Nyanghareupan Masalah mah Kudu Apal Masalahna


Meunang luang, teu meunang dipiceun. Lumayan penting ogé.

Nyanghareupan masalah kudu apal masalahna

Dina nyanghareupan masalah, anu pangheulana dipigawé mah lain kumaha ngungkulan masalahna. Pangheula dipigawé mah kumaha carana supaya apal kana masalah anu keur disingahreupanana. Ulah waka mikiran kumaha ngungkulan masalah anu disinghareupan. Taliti heula naon masalahna. Kudu jelas pisan naon masalah anu disinghareupan. Ulah nepikeun ka salah dina naliti masalahna. Lamun salah naliti masalah, bakal gagal dina ngungkulanana. Sahanteuna moal sampurna dina ngungkulanana.

Ngungkulan masalah bisa diibaratkeun ngajawab soal pananya dina nalika ujian. Saméméh ngajawab soal pananya téh apanan kudu apal heula naon pananyana. Dina geus apalna ogé kadang kudu ditengetan deui kumaha maksud pananyana. Aya kalana pananya téh kudu ditengetan heula maksud eusi pananyana. Jadi henteu bisa langsung dijawab pananyana lamun tacan apal maksud pananyana. Hal ieu téh maksudna mah supaya bisa sapagodos antara pananya reujeung jawaban anu dijieunna. Maksud pananya ka kidul, jawaban ogé kudu ka kidul, henteu nepikeun ka papalingpang.

Pon kitu deui reujeung masalah anu disanghareupan. Kudu apal heula naon masalah anu disanghareupan. Ulah nepikeun ka teuapal naon anu keur disanghareupanana. Dina kanyataanana aya kalana jalma anu nyanghareupan masalah tapi teuapal jinis jeung rupa masalahna. Lamun teu apal masalahna, moal bisa néangan cara pikeun ngungkulanana. Jadi, hal anu utama dina ngungkulan masalah mah kudu apal heula naon masalahna. Sanggeus kitu kakara néangan cara ngungkulanana anu dumasar kana masalah anu keur disanghareupanana. Lamun apal masalahna mah bakal gampang néangan cara ngungkulan éta masalah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.leadernotes.com/)

Cenah Loba Urang Sunda di Pekanbaru Riau


Nurutkeun béja mah, cenah di Riau téh loba urang Sunda. Loba anu asalna ti Tatar Pasundan anu ngadon nyaba di wewengkon atawa ngahaja pindah ka Propinsi Riau. Urang Sunda anu aya di Riau téh aya anu disababkeun ku geus jadi urang Riau ti baheula kénéh, geus tetep renggenek di Riau (nganjrek jadi urang Riau) ngan miboga karuhun (kolot) ti tatar Pasundan, aya ogé anu samentara kusabab aya kaperluan atawa pangabutuh saperti kakait ku pagawéan. Sumebarna lain ngan ukur di dayeuh Pekanbaru wungkul, tapi ogé sumebar ka kabupatén séjénna, saperti Dumai jeung Bengkalis.

Kamonesan anu diayakeun ku PWS Kepulauan Riau

Pikeun ngaraketkeun tali mimitra antara urang Sunda anu aya di Riau, di Riau diadegkeun gempungan atawa paguyuban anu ngaranna Misuri. Misuri anu papanjangna tina Mitra Sunda Riau. Ayeuna, Paguyuban Mitra Sunda Riau dipimpin ku Bapa Ondi Sukmara. Nurutkeun data, anggahota anu geus asup kana ieu paguyuban kurang leuwih 6000 KK (nurutkeun beja ti kisunda). Jadi urang Sunda anu aya di Riau téh leuwih ti 6000 KK, da loba anu acan asup kana ieu paguyuban.

Salian ti Misuri, aya ogé paguyuban anu ngaranna PWS (Paguyuban Wargi Sunda) Riau. Terus aya ogé anu ngaranna Pagiyuban Sunda Muda-Mudi Misuri (3M).

(Gambar meunang nginjeum ti http://tanjungpinangpos.co.id/)

Anggapan Mimiti Ngeunaan Dayeuh Pekanbaru


Waktu mimiti nepi ka dayeuhna, ngilikan kaayaanana mah loba kénéh tempat anu kosong. Loba taneuh (lahan) anu kosong tacan diwangunan imah. Lahan kosong anu kapanggih téh diantepkeun waé sina loba tutuwuhan kayaning jujukutan jeung tatangkalan anu jaradi. Lahanna henteu disambut atawa dipelakan tatanén. Malahan aya lahan kosong anu siga leuweung da pinuh ku tatangkalan. Anu nuduhkeun éta lain leuweung téh kusabab aya plang anu nuduhkeun éta lahan téh arék dijual. Dina kahiji waktu mah cenah aya meunang béja aya bayawak anu ngadon ngulampreng ka jalan gedé anu aya di dayeuh. Atuh siga anu deukeut pisan reujeung leuweung waé.

