Cimanggung jeung Jatinangor.
  2. Wewengkon kadua, Tanjungsari, Sukasari, Pamulihan, Rancakalong.
  3. Wewengkon katilu, Sumedang Utara, Sumedang Selatan.
  4. Wewengkon kaopat, Cisarua, Ganeas, Situraja, Cisitu.
  5. Wewengkon kalima, Darmaraja, Cibugel, Jatinunggal, Wado.
  6. Wewengkon kagenep, Jatigede, Tomo, Ujungjaya.
  7. Wewengkon katujuh, Conggeang, Cimalaka, Paseh.
  8. Wewengkon kadalapan, Buahdua, Tanjungkerta, Tanjungmedar, Surian.

(Inpo jeung gambar meunang nyutat ti KPU Kabupaten Sumedang)