Nepikeun ka Pakétrok Iteuk


Lamun kaparengan papada sarua dipanjangkeun umurna, taya deui anu dipiharep, kajaba bisa babarengan salilana atawa salila dibéré waktu ngajalankeun kahirupan. Ti mimiti babarengan ti keur ngora kénéh, nepikeun ka aki-aki nini-nini, bisa babarengan sabobot sapihanéan runtut raut sauyunan. Henteu nepikeun pegat di tengah jalan. Ngan ukur umur anu bisa megatkeunana. Kitu kalolobaan anu dipiharep ku unggal jalma dina ngalakonan atawa nyorang kahirupan rumah tanggana.

Mangtaun-taun ngalakonan kahirupan rumah tangga henteu nyababkeun nguranganana kanyaah. Kanyaah angger aya, henteu luntur kaibunan henteu laas kahujanan. Najan nepikeun ka leumpang diseundak maké tongkat atawa iteuk, angger tetep renggenek dina kahirupanana, henteu nepikeun ka leungit.

Nini jeung aki

Kanyaah reujeung tali kakait pikeun hirup babarengan aya salawasna nepikeun ka tongkat atawa iteuk anu dipaké pikeun mantuan nangtung reujeung leumpang téh diadu atawa pakétrok. Iteuk ngajadi saksi dina raketna tali laki rabi dua jalma. Kusabab kitu, laki rabina téh disebutna nepikeun ka pakétrok iteuk.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)

Tuturut Munding


Inget lamun keur jeung babaturan. Lamun anu saurang (Si Anu) remen nurutan kalakuan atawa lalampahan babaturan anu séjénna, anu diturutanana téh osok nyebut tuturut munding ka si Anu. Lamun nurutanana téh kaleuleuwihi atawa keteterusan osok jadi kesel ka anu diturutanana, kaluar kecap ulah tuturut munding. Kitu cenah, teu meunang tuturut munding. Jalma anu osok nurutan kalakuan atawa lalampahan jalma séjénna osok disebut tuturut munding.

Naha da henteu murutan munding kuring mah. Kitu paling ogé jawaban budak anu nurutanana téh. Apanan anu diturutanana ogé lain munding, tapi jalma kénéh. Kitu alesan budak anu nurutanana. Aya benerna ogé. Anu diturutanana apanan lain munding tapi jalma kénéh, tapi naha bet nelah tuturut munding?

Munding anu ditendok

Cenah, tuturut munding téh sakumaha kalakuan munding. Lamun mundingna geus diténdok, bakal nurut. Nurut ka saha? Nya euweuh deui kajaba ka anu nungtunna. Munding bakal nurut ka jalma anu nungtunna. Teu nempo arék ka mana-mana atawa kumaha-kumahana, pokona mah nurut waé. Dibawa ka tempat anu harésé ogé, nurut waé. Dititah ngeueum di situ ogé daék waé.

Jalma anu tuturut munding ogé sigana mah teu jauh ti kitu. Jalma anu tuturut munding, lain ngan ukur nurutan wungkul kana lalampahan atawa kalakuan wungkul. Leuwih ti éta. Jalma anu disebut tuturut munding mah nurutanana téh bari jeung teu dipikir heula atawa tampa tinimbangan heula. Naon anu dipilampahna teu diukur atawa diniléy heula. Sagala hal atawa perkara anu dilakonan ku anu jadi turutaneunana dipilampah bari jeung teu apal nanaonna, keur naon hal éta dipilampah jeung kunaon sababna hal éta dipilampah. Intina mah, migawé pagawéan (lalampahan) anu teu apal kana naon anu dipigawéna. Asal aya conto ti jalma anu kudu diturutanana, manéhna langsung migawé tampa loba tatanya jeung loba pikiran. Hal ieu condong kana hal anu goréng lain dina perkara anu alus.

Nya…, bisa ogé jalma anu tuturut munding mah jalma anu taya atawa kurang kuat pamadeganana. Sanajan ku tuturut mundingna ogé geus nuduhkeun pamadeganana, tapi angger waé anu ngaranna tuturut munding mah diniléyna téh ka lebah anu goréng.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)