Reumis Beureum dina Eurih


Ngeunaan reumis, jadi inget kana kawih Reumis Beureum dina Eurih anu dikawihkeun ku Maé Nurhayati. Kabeneran manggihan ieu kawih dina komputer. Sakalian waé nyutat rumpakana. Ieu lagu téh meunang ngarumpakan Mang Koko Koswara. Ari wanda ieu lagu nyaéta Kawih Degung.

Reumis beureum dina eurih

Bray balébat pangharepan
Hayam raong patémbalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Néangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan
Duh kahuruan

Jol ka lamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdon sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan gening bet suwung
Piraku rék niat pundung
Rék niat pundung

Harita téh geus bray-brayan
Basa datang ka sampalan ieuh
Kembang eurih pareng nebak
Barodas baseuh cimata

Harita téh geus nyay-nyayan
Aya wirasat nu datang ieuh
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih

Gok amprok reujeung manéhna
Keur saré bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh geuning beureum rupana
Aduh nu saré dewang dadana

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.youtube.com/)

Kaduhung Tiheula


Sanajan kaduhung téh osok pandeuri, lain hartina taya kaduhung anu tiheula. Aya kalana kaduhung téh datangna tiheula. Kaduhung kusabab migawé pagawéanana téh tiheula.

Dina wanci isuk-isuk, lamun indit-inditan ka kebon atawa ka sawah osok paisuk-isuk. Indit ka kebon ulah nepikeun ka beurang teuing supaya beubeunangan di kebonna loba atawa lega. Lamun isuk kénéh mah apanan apanan digawéna bisa sabataé henteu heureut waktuna kusabab geus beurang kaselang ku waktu Lohor.

Reumis dina jujukutan

Lamun indit ka kebon atawa sawah isuk-isuk kénéh kalawan nyorang jalan satapak anu pinuh ku jujukutan, biasana mah dangdaunanana osok baraseuh ku cai ibun. Komo jalan satapak anu jujukutanana ngémplo mah, dangdaunan téh osok ngaroyom ka jalan anu keur peujeuh mah leutik. Atuh lamun ngaliwatan éta jalan, baju atawa calana téh bakal baraseuh kabaseuhan ku reumis anu ngagarenclang dina tungtung dangdaunan. Cai ibun dina dangdaunan dina waktu isuk-isuk mah, moal waka ilang lamun tacan kapanasan ku cahya panonpoé atawa kaendagkeun ku angin atawa kadupak ku anu ngaraliwat.

Atuh lamun reumisna sapapanjang jalan mah bisa nyababkeun baseuh jibreg kana baju atawa calana.

Ieu anu disebut kaduhung tiheula. Kaduhung bet indit ka kabon atawa sawah pangheulana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Kaduhung Tara Tiheula


Dina nyokot atawa nangtukeun pilihan tina sababaraha pilihan osok nyababkeun rasa kaduhung ahirna lamun pilihan anu dipilihna bengkung bekas nyalahan. Nyokot pilihan téh nyababkeun rasa hanjelu atawa miboga rasa salah naha bet milih pilihan anu éta. Rasa hanjelu kusabab nyokot pilihan anu ‘salah’ biasana mah osok karasa tipandeuri, satutasna karasa akibat tina milih perkarana. Rasa hanjelu tara datang ti heula, tara datang saméméh nyokot atawa nangtukeun pilihan. Pon kitu deui rasa hanjelu tara datang nalika nangtukeun pilihan. Rasa hanjelu osok datang sanggeus nangtukeun pilihan, naha harita kénéh sanggeus nangtukeun pilihan atawa sanggeus sababaraha lila ti waktu nangtukeun pilihan.

Kusabab kitu, anu ngaranna hanjelu atawa kaduhung mah tara ti heula. Kaduhung datangna ti pandeuri.

Ngeunaan ieu, taya deui carana. Supaya henteu kaduhung engkéna, kudu asak-asak dina milih, kudu bener-bener nangtukeun pilihan. Nangtukeun pilihan kudu dibeuweung diutahkeun heula, ulah ujug-ujug nangtukeun pilihan tampa tinimbangan heula. Nangtukeun pilihan kudu dipikir heula masing asak. Supaya henteu kaduhung ahirna.

Rasa kaduhung

Dina waktuna nangtukeun pilihan mah tacan tangtu karasa akibatna. Moal waka karasa kumaha piengkéeunana. Moal waka karasa kumaha jadina dina sababaraha waktu anu bakal kasorang. Dina nangtukeun pilihan, ukur bisa ngira-ngira kumaha piakibateunana. Ngira-ngira anu dumasar kana rarasaan sorangan, dumasar kana tinimbangan jalma séjén anu dijadikeun tempat tatanya atawa gunung pananggeuhan, atawa dumasar kana daluang atawa sajarah anu geus nyata ngeunaan hal anu dipilih. Loba kasangtukang jalma-jalma ti heula anu bisa dijadikeun pieunteungeun atawa picontoeun dina nangtukeun pilihan.

Pokona, dina nangtukeun pilihan kudu asak-asak milih, supaya henteu nyababkeun kaduhung engkéna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Tetekon téh Dijieun Pikeun Dirempak


Aya perkara anu osok jadi guyonan ngeunaan tetekon atawa aturan atawa papagon, hususna tetekon anu dijieun ku jalma. Guyonanana téh cenah, tetekon dijieun pikeun dirempak.

Tetekon

Tetekon atawa aturan sabenerna mah dijieun pikeun ngatur jeung ngawawatesanan reujeung nyegah jalma kana ngalakonan atawa milampah atawa ngalakukeun perkara-perkara anu aya dina tetekon anu dijieun. Dina tetekon diatur mana anu bisa dilakukeun reujeung mana anu teu meunang dilakukeun. Biasana, dijéntrékeun ogé akibatna lamun aya jalma anu ngarempak tetekon anu dijieun, anu bisa disebut hukuman. Lamun aya jalma anu ngarempak tetekon anu geus ditetepkeun, biasana mah bakal meunang akibat anu jelas dina tetekonna. Tujuan tetekon biasana mah supaya jalma-jalma dina ngalakonan kahirupanana bisa runtut raut sauyunan henteu nepikeun ka nyababkeun pacéngkadan.

Ngan nyakitu téa, geus jadi pasipatan jalma lamun diulah-ulah téh osok matak panasaran, dicegah téh kalah mantangul. Anu tungtungna anu teu meunang dilakonan téh kalah dilakonan, sedengkeun anu dititah kalahka ditinggalkeun. Jalma téh rada susah diaturna. Komo deui lamun anu dicegah reujeung diteumeunangkeunana téh anu biasa dilakonana atawa anu ngeunah najan ngeunah keur dirina sorangan. Anu tadina biasa dipigawé, tuluy jadi teu meunang dipigawé, atuh wegah ogé ninggalkeunana.

Kusabab kitu, beuki loba tetekon anu dijieun pikeun ngatur ngeunaan hiji perkara anu tacan aya aturanana dina tetekon anu dijieun ku jalma. Ngan nyakitu téa, najan tetekonna geus ditegeskeun, ari kabiasaanana ngalakonan éta perkara (perkara anu jadi teu meunang), susah ninggalkeunana.

Teu anéh lamun loba anu nyebut tetekon téh dijieun pikeun dirempak.

Ngan henteu kabéh jalma saperti kitu. Aya kénéh jalma anu satuhu kana tetekon anu dijieun. Aya kénéh jalma anu mareketkeun diri pikeun ngalaksanakeun tetekon anu dijieun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://tulishukum.wordpress.com/)