Dayeuh Pekanbaru

Jalan gedéna ogé lumayan ramé ku kandaraan kayaning mobil jeung motor. Ngan henteu nepikeun ka macét. Teuing pédah lain di puseur dayeuhna sigana mah. Wewengkon anu kasorang téh henteu loba teuing kumpulan jalma-jalma kayaning toko atawa mol (mall). Béda reujeung dayeuh Bandung anu kacida raména katut loba macétna.

Atuh anu kapikir téh dayeuh Pekanbaru mah gedéna henteu sagedé dayeuh Bandung. Pon kitu deui raména, henteu sarua raména sakumaha dayeuh Bandung. Lamun reujeung dayeuh Sumedang, kumaha? Sigana mah sarua. Ngan kétang teu bisa dibandingkeun ngan ukur saliwatan. Da dayeuh Pekanbaruna ogé tacan kaubek kabéhanana. Moal kaubek sigana mah, da indit ka dayeuh Pekanbaruna ogé lain pikeun ngubek dayeuh. Siga dayeuh mana atuh nya…? Tacan bisa dibandingkeun.

Panasna Dayeuh Pekanbaru


Cenah ceuk béja, dayeuh Pekanbaru mah panasna lumayan. Lamun dibandingkeun reujeung dayeuh Bandung mah panasna leuwih panas. Panasna téh kurang leuwih 28 darajat Sélsius. Kitu cenah.

Nepi ka anu dituju, bener ogé. Komo dina kaayaan tengah poé mah matak ngoprot késang, bakating ku panas. Lamun leuleumpangan atawa jalan-jalan téh pasti kaluar késang. Lamun tumpak mobil, kudu waé ngahurungkeun AC mobil. Lamun keur di imah mah henteu panas teuing da di rohangan imahna aya AC, jadi teu pati panas teuing.

Dayeuh Pekanbaru

Kituna téh teu anéh. Da dayeuh Pekanbaru mah tempatna henteu luhur-luhur teuing. Lamun diukur tina cai laut téh cenah henteu jangkung. Perenahna dayeuh Pekanbaru mah di tempat anu lémpar datar. Sakurilingeunana euweuh gunung anu gugumplukan. Wewengkon sakurilingeunana téh patempatan anu datar. Datar nepikeun ka wewengkon anu nyambung ka laut. Kusabab éta sigana mah kunaon dayeuh Pekanbaru bet panas.

Dahareun (Deungeun Sangu) Anu Lalada


Salian ti hawa anu panas, aya deui hiji hal anu kudu bisa diungkulan ku diri supaya bisa betah cicing di Pekanbaru. Nya sahanteuna saeutik-eutikeun bisa ‘adaptasi’ kana kaayaan anu béda reujeung kaayaan di lembur. Hal anu kudu diungkulan téh nyaéta ngeunaan dahareun. Dahareun anu aya di Pekanbaru mah béda reujeung kabiasaan di lembur. Dahareun téh pasti waé aya sambelan. Teu di naon teu di naon, arék naon waé jinis dahareunana (deungeun sangu), angger aya cabéan anu lada. Komo dina poéan mimiti mah, sababaraha poé dahar téh meuli ti katering, anu jinis dahareunana geus disadiakeun ku anu nyieunna. Deungeun sangu téh teu isuk, teu beurang dicampuran cabé. Ti mimiti angeun, goréng lauk, goréng hayam, dicampuran ku cabé. Atuh pikeun sababaraha poé mah beuteung téh lumayan panas. Ahirna mah kudu bisa milih-milih deungeun sangu, naja euweuh piliheun.

Deungeun sangu di Pekanbaru

Ngadon meuli ka warung anu jualan sangu, sarua waé. Kalolobaanana mah deungeunna maraké cabé. Malahan, deungeun sangu téh disebutna SAMBEL. Pantesan waé kalolobanana lada jeung dicampuran cabé, da ngaranna ogé sambel lain deungeun sangu.

Néangan warung sangu anu ti Jawa? Susah ogé anu deukeut-deukeut mah. Teuing anu jauh mah, teu apal perenahna jeung tempatna. Kapaksa waé kudu ‘adaptasi’ heula reujeung kaayaan di tempat anu anyar. Susuganana waé atuh ka hareupna mah jadi biasa.

(Gambar meunang nginjeum ti http://blog.travelpod.com/)