Pikeun cabang olahraga Aeromodeling, poe Rebo kamarina, ping 14 September geus namatkeun tatandang sakabeh nomer anu ditandingkeun. Jumlah nomer tatandang anu diayakeun anu lobana 7 siki teh geus dilumangsungkeun katut medali geus disebarkeun ka atlet anu meunang dina tatandangna. Ngan aya hanjaluna. Tina sakitu medali teh euweuh hiji-hiji acan anu bisa dibeunangkeun ku atlet ti Jawa Barat. Teu aneh ketang, da cenah Jawa Barat mah lain jagona dina cabang olahraga Aeromodeling mah. Anu lumayan dijagokeun mah kontingen Jawa Timur.

Nurutkeun hasil anu dikaluarkeun ku panitia pertandingan, anu pinunjul dina cabang olahraga Aeromodeling teh nyaeta kontingen Jawa Tengah jeung Jawa Timur anu meunangkeun dua medali emas.
Hasil ringkes salengkepna bisa ditempo dina daptar di handap ieu.
Jawara | Ngaran | Propinsi |
TRI LOMBA FREE FLIGHT PUTRA | ||
1 | Novandri Sebastian | Banten |
2 | Gunawan Prasetya | Kalimantan Tengah |
3 | Suharisman | Kalimantan Barat |
TRI LOMBA FREE FLIGHT PUTRI | ||
1 | Nanik Nofianti | Jawa Tengah |
2 | Alfindita Anggriasa | Jawa Tengah |
3 | Fitriana Puspa Hidasari, S.Pd. | Kalimantan Barat |
DWI LOMBA CONTROL LINE | ||
1 | Erick Limanhadi/Benny Limanhadi | Jawa Timur |
2 | A. K. Fathoni/Sukariadi | Kalimantan Timur |
3 | Gunawan Prasetya/Ian Cahya Ismail | Kalimantan Tengah |
F3A (RC AEROBATIC AEROPLANE) | ||
1 | Dimas Satrio Wibowo | Riau |
2 | Paulus Nikolas Triharmanto | DI Yogyakarta |
3 | David Gunawan | Jawa Tengah |
F3C (RC HELICOPTER) | ||
1 | Adriel Mesias Simorangkir | Kalimantan Selatan |
2 | Dimas Satrio Wibowo | Riau |
3 | Januar Rizkitiawan | Kalimantan Selatan |
F3J (RC SOARING GLIDER) | ||
1 | David Gunawan | Jawa Tengah |
2 | Dion Randy Tulong | Sulawesi Utara |
3 | Benny Limanhadi | Jawa Timur |
F2D (CONTROL LINE COMBAT) |
||
1 | Erick Limanhadi | Jawa Timur |
2 | Eko Nuralam Putra | DKI Jakarta |
3 | Ali Akbar | Riau |
(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)