Samagaha Pipikiran


Ngajalanan kahirupan teu salawasna mulus banglus jalanna ngeunah ngahenang-ngahening. Aya kalana jalan kahirupan téh garinjul pinuh ku batu nu rinjul. Jalan anu lempeng tur mulus banglus matak ngeunah kana haté jeung kana diri dina ngajalananana, teu kudu ripuh teu kudu susah. Matak ngeunah dahar, tibra saré.

Ngan anu ngaranna kahirupan. Teu salawasna aya dina kangeunahan. Aya kalana nincak kaayaan anu matak teu ngeunah jeung matak susah. Kahirupan anu susah, loba jinis jeung sababna. Kasusah anu biasa-biasa waé, teu pati jadi pikiran jeung teu matak ngaganggu kana kahirupan. Aya kasusah anu matak gering nangtung ngalanglayung, matak lieur mikiranana, matak baluweng kana sirah. Rupa-rupa kasusahna, gumantung kana jinisna jeung kumaha cara nyanghareupanana. Kasusah anu leutik, gampang disanghareupanana. Sedengkeun kasusah anu gedé, matak hésé ogé nyanghareupanana.

Hasil jeung gagal dina nyanghareupan kasusah (masalah)

Salian ti jinis kasusah anu ngabédakeun gedé leutikna kasusah, ogé cara atawa jalan dina nyanghareupan éta kasusah bisa ngabédakeun gedé leutikna kasusah anu disanghareupan. Najan ukuran kasusahna kacida leutikna, tapi lamun cara nyanghareupanana salah mah bisa jadi gedé (dina harti susah ngungkulanana). Jeung najan kasusahna gedé, lamun bener nyanghareupanana mah éta kasusah téh ukuranana bisa jadi leutik.

Ahirna mah, kasusah dina kahirupan téh balik deui gumantung ka jalma anu nyanghareupanana. Kasusah anu disanghareupan bisa jadi hiji kasusah anu gedé mungguh ukuranana atawa mungguh nyanghareupanana. Lamun salah nyanghareupanana, kasusah anu leutik bisa nyababkeun samagaha pipikiran nu susah néangan jalan atawa cara ngungkulanana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://asmarie.blogdetik.com)

Samagaha, Nalika Panonpoé Dilegleg Bulan


Kakara apal yén dina poé ayeuna (naha da isukan cenah anu benerna mah) téh cenah aya samagaha. Sanajan ka wewengkon kuring mah hanteu kaliwatan, tapi sahanteuna kudu apal ogé yén poé ayeuna téh aya kajadian samagaha. Da jarang kaparengan manggihan anu ngaranna samagaha téh.

Samagaha téh hiji kaayaan nalika cicingna panonpoé kahalangan ku bulan. Jadi bumi (alam dunya)-bulan-panonpoé aya dina kaayaan ngajajar kalawan lempeng. Kusabab panonpoé téh cicingna kahalang ku bulan, atuh cahya panonpoé ogé kahalangan ku bulan. Antukna kaayaan di alam dunya téh jadi poék da henteu katojo ku cahya panonpoé téa.

Samagaha cingcin

Dina kahirupan, kecap samagaha biasa dipaké pikeun nuduhkeun kaayaan diri atawa haté jalma anu poék mongkléng. Anu tadina biasa caang, jadi poék. Éta téh samagaha ngaranna. Poékna haté jalma bisa ku naon waé sababna. Naha arék ku jalan leungitna kabungah, dipegatkeun ku bébéné atawa beubeureuh, ditinggalkeun ku kolot atawa anu jadi pananggeuhan, jeung réa-réa deui.

Kitu deui reujeung samagaha panonpoé. Anu biasana mah beurang téh caang ku moncorongna cahya panonpoé, dina waktu kaayaan samagaha mah jadi poék taya cahya. Poékna beurang nalika samagaha, gumantung kana kaayaan samagahana. Aya samagaha pinuh, samagaha sabagéan, jeung samagaha cingcin. Dina samagaha pinuh mah, cahya panonpoé kahalangan sakabéhna ku bulan. Samagaha sabagéan mah ngan ukur sabagéan wungkul anu kahalanganana. Sedengkeun samagaha cingcin mah ngan ukur kahalangan tengahna wungkul, ari sisi-sisina mah henteu kalangan (panonpoé katempona siga cingcin).

Tah, samagaha dina poé ayeuna mah, 29 Jumadil Ahir/20 Mei, cenah samagaha cingcin.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.isdaryanto.com/)