Ngeunaan Sumedang: Jalan deui, Jalan deui


Lamun ngabandungan ngeunaan Sumedang di mandala maya hususna loka tatali babarayaan kayaning twitter jeung pésbuk, anu ramé dipagunemkeun téh pasti ngeunaan kaayaan jalan. Anu diobrolkeun téh pasti ngeunaan jalan anu aya di Sumedang. Jalan-jalan anu aya kabupaten Sumedang, remen dijadikeun masalah. Anu ngaranna masalah, pasti waé pakaitna téh reujeung anu goréngna, lain anu hadé. Jalan-jalan di kabupaten Sumedang téh cenah mah geus garoréng, loba jalan anu ruksak, pinuh ku liang jeung logak. Ceuk anu ‘mikahéman’ pisan ka Sumedang mah apanan nyebutna lain logak tapi balong.

Jalan anu goréng téh teu nolih di jinis jalanna. Naha arék jalan aspal biasa kayaning jalan kacamatan atawa jalan kabupatén, naha arék jalan propinsi teu leupas tina logak. Malahan jalan nasional ogé henteu leupas tina masalah loba logak ieu. Jalan gedé anu nyambungkeun dayeuh Sumedang jeung dayeuh Bandung anu ngaliwatan wewengkon Cadaspangeran ogé teu leupas tina masalah lobana logak. Pon kitu deui reujeung jalan anu nyambungkeun dayeuh Sumedang ka wewengkon béh wétan: Majalengka/Cirebon sarua waé jalan aspalna garoréng.

Ari jalan-jalan séjénna? Ceuk béja mah sarua waé, loba anu goréngna. Loba jalan anu nyambungkeun dayeuh Sumedang reujeung kacamatan anu aya di kabupaten Sumedang anu sarua goréng ogé. Padahal sawaréhna mah kakara dialusan. Anu kakara alus ogé gancang pisan ruksakna, komo deui jalan anu geus lila henteu dibebener mah. Jalan anu dibebener kalawan alus ku jalan dibeton ogé kayaning jalan beypas (baypass), henteu leupas tina logak. Jalan aspal anu tacan lila dibeton téh geus bareulah deui.

Jalan beypas di Sumedang anu ruksak

Jadi, jalan téh teu kaur alus. Ruksak deui ruksak deui. Hal ieu téh lain tanpa sabab. Da moal ruksak lamun euweuh anu nyababkeun ruksakna mah. Salasahiji sababna mah nyaéta lobana mobil gedé anu bareurat anu ngaliwatan jalan-jalan di Sumedang. Mobil-mobil treuk bareurat anu ti wétan (Cirebon) muru ka kulon (Bandung) téh apanan loba anu ngaliwatan Sumedang. Pon kitu deui sabalikna ti kulon ka wétan. Katambah deui ku mobil anu narikan keusik ti Cimalaka. Beuki ngabeungbeuratan jalan anu aya. Salian ti éta, bisa waé ditambah ku wangunan jalanna anu kurang kuat (taneuhna atawa aspalna).

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.pikiran-rakyat.com/)

Ngomong Sunda, Kamus Basa Sunda Anu Bisa Ngomong dina Hénpon Android


Ngomong Sunda mangrupakeun hiji ngaran pikeun aplikasi anu ngahaja dijieun pikeun di jalankeun dina hénpon Android. Ieu aplikasi téh bisa dipaké jadi kamus Basa Sunda dina hénpon Anndroid. Jadi salian ti aplikasi Basa Sunda (sakumaha anu geus dipedalkeun dina tulisan ti heula), nambahan deui aplikasi anu bisa dipaké pikeun narjamahkeun Bahasa Indonésia – Basa Sunda.

Ancoan Ngomong Sunda dina hénpon Android

Anu ngabédakeun aplikasi Ngomong Sunda reujeung Basa Sunda téh nyaéta aplikasi Ngomong Sunda mah bisa ngucapkeun kecap anu ditarjamahkeunana. Kecap dina Basa Sunda hasil tina tarjamahan tina Bahasa Indonésia téh bisa kaluar sorana (diucapkeun). Jadi salian ti apal kecap tarjamahanana, ogé bisa apal kumaha ngucapkeunana. Ngan kakuranganana téh cenah mah kabeungharan kecapna masih kénéh kurang.

Sanajan kitu bisa dipaké pikeun dijadikeun kamus Bahasa Indonésia – Basa Sunda mah. Aplikasi ieu dijieun ku Independent Android Developer anu miboga landian Plugie. Anjeunna bisa diaksés di loka Android Jakarta. Pikeun anu mikabutuh ieu aplikasi bisa ngundeur ti alamat Ngomong Sunda.


Hiji kameumeut kana budaya hususna Basa Sunda, jadi hiji kahariwang. Hariwang ku kaayaan barudak Sunda ayeuna anu teu apal kana Basa Sunda.
Kahariwang ieu kudu diungkulan, ditarekahan kumaha cara ngungkulanana….

