Aya lagu anyar kapanggih sanajan sabenerna mah lagu heubeul. Lagu ieu kaasup lagu heubeul da geus aya ti baheula kénéh. Ieu lagu judulna Kabogoh Kuring anu dinyanyikeun ku Bimbo. Kabeneran ngeunaan saha anu ngarumpakana mah tacan nepi inpona. Ieu lagu kapanggih ti loka FREE DOWNLOAD MP3 lambaran Pop Sunda Baheula.

Wilujeng nengetan waé rumpakan laguna….
Kabogoh kuring téh opat
Pamor séksi rupa-rupa
Nu kahiji panggeulisna
Hanjakal sempek beuheungnaKabogoh kuring téh opat
Pamor séksi rupa-rupa
Nu kadua pangbageurna
Hanjakal teu kaop dirungrumItu gunung ieu gunung
Cibogo tutugan Paséh
Itu embung, ieu embung
Kabogoh, naripu kabéhItu gunung ieu gunung
Cibogo tutugan Paséh
Itu embung, ieu embung
Kabogoh, naripu kabéhKabogoh kuring téh opat
Pamor séksi rupa-rupa
Nu katilu panglungguhna
Hanjakal pénjol sirahnaKabogoh kuring téh opat
Pamor séksi rupa-rupa
Nu kaopat panglucuna
Hanjakal nongnong tarangnaItu gunung ieu gunung
Cibogo tutugan Paséh
Itu embung, ieu embung
Kabogoh, naripu kabéhItu gunung ieu gunung
Cibogo tutugan Paséh
Itu embung, ieu embung
Kabogoh, naripu kabéh