Dua Jinis Kabagjaan Pikeun Jalma anu Puasa


Jalma anu buka puasa bakal meunang dua rupa kabagjaan: kabagjaan nalika buka reujeung kabagjaan nalika papanggih reujeung Robb-na kusabab puasa anu dilakonanana.

Baheula mah kacida gampangna ngahartikeun hadis di luhur éta téh. Pokona mah jalma anu puasa bakal meunang dua rupa kabagjaan nyaéta nalika buka puasa, reujeung engké mangsana balik ka alam ahérat bakal papangging jeung Gusti Alloh. Henteu leuwih ti éta. Nalika buka kacida bungahna kusabab geus nepi kana waktuna buka reujeung ngurangan itungan poé puasa anu bakal dilakonan. Poé puasa téh nungtutan ngurangan sapoé-sapoéna. Perkara engké di ahérat? Éta mah teu apal kukumahana. Pokona mah jalma anu puasa éta bakal papanggih reujeung Gusti Alloh.

Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum Romadhon 1433 H

Ngan sanggeus maca tulisan anu dipedalkeun ku Muslimah.or.id dina tulisan anu judulna Di Kala Waktu Berbuka Puasa telah Tiba, ana goréhél téh geningan lain ka dinya maksudna. Anu dipimaksud ku kabagjaan nalika buka puasa téh nyaéta bagja reujeung bungah kusabab geus dibéré kanikmatan ku Gusti Alloh dina ngalaksanakeun ibadah puasa. Geus dibéré kanikmatan bisa ngalaksanakeun ibadah puasa sapoé jeput anu mangrupakeun ibadah anu alus. Ieu kanikmatan téh henteu sakabéh jalma bisa kabagéan. Loba jalma anu henteu narima éta kanikmatan anu ngabalukarkeun henteu bisa ngalaksanakeun ibadah puasa. Salian ti éta ogé ngarasa bagja geus dibéré rejeki anu mangrupa kadaharan jeung inuman dina nalika buka. Anu tadina (dina waktu pabeubeurang) diharamkeun pikeun didahar jeung diinum, dina waktuna buka mah jadi halal. Éta ngeunaan bagjana jalma anu puasan dina nalika buka puasa.

Sedengkeun ari kabagjaan engké di ahérat bisa papanggih reujeung Gusti Alloh mah aya pakaitna reujeung bagjana jalma anu puasa kusabab manéhna meunang ganjaran tina ibadah puasana. Ganjaran puasa anu bener-bener dibutuhkeun nalika hirup di ahérat. Jalma-jalma anu puasa bakal asup ka sawarga kalawan ngaliwatan panto puasa (ar-Royyan), panto husus pikeun jalma-jalma anu osok ngalakonan puasa.

Maén Pris-prisan


Barudak anu maén dibagi kana dua grup. Jumlahna lamun jangkep mah disaruakeun, bisa lima urang lima urang lamun barudakna sapuluh urang. Lamun henteu, béda hiji mah teu nanaon. Tempat anu dipakéna alusna mah tempat anu lémpar rata tur lalega, bisa diburuan atawa jalan gedé atawa di lelemah (lahan piimaheun).

Dua grup ieu nyieun gawang masing-masing pahareup-hareup, ngan anggang. Anggangna gumantung kana panjangna patempatan, bisa 50 méter atawa saratus méter. Ulah deukeut teuing, da lamun deukeut teuing mah susah lumpatna. Taya ambahan pikeun lumpat. Sedengkeun ari legana gawang biasana mah henteu leuwih ti panjang nyangégangna budak anu maén. Nya kira-kira sadeupaan mah panjangna téh. Pananda gawang bisa maké batu atawa tihang. Salian ti batu atawa pananda gawang, nyieun ogé tanda pikeun nawan lawan anu anggangna kira-kira dua atawa tilu dampal suku budak ti tanda gawang ka béh hareup. Diteundeunna bisa di béh kénca atawa katuhu.

Sanggeus siap, kari prungna.

Dina maénna, barudak anu maén kudu silih udag. Anu beunang (katoél atawa kacabak) kudu ditawan di tempat nawan. Dina silih udagna aya istilah leuwih kolot jeung leuwih ngora. Budak anu leuwih ngora kakara bisa ngudag budak anu lewih kolot. Henteu bisa sabalikna. Sababna anu bakal ditawan téh budak anu leuwih kolot. Istilah leuwih ngora jeung leuwih kolot, lain nilik kana umu budak, tapi kana waktu ninggalkeun gawangna séwang-séwangan. Budak anu leuwih tiheula ninggalkeun gawang bakal leuwih kolot tibatan budak anu pandeuri ninggalkeun gawang. Kusabab kitu, budak anu tiheula ninggalkeun gawang osok diudag ku lawanna anu cicing di gawang kusabab manéhna leuwih ngora. Budak anu leuwih kolot bisa balik deui ka gawangna supaya jadi leuwih ngora pikeun ngudag budak anu ngudag manéhna bieu. Kitu reujeung kitu waé, nepikeun ka loba budak anu ditawan anu ahirna mah biasana tinggal saurang deui musuhna. Lamun kari saurang deui musuhna, kari ngéléhkeun ku jalan nincak tengah-tengah antara tanda gawangna bari henteu bisa katoél ku budak anu boga (nungguan) gawangna.

Barudak keur maen pris-prisan

Pikeun budak anu babaturanana ditawan, kudu ngusahakeun pikeun ngaleupaskeun babaturanana tina tawanan. Hal ieu supaya manéhna henteu béakeun babaturan (anak buah). Carana kudu noél babaturan anu ditawanna bari henteu katoél deui ku musuh anu nawanna. Budak anu ditawan kudu cicing bari nyekelan kana batu atawa tihang tanda paranti nawan. Sedengkeun budak anu miboga tawanan kudu ngajaga tawanan supaya ulah katoél ku babaturan tawananana.

Dina saméméh prak-prakanana, osok ditangtukeun heula ambahan pikeun lumpatna lamun diudag ku musuh. Naha ambahanana bisa kaluar tina éta tempat atawa ngan ukur di éta tempat wungkul. Lamun bébas mah, barudak bisa lumpat ka mana waé nalika diudag ku musuhna.

Dina palebah éléhna, barudak bisa balikan deui ti mimiti. Tawanan dibalikeun deui ka gawangna.