Lir Ngudag-ngudag Kalangkang Heulang


Lain teu surti lain teu ngarti. Da lamun nurutkeun kana rasa mah, saha anu teu miboga rasa anu sarua. Rasa mah sigana sarua waé, henteu jauh bédana. Ngan hanjakal teu bisa betus kitu waé, aya hahalang anu ngahalangan. Hahalang anu susah pikeun diungkulananana. Hahalang anu nganggangkeun, anu ngajauhkeun. Najan raga padeukeut, lain harti bisa deukeut. Deukeut anu taya hartina, deukeut anu taya gunana.

Najan haté mah teu bisa dipangpalérkeun, najan kanyaho teu bisa dibobodo, najan rasa teu bisa digunasika, kudu tetep pageuh kana cekelan. Inget kana dangiang, inget kana papatah. Papatah anu geus dicutat digurat ti baheula. Cekel pageuh ulah dileupaskeun.

Heulang jeung kalangkangna

Najan rasa rumasa sarua, rasa karunya papada jalma. Rasa anu bisa tumuwuh ku murudulna waktu, nyérélékna wanci, teu bisa diantep kitu waé. Bibitna teu meunang jadi, teu meunang tumuwuh nepikeun ka gedé. Komo nepikeun ka kembangan jeung buahan. Teu meunang dianteur kahayangna, teu meunang leupaskeun tina cangcangna.

Cekel pageuh, najan dianteur ogé hamo bisa kasorang. Najan diantepkeun ogé moal bisa kadongkang. Lir ibarat ngudag-ngudag kalangkang heulang. Siga anu deukeut, siga anu gampang, teu bisa diudag jeung moal bisa kaudag.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Pupuh Asmarandana Éling-éling Mangka Éling


ain Mang Darma anu osok wawayangan téh. Da anu osok wawayangan mah dalang (Mang Darma mah lain dalang). Ieu mah mangrupakeun rumpaka anu eusina ngingetan ngeunaan kahirupan di dunya ieu. Hirup di dunya ieu ulah nepikeun ka kasasar lalampahan jeung ulah ngajurung napsu. Lamun éta perkara dilakonan matak kaduhung éngkena, raga anu bakal katempuhan jeung nanggung akibatna.

Kudu eling da ngan ukur jadi wayang

Kukituna hirup di dunya ieu kudu éling jeung teu weléh éling. Éling yén di dunya ieu téh lir ibarat keur jadi wayang, teu boga nanaon jeung teu bisa nanaon.

Kitu kira-kirana anu bisa diala tina Pupuh Asmarandana anu rumpakan saperti ieu:

Éling-éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Éling-éling masing éling
Di dunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tékad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)