Ngotektak inpo anu aya patalina reujeung Jingkang di mandala maya (dunya internet), ahirna mah anjog ka loka Jinx 2011 – One Love. Ieu loka bisa disebut mangrupakeun hiji loka atawa blog anu dijieun ku mahasiswa UNPAD anu ngiluan KKN (Kuliah Kerja Nyata). Tempat KKN-na kabeneran di wewengkon Desa Jingkang. Atuh eusina teh teu leupas ngeunaan naon wae anu dipigawe ku mahasiswa anu keur KKN di Desa Jingkang ditambah ku inpo ngeunaan tempat KKN-na nyaeta Desa Jingkang. Data-data ngeunaan perenahna wewengkon Desa Jingkang, ngeunaan pangeusina katut pacabakan pangeusina. Lengkep pisan datana.

Pikeun leuwih jelasna bisa langsung wae ngalongok ka loka Jinx 2011 – One Love. Sedengkeun lambaran husus ngeunaan Desa Jingkang bisa dilongok di lambaran ieu.
(Gambar meunang nangkep di http://blogs.unpad.ac.id/)