Potrét Manéhna


Potret manehna

Potrét manéhna
Nu katampa minggu kamari
Dipiguraan disimpen dihadé-hadé
Anteng diteuteup
Jadi batur dina simpé
Aduh éndahna mapaésan taman haté

Potrét manéhna
Potrét manéhna
Ditilik disidik-sidik
Diteuteup dibolak-balik
Ku manis baé
Potrét manéhna potrét manéhna
Socana imutna teuteupna
Sagalana ngan keur kuring baé

Potrét manéhna
Wawakil jirim jinisna
Tanda satia ngaran kangen salilana

Matri hiji dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang langka tepung
Potrét anu digugulung
Potrét manéhna

2 thoughts on “Potrét Manéhna

Tunda talatah