Kaduhung Nungtun Domba Tiheula


Teu salawasna domba diparaban di kandangna. Dina sawaktu-waktu mah domba téh aya kalana diparaban bari dianggon. Domba téh diabringkeun ka tegalan. Ti isuk-isuk nepikeun ka beurang, domba téh diabur waé di tegalan anu pinuh ku jujukutan. Tibatan ngala jukut katut manggulan jukut, mending kénéh dianggon. Kari nungtun domba maké tali, ditungtun ka tegalan atawa kebon anu pinuh ku jujukutan anu haréjo, terus diabur atawa dicangcang dina tatangakalan. Ingkeun nepikeun ka sareubeuhna. Terus diringkeun deui ka kandangna.

Enggeus ngan kitu wungkul.

Budak keur ngangon domba

Dibandingkeun reujeung ngala jukut pikeun parab domba mah gampang kénéh ngangon domba. Teu kudu beurat nananggung atawa mamanggul jukut. Kari daék ngagiringkeun domba, kitu wungkul. Éta ogé kétang lamun dombana daék dibawa ka mamana, jeung geus loma. Lamun dombana merod mah apanan leuwih susah ngangon domba tibatan ngala jukut. Domba anu merod mah tong bororaah dibabawa ka tegalan, dalah ngan ukur dikaluarkeun ti kandangna ogé embungeun. Komo lamun dombana jalu mah, lain merod deui. Domba jalu mah bisa-bisa kalahka neunggar.

Di jalanna, najan dombana bageur tacan tangtu terus-terusan daék dibabawa ka mamana. Aya kalana di tengah jalan mah tara daékeun ditungtung atawa digiringkeun. Anu tadina bageur téh bisa jadi merod di jalan. Dina lebah digiringkeunana, domba téh embung maju. Nya kapaksa kudu ditungtun. Lamun masih kénéh embung, nya kudu rada digusur. Dina lebah ditungtunna, aya waé gogodana. Kadang aya domba anu osok neunggar ka anu nungtunna. Daék ku daékna ditungtun, lamun dina keur apesna mah domba téh osok neunggar.

Leuwih ngeunang ngagiringkeun domba tibatan nungtun domba mah. Ngagiringkeun mah moal diteunggar domba. Béda reujeung nungtun domba, osok diteunggar.

Ieu anu disebut kaduhung nungtun domba tiheula. Henteu nungtun domba tipandeuri.

(Gambar meunang nginjeum ti karawanginfo.com)

Ngantosan


Masih kénéh wanda Degung katut dihaleuangkeun ku Aah Suryani kalawan kénging ngarumpaka Mang Raida, aya kawih anu lainna. Judulna Ngantosan. Lumayan kanggo pangémut-ngémut sareng pangwawaas ka lembur. Ogé pikeun ngupahan kahayang anu hayang gera mulang.

Kawih ngantosan

Tong salempang duh mun kuring miang
Ulah ringrang jeung ulah rék bingbang
Najan jauh duh di nagri sebrang
Tangtu pasti kuring gé da bakal mulang
Tong salempang duh najan paanggang
Rék satia moal ngijing sila
Kapan jangji duh rék satia
Moal cidra jeung moal sulaya
Anjeun da masing tigin
Pageuh jangji sing yakin
Teguh kukuh sing pageuh
Ulah arék keuna ku gogoda
Masing tahan cocoba
Ulah gampang kagoda
Bisi éta cocoba
Balukarna matak cilaka

Tong salempang duh mun kuring miang
Ulah ringrang jeung ulah rék bingbang
Najan jauh duh di nagri sebrang
Tangtu pasti kuring gé da bakal mulang
Tong salempang duh najan paanggang
Rék satia moal ngijing sila
Kapan jangji duh rék satia
Moal cidra jeung moal sulaya
Anjeun da masing tigin
Pageuh jangji sing yakin
Teguh kukuh sing pageuh
Ulah arék keuna ku gogoda
Masing tahan cocoba
Ulah gampang kagoda
Bisi éta cocoba
Balukarna matak cilaka

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.youtube.com/)

Kanjut Kundang


Henteu maksud cawokah atawa jorang. Da ieu mah lain cawokah atawa jorang, jeung barina ogé taya pakaitna reujeung kecap jorang.