Sijoher Nge-blog didieu

Mun seug jujur mah kuring teh asa hayang ceurik ningali barudak ayeuna anu ngaku keneh turunan urang sunda tapi geus teu apal nu kumaha ari basa sunda, sabenerna kuring oge teu bodo-bodo acan ngeunaan bag-bagan basa sunda teh, palias disebut ahli basa sunda mah da heueuh kuring mah ngaku urang kampung bau lisung anu teu nyaho dibedug-bedug acan.

Ieu mah pirajeunan wae nulis soteh keur sampeureun tur bacaeun sorangan sukur-sukur mun bisa narima tambahan luang ti kadang wargi sadaya anu haat masihan bongbolongan tur kersa ngajaran sim kuring ngeunaan basa sunda hususna jeung kisunda dina umumna. Kuring mah estuning masih keneh diajar, mun cara budakmah masih keneh lelengkah halu ngeunaan basa sunda teh.

View original post

Teunggar Kalongeun


Hiji hal anu kudu dicekel, budak mah ulah loba teuing disentakan. Paribasa téh bisi teunggar kalongeun. Najan loba kakesel atawa loba cawadeunana, budak mah ulah loba teuing dicarékan atawa disentakan. Ulah gampang nyentak budak. Ulah pédah aya masalah atawa anu kudu dicawad, budak téh jadi paneumbleuhan. Da ngaranna ogé budak. Budak mah kudu dimaklum lamun loba cawadeun jeung loba kalakuan anu matak jéngkél.

Budak mah tacan loba kanyaho, jeung tacan asak jeujeuhan. Naon anu dipigawéna tacan bisa dijadikeun cekelan yén kitu pasipatanana. Najan kalakuanana goréng, henteu kudu loba dicawad komo disentak. Da budak mah tacan boga cekelan. Lamun ngalakukeun kagoréngan téh ulah nepikeun ka disentak. Alusna mah dipapatahan kalawan leuleuy jeung dijelaskeun kumaha kuduna, naon sababna éta anu goréng téh teu meunang dipigawé. Jadi lamun budak ngalakukeun kagoréngan, ulah meus-meus disentak, meus-meus disentak. Komo deui lamun pagawéanana téh teu pira pisan.

Ceuk kolot, budak leutik ulah loba teuing disentak téh apanan bisi ngakibatkeun budakna teunggar kalongeun. Budak anu loba teuing disentak osok loba ngahulengna. Lamun dititah téh tara langsung ngagoloyor atawa langsung daék. Tapi osok ngahuleng heula. Kitu cenah mah.

Jadi, dina nyawad budak mah ulah jeung maké sesentak sagala. Bisi goréng akibatna. Najan ieu hal téh tajan pasti aya pakaitna, leuwih hadé dijauhan atawa henteu dipilampah. Karunya ka budak….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.okezone.com/)

Ati Mungkir Beungeut Nyanghareup


Inget kana eusi hotbah Jumaah poé tadi. Judulna téh ngeunaan jalma munapék. Jalma munapék mangrupakeun hiji jinis pasipatan jalma anu béda pisan kaayaan haté katut kalakuan atawa ucapanana. Naon anu diucapkeun atawa dipilampah reujeung eusi haténa téh papalingpang. Ari ucap lampahna mah sapagodos reujeung batur, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah ngalakonan ibadah, sedengkeun ari haténa mah henteu. Ari ucap lampahna mah samiuk kana kahadéan, sedengkeun ari haténa mah samiuk kana kagoréngan. Pokona jalma anu munapék mah osok pasalia jeung papalingpang antara kaayaan haté reujeung ucap lampahna.

Dina migawé ibadahna jalma munapék mah ngan ukur hayang katangar wungkul. Ibadah téh lain kusabab ihlas néangan Rido Gusti Alloh, tapi hayang katempo ku jalma séjén. Hayang katangar ku batur yén manéhna téh tukang ibadah. Sok padahal dina haténa mah embung teuing kudu ibadah téh. Lamun henteu nempo batur ibadah mah manéhna téh moal ngiluan ibadah.

Ati mungkir beungeut nyanghareup

Ahirna, aya tilu tanda anu bisa nuduhkeun yén hiji jalma téh munapék, nyaéta:

  1. Lamun ngomong osok bohong. Jalma munapék mah lamun nyarita osok linyok bohong.
  2. Lamun jangji osok tara ditedunan. Jalma anu munapék mah teu bisa dicekel jangjina, da dina sakali ngajangjikeun osok udar tina jangjina.
  3. Lamun dibéré kapercayaan osok dihianat. Jalma anu munapék mah osok ngahianat kana kapercayaan batur anu mercayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://mohdapih.com/)