Ati Mungkir Beungeut Nyanghareup


Inget kana eusi hotbah Jumaah poé tadi. Judulna téh ngeunaan jalma munapék. Jalma munapék mangrupakeun hiji jinis pasipatan jalma anu béda pisan kaayaan haté katut kalakuan atawa ucapanana. Naon anu diucapkeun atawa dipilampah reujeung eusi haténa téh papalingpang. Ari ucap lampahna mah sapagodos reujeung batur, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah ngalakonan ibadah, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah samiuk kana kahadéan, sedengkeun ari haténa mah samiuk kana kagoréngan. Pokona jalma anu munapék mah osok pasalia jeung papalingpang antara kaayaan haté reujeung ucap lampahna.

Dina migawé ibadahna jalma munapék mah ngan ukur hayang katangar wungkul. Ibadah téh lain kusabab ihlas néangan Rido Gusti Alloh, tapi hayang katempo ku jalma séjén. Hayang katangar ku batur yén manéhna téh tukang ibadah. Sok padahal dina haténa mah embung teuing kudu ibadah téh. Lamun henteu nempo batur ibadah mah manéhna téh moal ngiluan ibadah.

Ati mungkir beungeut nyanghareup

Ahirna, aya tilu tanda anu bisa nuduhkeun yén hiji jalma téh munapék, nyaéta:

  1. Lamun ngomong osok bohong. Jalma munapék mah lamun nyarita osok linyok bohong.
  2. Lamun jangji osok tara ditedunan. Jalma anu munapék mah teu bisa dicekel jangjina, da dina sakali ngajangjikeun osok udar tina jangjina.
  3. Lamun dibéré kapercayaan osok dihianat. Jalma anu munapék mah osok ngahianat kana kapercayaan batur anu mercayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mohdapih.com/)