Anu dipimaksud ku Kanjut Kundang di dieu mah mangrupakeun ngaran pikeun wadah atawa tempat teuteundeunan. Ieu wadah dijieun pikeun tempat teuteundeunan kayaning duit atawa ubar budak. Kanjut Kundang teu leupas ti kolot (indung) anu miboga budak leutik atawa orok. Salian ti ngagagandong budak leutik atawa orok, ogé bari mamawa Kanjut Kundang. Malahan nalika keur saré ogé, Kanjut Kundang téh biasana mah tara jauh ti budak anu keur saré.

Wawadahan anu nyarupaan kana Kanjut Kundang

Kanjut Kundang dijieunna tina lawon atawa kaén. Ngahaja dijieun nyarupaan kana kantong anu leutik, kalawan aya talian pikeun pamageuhna (pikeun muka reujeung nutupna). Éta tali bisa dicanggreudkeun reujeung dikendoran. Wangunanana mah siga burayot.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Al-Habib Islamic Widget, Wijét Kalénder Hijriyah


ayang miboga kalénder Hijriyah dina dékstop komputer? Gampang…! Kari ngajugjug waé ka loka al-habib, pikeun ngundeur wijét Kalénder Hijriyah. Dina éta disadiakeun rupa-rupa kalender Hijdriyah anu bisa dipaké pikeun diteundeun dina désktop. Jadi salian ti nyadiakeun  wijét kalénder anu bisa diteundeun dina loka (wéb), kalénder anu disadiakeun bisa dipasang dina désktop Windows. Ngan entragan Windows anu bisa dipasanganana ti mimiti Windows Vista ka dieunakeun (Windows Vista reujeung Windows 7). Ieu kalénder diteundeunna dina Desktop Gadgets.

Pilihan pikeun nyieun kalender dina wijet desktop

Pikeun ngala éta wijét, sanggeus asup ka alamat al-habib, pilih panumbu Islamic Calendar. Sanggeus kaluar daptar kalénder, pilih salasahiji wangunan kalénder anu dipikaresep, langsung teken waé kenop Get This Widget. Mangka bakal kaluar lambaran anu ngancokeun setélan kalender anu bakal dijieun. Atur setélanana anu cocog reujeung pangaresep. Sanggeus réngsé ngaturna, terus teken waé panumbu BLOG ME! anu tandana gambar kotak anu kalawan di tengahna aya lambang pesbuk, twitter jeung google+.

Bakal kaluar daptar gambar anu nuduhkeun web pangladén blog kayaning wordpress atau blogspot. Di luhurna aya daptar pilihan anu bisa digunakeun pikeun milih arék di mana diteundeunna éta wijét. Pilih waé desktop supaya bisa ngundeur wijét anu bisa diteundeun dina désktop Windows. Sanggeus milih éta tanda, bakal mucunghul kotak dialog Opening Islamic_Calendar.gadget. Tina éta kotak pilih waé Open with Windows Desktop Gadgets supaya langsung dipasang dina désktop. Teken kenop OK, pikeun ngundeur reujeung masangna. Tungguan nepikeun ka réngséna.

Sanggeus bérées bakal kaluar ancoan anyar dina désktop anu nuduhkeun tanggal ayeuna dina kalénder Hijriyah katut kalénder Maséhi.

Hasilna

Harepan Sumedang Puseur Budaya Sunda Masing Tinekanan


Mimitina teu pati kataji ku istilah Sumedang Puseur Budaya Sunda téh. Nganggap istilah Sumedang Puseur Budaya Sunda atawa disingket jadi SPBS, hal anu biasa-biasa waé. Paling anu jadi ingetan mah, rarasaan téh bet jadi reueus kusabab Sumedang dijadikeun tempat atawa puseurna kabudayaan sunda. Teu anéh, salaku urang Sumedang anu mikaresep kana budaya Sunda (kabeneran waé dibabarkeun di wewengkon Pasundan), miboga rasa reueus lamun bali geusan ngajadi-na dijadikeun puseur kabudayaan anu aya di wewengkon Pasundan. Rasa reueus dibarung harepan susuganan éta istilah téh bisa nanjeur hususna di Sumedang, bisa ngahangkeutkeun deui kabudayan anu bisa ampir laleungitan tina kahirupan urang Sunda.

Rarasaan teu bisa leuwih ti ngarasa reueus. Da dina ngilu ilubiungna ogé tacan kaimpleng kudu kumaha. Salaku rahayat biasa mah, ngan ukur bisa ngaharepkeun reujeung ngarojong ti kajauhan. Mudah-mudahan éta kahayang reung rarancang téh bisa kalaksanakeun, tur hasilna bisa kaala ku sakabéh rahayat hususna rahayat Sumedang jeung umumna pikeun urang Sunda satatar Pasundan.

