Cécéntangan Ku Karét Geulang


Cécéntangan, asal kecap tina céntang. Céntang mah biasana nojokeun atawa némbakeun anu dicéntangkeunana kana tempat atawa barang anu ditojo. Ampir sarua reujeung bedil, anu ngabédakeunana téh cécéntangan mah biasana maké karét (geulang) wungkul. Anu dicéntangkeunana bisa disebut ku pélor sanajan lain pélor bedil.

Cécéntangan mangrupakeun hiji kaulinan barudak anu ngagunakeun karét geulang dikaitkeun kana ramo leungeun terus ditarik ku laungeun sabeulah deui. Panarikna ngagunakeun palapah sampeu anu diteuteukan. Karét geulang minangka paranti nyéntangna, sedengkeun palapah sampeu minangka pélorna.

Cecentangan
Cecentangan

Jadi anu diperlukeun pikeun maén cécéntangan mah ngan ukur karét geulang reujeung palapah daun sampeu. Ditambah waé ku ramo leungeun pikeun nyéntangkeunana. Karét geulang anu alus mah nyaéta karét anu kereng kénéh supaya tarik dina nyéntangna. Pikeun pélorna sabenerna mah henteu kudu maké palapah sampeu. Pélorna bisa maké naon waé nu penting mah bisa dicéntangkeun. Naha arék maké jujukutan atawa nyéré.

Cara maén cécéntangan, kacida gampangna. Bisa maké leungeun katuhu pikeun nyéntangna atawa bisa ogé maké leungeun kénca. Leungeun anu sabeulah deui dipaké pikeun narik pélor anu dicéntangkeunana. Jadi kudu maké dua leungeun. Karét geulang téh dikaitkeun dina curuk jeung jempol leungeun anu hiji (kénca atawa katuhu). Jempol jeung curukna dianggangkeun supaya aya lolongkrang diantara curuk jeung jempol. Sanggeus anggang, karét bagéan luar ditarik ka jero maké palapah sampeu meunang neukteukan bari ditilepkeun supaya bisa ngait. Narikna maké leungeun anu sabeulah deui. Ditarik nepikeun ka béak ngenyodna éta karét. Terus arahkeun ka tempat anu arék dicéntangna, leupaskeun cekelan palapah sampeuna. Éta palapah sampeu bakal ngabelesat ka tempat anu dicéntangkeun.

Prak-prakan ieu cécéntangan mah osok dipaké nalika peperangan. Peperangan maké sanjata cecentangan. Lamun keuna kana kulit téh lumayan peureus. Barudak anu maén peperangan silih céntang bari lulumpatan jeung nyumput. Saméméhna ngumpulkeun heula pélorna paloba-loba, diteundena dina wadah atawa pésak baju.

Mangpaat Bonténg Pikeun Kaséhatan Awak


Geningan sanggeus disungsi mah, ana goréhél téh meunang inpo yén Bonténg téh loba pisan mangpaatna pikeun kaséhatan awak. Nurutkeun panalungtikan mah cenah Bonténg téh miboga sari pati giji anu alus, anu ngarojong kana kaséhatan awak anu ngadaharna. Jadi lain ngan ukur matak ngabésérkeun (matak hayang kiih waé) wungkul. Sanajan ampir sakabéhna dieusi ku cai, dina éta bonténg téh aya vitamin A, B jeung vitamin C katut mineral saperti magnesium, kalium, mangan jeung silika.

Cai dina bonténg bisa nambahan cai dina awak anu bakal ngurangan dehidrasi (kakurangan cai dina awak). Lamun capé kusabab geus digawé aya alusna lamun ngadahar bonténg pikeun nambahan cai dina awak, ngaganti cai anu jadi késang. Kusabab cai dina bonténg mah lain ngan ukur cai biasa, tapi cai alami anu miboga giji anu alus sakumaha geus disebutkeun di luhur.

Bonteng
Bonteng

Salian ti éta cenah, bonténg ogé bisa miceunan racun atawa panyakit anu asup kana awak ngaliwatan kadaharan séjénna. Kadaharan anu didahar unggal dahar tacan tangtu beresih tina panyakit, aya kalana kadaharan téh mawa panyakit atawa racun. Ku jalan ngadahar bonténg, éta racun atawa panyakit téh bisa dipiceunan atawa dikaluarkeun.

Terus ogé bonténg bisa ngahalangan datangna daging jadi (kanker). Aya jat dina bonténg anu bisa ngahalangan datangna kanker, nyaéta lariciresinol, secoisolariciresinol, jeung pinoresinol. Jadi bonteng téh alus pikeun jalma anu embung kadatangan kanker (daging jadi).

Hasiat séjénna diantarana waé nyaéta pikeun ngubaran diabetes (loba teuing gula dina getih), ngarerepkeun nyeri dina jero awak, nurunkeun beurat awak, nurunkeun koléstérol, ngalancarkeun ngolah kadaharan dina beuteung.

Geningan kacida alusna ngadahar bonténg téh pikeun kaséhatan awak. Lain ngan ukur kusabab resep ngadahar bonténg wungkul, disagédéngeun éta aya hasiat anu alus pikeun awak anu ngadaharna. Éta mangpaat bonténg anu kapanggih di loka Makanan Sehat.

Cobék Bonténg


Salian ti didahar sacara langsung atahanana, bonténg ogé bisa didahar sanggeus dipolahkeun. Salasahiji kadaharan tina bonténg anu dipolahkeun téh nyaéta cobék bonténg. Cobék bonteng lumayan ngeunah pikeun deungeun (batur dahar) sangu. Nyieun cobék bonténg kacida gampangna, teu susah. Kari nyadiakeun bahan anu diperlukeun pikeun nyieun cobékna, diantarana waé cikur, cabé jeung uyah ditambah bawang katut gula. Bahan mah gumantung kana pangaresep séwang-séwangan, arék dilengkepan atawa moal. Da pangaresep unggal jalma mah geningan béda-béda.

Cobek bonteng
Cobek bonteng

Bahan anu diperlukeun pikeun sasiki bonténg anu gedéna sedeng (kira-kira sagedé pigeulang leungeun):

  1. Cabé rawit dua siki atawa tilu siki
  2. Cikur sasiki atawa sacukupna
  3. Saséndok leutik uyah atawa sacukupna
  4. Sasihung bawang beureum
  5. Sasihung bawang bodas
  6. Gula beureum sacukupna
  7. Bonténg dibeulah dua

Cara molahkeunana:

  1. Samara cobékna (cabé, cikur, uyah, bawang beureum, bawang bodas katut gula beureum) diréndos dina coét maké mutu nepikeun ka lembut.
  2. Bonténg meunang meulah téh dikerokan maké séndok. Diarah jerona wungkul, kulitna mah henteu diarah. Dikerok téh supaya jadi laleutik bonténg anu dicobékna (henteu gugurundulan galedé). Bonténg meunang ngerok diasupkeun kana coét.
  3. Terus galokeun bonténg reujeung samara cobékna nepikeun ka galo.

(Catetan: ukuran lobana samarana mah gumantung kana pangaresep bisa leuwih saeutik atawa leuwih loba)