Néangan Babaturan anu Ngagunakeun WordPress


Aya kamonésan (rada) anyar anu aya dina WordPress. Kamonésan ieu kacida mangpaatna pikeun néangan babaturan anu sarua maké atawa miboga blog di WordPress. Kamonésan ieu ngaranna Friend Finder (lamun ceuk urangna mah Pamaluruhan Babaturan). Pamaluruhan Babaturan ieu bakal nyambung ka Twitter, pésbuk atau kontak Google anu miboga akun WordPress. Pikeun maluruh babaturan, teken wae panumbu (kenop) anu disadiakeun: kenop twitter (pikeun nyambungkeun ka Twitter), facebook (pikeun nyambung ka pésbuk), atawa Google Contacts (pikeun nyambung ka kontak Google).

Pamaluruhan babaturan

Sanggeus dibéré idin pikeun ngagunakeun Twitter, pésbuk atau kontak Google, WordPess.com bakal maluruh babaturan urang. Hasil pamaluruhan bakal diancokeun (dipidangkeun) mangrupa daptar babaturan katut ngaran blog WordPress-na.

Panumbu Follow bisa digunakeun pikeun nuturkeun blog anu dipilih. Lamun urang nuturkeun hiji blog, mangka nalika blog éta medalkeun tulisan, bakal kaluar tulisanana dina Pidangan Blog I Follow, di handapeun Reader.

Lamun mikaresep néangan blog anu alus anu baris dituturkeun, bisa maluruh daptar blog anu aya dina Recommended Blogs.

5 thoughts on “Néangan Babaturan anu Ngagunakeun WordPress

  1. aya ku aneh bari era parada. na ka kampung ciburuan dugi seratan anyar sim kuring, padahal nembe teh eror ngatwitna.
    geuningan aya kamonesan Maluruh Balad. Urang uningakeun nya ka wadya balad ngalangkungan mamabojong.wordpress.com

    Like

Tunda talatah