Dadasar Sumedang jadi Puseur Budaya Sunda


Hayang apal ogé naon sababna Sumedang bet dijadikeun Puseur Budaya Sunda. Da sigana henteu ujug-ujug jeung ojol-ojol dijadikeun kitu lamun taya sabab-musababna. Sanggeus nyungsi ngaliwatan Google, kapanggih ogé alesan Sumedang dijadikeun Puseur Budaya Sunda. Dina tulisan anu dipedalkeun ku Budaya Sunda kalawan dijudulan Sumedang Puseur Budaya Sunda, dijelaskeun dadasarna. Cenah aya opat alesan anu nyababkeun Sumedang dijadikeun Puseur Budaya Sunda.

Sumedang Puseur Budaya Sunda
Sumedang Puseur Budaya Sunda
  1. Kusabab makuta Binokasi anu mangrupakeun makuta titinggal Karajaan Sunda aya di Sumedang, perenahna di Musium Geusan Ulun. Sanggeus Karajaan Sunda runtag, éta makuta Binokasih téh diwariskeun ka Karajaan Sumedanglarang anu nuduhkeun yén Sumedanglarang téh jadi karajaan anu nuluykeun tapak lacak Karajaan Sunda. Nepikeun ka ayeuna éta makuta Binokasi téh aya di Sumedang.
  2. Sumedang mangrupakeun hiji wewengkon anu masih kénéh maké Basa Sunda dina obrolan sapopoéna, boh di padésaanana boh di dayeuhna. Barudak anu sarakola ogé masih kénéh loba anu maraké Basa Sunda dina sapopoéna. Hal ieu cenah béda reujeung wewengkon séjén anu aya di Tatar Sunda.
  3. Sumedang miboga kabudayaan anu loba jeung rupa-rupa. Kabudayaan dina wangunan upacara-upacara adat tradisional, aya anu dina wangunan kasenian, jeung anu séjénna.
  4. Di Sumedang loba mucunghul ahli atawa tokoh budaya Sunda saperti Alm. Saleh Danasasmita, Prof. Saini Kosim, Alm. Makmur Danasasmita, Alm. Rd. Angga Kusumadinata, jeung anu séjénna. Tokoh entragan anyarna anu mileuleuheungkeun kana Budaya Sunda ogé lumayan loba.

(Gambar meunang nginjeum ti insancoba.blogspot.com)

Wejangan dina Nyieun Aplikasi pikeun Hénpon Pinter


Ieu mangrupakeun tingkesan tina tulisan anu dipedalkeun ku Firstman R Marpaung dina loka NICE anu ngajelaskeun kumaha carana lamun hayang nyieun aplikasi pikeun hénpon pinter. Sahanteuna aya dua hal anu kudu jadi cekelan dina nyieun aplikasi pikeun hénpon pinter. Dua hal éta téh nyaéta:

1. Tempo pangabutuh sorangan

Biasana naon anu dipikaresep ku urang, bakal dipikaresep oge ku jalma séjén. Sakadar conto, aplikasi pésbuk. Ayeuna kacida pisan dipikaresepna ku kalolobaan jalma di sakuliah dunya. Padahal mimitina mah pésbuk anu dijieun ku Mark Zuckenberg téh dijieun pikeun tempat komunikasi reujeung babaturanana di sakolana. Manéhna miharep boga cukang lantaran pikeun ngayakeun komunikasi anu gancang. Hasilna, pésbuk dipigandrung ku jalma loba. Éta salasahiji conto aplikasi anu dimimitian ku pangaresep atawa pangabutuh anu nyieun éta aplikasi. Loba kénéh conto séjénna anu nuduhkeun yén aplikasi anu dijieun kalawan bisa ditarima ku jalma réa téh asalna mah mangrupakeun pangabutuh pribadina anu nyieun. Jadi lamun nyieun aplikasi pikeun dina hénpon alusna dumasar kana pangaresep atawa pangabutuh pribadi.

Nyieun aplikasi pikeun henpon pinter
Nyieun aplikasi pikeun henpon pinter

2. Nyieun aplikasi mah 30% ngetik kodeu, 70% user experience

Nyieun aplikasi pikeun dijalankeun dina hénpon pinter, teu perlu anu susah-susah dina nyieunna (ngetik kodeuna), nu pentingna éta aplikasi anu dijieunna téh bisa dipaké pikeun hiburan atawa pikeun heureuy, utamana aplikasi kaulinan atawa game. Aplikasi (kaulinan/game) anu jalan dina hénpon mah béda reujeung aplikasi anu jalan dina komputer, henteu kudu susah-susah teuing. Teu kudu nyieun aplikasi anu susah pisan anu ditandaan ku kodeu-kodeu program anu pabaliut. Anu kudu dipentingkeun dina aplikasi (kaulinan/game) pikeun hénpon mah kumaha supaya anu maén bisa betah jeung gampang dina maénkeunana, kataji ku pidanganana. Jadi aplikasi pikeun dina hénpon mah anu paling pentingna pidangan (ancoan) aplikasina lain susah dina nyieun programna.

(Gambar meunang nginjeum ti Traffiko)