Sumedang Puseur Budaya Sunda

Sumedang Puseur Budaya Sunda, dipiharep bisa dijadikeun jalan pikeun nanjeurkeun deui budaya Sunda anu ampir pareum kaséréd kalindih ku jaman. Kabudayaan Sunda bisa dimekarkeun deui, bisa ditanjeurkeun deui kuayana éta rarancang (program).

Lamun nyutat hartina, SPBS téh mangrupakeun hiji kawijakan anu dipaké pikeun jadi cukang lantaran nanjeurkeun budaya Sunda di kabupaten Sumedang anu gunana pikeun mageuhan kabudayaan Jawa Barat jeung Indonésia. Sedengkeun ari tujuanana cenah pikeun nguatkeun jatidiri aparat pamaréntah katut masarakatna turta nguatan daya saing daérah.

Atuh lamun nilik kana tujuanana taya deui salian ti kumaha supaya bisa naékeun harkat darajat urang Sunda dina kahirupanana. Kumaha supaya urang Sunda téh bisa miboga jadi diri anu loyog reujeung budayana.

(Gambar meunang nginjeum http://bappeda.sumedangkab.go.id/)

Reumis Beureum dina Eurih


Ngeunaan reumis, jadi inget kana kawih Reumis Beureum dina Eurih anu dikawihkeun ku Maé Nurhayati. Kabeneran manggihan ieu kawih dina komputer. Sakalian waé nyutat rumpakana. Ieu lagu téh meunang ngarumpakan Mang Koko Koswara. Ari wanda ieu lagu nyaéta Kawih Degung.

Reumis beureum dina eurih

Bray balébat pangharepan
Hayam raong patémbalan
Ngadigdig nyungsi laratan
Néangan sugan jeung sugan
Kamana atuh panutan
Basa lembur kahuruan
Duh kahuruan

Jol ka lamping suku gunung
Ditempo sugan di kedung
Didongdon sugan ka lisung
Ka sawah sugan ka saung
Panutan gening bet suwung
Piraku rék niat pundung
Rék niat pundung

Harita téh geus bray-brayan
Basa datang ka sampalan ieuh
Kembang eurih pareng nebak
Barodas baseuh cimata

Harita téh geus nyay-nyayan
Aya wirasat nu datang ieuh
Reumis beureum dina eurih
Bareureum baseuh ku getih

Gok amprok reujeung manéhna
Keur saré bangun nu tibra
Imut mapag langit jingga
Kembang eurih sasarapna
Aduh geuning beureum rupana
Aduh nu saré dewang dadana

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.youtube.com/)

Kaduhung Tiheula


Sanajan kaduhung téh osok pandeuri, lain hartina taya kaduhung anu tiheula. Aya kalana kaduhung téh datangna tiheula. Kaduhung kusabab migawé pagawéanana téh tiheula.

Dina wanci isuk-isuk, lamun indit-inditan ka kebon atawa ka sawah osok paisuk-isuk. Indit ka kebon ulah nepikeun ka beurang teuing supaya beubeunangan di kebonna loba atawa lega. Lamun isuk kénéh mah apanan apanan digawéna bisa sabataé henteu heureut waktuna kusabab geus beurang kaselang ku waktu Lohor.

Reumis dina jujukutan

Lamun indit ka kebon atawa sawah isuk-isuk kénéh kalawan nyorang jalan satapak anu pinuh ku jujukutan, biasana mah dangdaunanana osok baraseuh ku cai ibun. Komo jalan satapak anu jujukutanana ngémplo mah, dangdaunan téh osok ngaroyom ka jalan anu keur peujeuh mah leutik. Atuh lamun ngaliwatan éta jalan, baju atawa calana téh bakal baraseuh kabaseuhan ku reumis anu ngagarenclang dina tungtung dangdaunan. Cai ibun dina dangdaunan dina waktu isuk-isuk mah, moal waka ilang lamun tacan kapanasan ku cahya panonpoé atawa kaendagkeun ku angin atawa kadupak ku anu ngaraliwat.

Atuh lamun reumisna sapapanjang jalan mah bisa nyababkeun baseuh jibreg kana baju atawa calana.

Ieu anu disebut kaduhung tiheula. Kaduhung bet indit ka kabon atawa sawah pangheulana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)