Kadedemes, Deungeun Sangu tina Kulit Sampeu


Ampir euweuh bagéan tina tangkal sampeu anu henteu dimangpaatkeun. Sakabéh bagéanana bisa dimangpaatkeun, ti mimiti kembangna nepikeun ka akarna. Tangkalna ogé bisa dimangpaatkeun. Buahna? Bisa kénéh dimangpaatkeun. Lamun henteu dimangpaatkeun pikeun kadaharan (parab jalma), nya bisa dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon kayaning domba. Salasahiji bagéan sampeu anu osok dimangpaatkeun téh nyaéta kulit beuti sampeuna. Kulit beuti sampeu anu di jero (warnana rada bodas jeung kandel), bisa dimangpaatkeun pikeun kadaharan jalma. Lamun bisa ngolahna mah rasana bisa ngeunah tibatan daging hayam. Kitu ceuk anu resep mah….

Ngan saméméh diolah atawa diasakan, éta kulit sampeu téh kudu biasana mah dikulub heula. Maksudna mah supaya waktu digoréngna geus asak. Kulit sampeu téh dikulub nepikeun ka asak jeung hipu. Satutasna dikulub, terus dikeueuman maké cai atah kurang leuwih tilu jam. Salian ti supaya asak, maksudna dikulub jeung dikeueuman téh supaya racun anu aya dina éta kulit sampeu bisa leungit.

Sanggeus param (leungit racunna kusabab dikeueuman), kakara éta kulit sampeu téh bisa diasakan. Cara ngasakanana mah henteu susah-susah teuing. Ngasakanana ku jalan digoréng kalawan maké asakan biasa: uyah, bawang beureum, bawah bodas, cabé, gula jeung bawang daun. Saméméh diasakan (digoréng), keureutan heula éta kulit sampeuna supaya ulah paranjang jeung galedé teuing. Kulit sampeuna digoréng kalawan dicampur reujeung samarana nepikeun ka bener-bener campur jeung asak samarana.

Kadedemes

Ngeunaan kadedemes, mangrupakeun hiji kecap anu biasa dipaké pikeun nyebut ka jalma anu pohara pisan kana harta bandana. Sagala hayang diranggeum dikawasaan. Harta banda anu dipimilik ku manéhna najan geus henteu dipaké ku sorangan atawa geus waktuna dipiceun, ari dipénta ku batur mah mani dikeukeuweuh henteu dibikeun. Kitu lamun ninggang di jalma.

Lamun ninggang dina kadaharan? Sigana mah ampir sarua. Lamun nempo kana kadaharan ieu, ampir sarua. Kulit sampeu anu teu miboga harti anu sakuduna mah dipiceun, bet diarah kénéh. Kitu sigana mah sababna ieu kadaharan bet disebut kadedemes.

(Gambar meunang nginjeum ti http://cileuleusonline.wordpress.com/)

Munggah di Lembur Batur


Kakara ayeuna munggahan di lembur batur. Lembur anu jauh pisan ti lembur sorangan. Lembur anu acan lila apalna, anu tacan apal kumaha budayana. Ngan untungna, lamun nempo kaayaan di sakurilingna mah dayeuh tempat nyaba ayeuna téh bisa disebutkeun cocog pikeun urang Islam mah. Hal ieu bisa katempo ku lobana ngaran jalan anu dibarengan ku aksara Arab. Salian ti aksara latén, ngaran jalan dilengkepan ogé ku ngaran dina aksara Arab. Terus ogé, lobana masigit anu aya di sabudeureun, bisa jadi tanda cocogna kaayaan pikeun urang Islam, utamana ngarojong kana ngajalankeun ibadah puasa.

Moal sieun jeung hariwang euweuh batur anu saageman. Kari apal kumaha budaya anu aya di ieu dayeuh dina mapag ibadah puasa Romadon. Budaya anu bisa waé béda. Sanajan béda, anu utamana mah lain budayana tapi ibadah puasana. Di mamana ogé anu ngaranna puasa mah sarua waé, nahan diri tina sagala anu ngabatalkeun ti mimiti meleték panon poé nepikeun ka surupna.

Wilujeng mapag sasih Romadon 1433 H

Dina perkara mapagna naha kudu dianggir heula atawa henteu, éta mah kaasupna kana kabiasaan anu taca tangtu aya di unggal wewengkon. Kitu ogé reujeung ngadulag, bisa waé ngan ukur aya di hiji atawa sababaraha wewengkon wungkul. Anu jadi pokona mah, kumaha bisa mapag bulan Romadon kalawan siap sayaga, boh raga boh jiwana, pon kitu deui akalna. Anu antukna dina ngalakonan puasa atawa saumna bisa sakumaha anu geus diperih ku anu ngawajibkeunana, katut tujuan saumna bisa kahontal, bisa jadi jalma anu TAQWA. Ulah nepikeun saum anu dilakonan téh pahalana ngan ukur peurih beuteung jeung halabhab wungkul.

Arek di mana wae, naha arek di lembur sorangan atawa di lembur batur, teu jadi halangan pikeun munggahan, taya halangan pikeun mapag bulan Romadon. Wilujeng Mapag Bulan Romadon 1433 H.