Carang Takol


Loba perkara (barang) anu bisa ngaluarkeun sora lamun ditakol. Aya kohkol, aya bedug, aya goong, aya calung, aya dogdog, aya kendang jeung réa-réa deui barang anu kudu ditakol lamun hayang kadéngé sorana. Malahan méja jeung panto ogé lamun ditakol mah bakal disada atawa ngaluarkeun sora. Perkara-perkara éta bakal ngaluarkeun sora lamun ditakol. Lamun henteu ditakol mah moal ngaluarkeun sora sakumaha anu dipimaksud ku anu nakolna.

Lamun jalma remen nakol kana éta barang, mangka bakal remen ogé ngaluarkeun sorana. Lamun carang ditakol, atuh ngaluarkeun sorana ogé bakal jarang.

Pon kitu deui ninggang di jelema. Aya jalma anu kakara bisa kadéngé sorana atawa ngaluarkeun sora lamun ditakol. Lamun éta jalma henteu ditakol mah moal kadéngé sorana. Tapi di dieu mah lain hartina jalma kakara bisa nyarita lamun ditakol sakumaha goong ditakol, tapi dipaksa atawa dititah pikeun nyarita. Da lamun ditakol maké panakol mah, komo ditakol sirahna, lain kadéngé deui sorana tapi pastina ogé ngagantawang nyarékan.

Gambaran jalma anu cicingeun

Jalma anu carang takol mah arang langka nyarita atawa ngomong. Kakara ngomong lamun geus dititah ngomong atawa kapaksa kudu ngomong. Lamun dina kaayaan biasa-biasa mah tara ieu cacarita atawa kedal omongan.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Hilir jeung Girang


Hilir jeung girang. Ngaran dua tempat anu papasangan. Lamun aya hilir pasti aya girang, pon kitu deui sabalikna lamun aya girang pasti aya hilir. Girang jeung hilir aya pakaitna reujeung cai jeung tempat ngocorna cai (susukan, walungan) katut patempatan anu kasorang ku paranti ngocorna cai. Cai osok ngocor ti girang muru ka hilir. Ngocorna bisa ngaliwatan selang, pancuran, susukan atawa walungan.

Girang nuduhkeun tempat mimiti atawa asal ngocorna cai. Tempat anu deukeut kana asal ngocorna cai (huluwotan, cai nyusu) biasa disebut girang. Girang biasana leuwih luhur tibatan hilir (sakumaha cara ngocorna cai, ti tempat anu luhur ka tempat anu leuwih handap). Girang lain ngan ukur ngaran pikeun hulu cai (huluwotan) wungkul, tapi ogé pikeun ngaran tempat disabudeureun hulu cai.

Ari hilir nuduhkeun tempat anu dituju ku cai anu ngocor, tempatna leuwih handap tibatan girang. Cai anu ngocor ti girang téh muru ka tempat anu disebut hilir. Tempat panungtungan anu disebut hilir biasana mah disebutna muara anu aya di basisir.

Cai walungan ngocor ti girang ka hilir

Ari tempat anu perenahna di tengah-tengah antara girang reujeung hilir, bisa disebut girang atawa hilir. Gumantung kana perenahna (tempat) cicing anu nyebut. Lamun perenah (cicingna) anu nyebut di deukeuteun hilir, patempatan anu perenahna di tengah-tengah antara girang jeung hilir disebutna girang. Lamun tempat cicingna anu nyebut di deukdeuteun girang, disebutna téh hilir.

(Gambar meunang nginjeum ti http://files.myopera.com/)

Kuriak


“Mon, kolot manéh keur ka marana?” Si Acim nanya ka si Omon basa manéhna unggah ka golodog imahna di Omon. Pédah waé nanya kituna téh ku manéhna katempo imahna si Omon mani jarempling, taya sasaha.

Anu ditanya henteu langsung ngajawab. Manéhna langsung asup ka jero imah. Teu lila, ngelol deui ti lawang panto, bari ngajawab pananya si Acim, “Keur ka imah si Duyéh.”

“Aya naon kitu…?” Si Acim neuteup bari panasaran.

“Manéh teu apal kitu?” Si Omon malik nanya. Manéhna gék diuk dina golodog luareun tepas, dituturkeun ku si Acim anu ngadon ngilu diuk di sagedengeun si Omon.

Anu ditanya teu ngajawab.

“Apanan kolotna si Duyéh téh keur kuriak.” Si Omon ngajelaskeun.

“Kuriak? Pindah ka mana kitu imahna…?” Si Acim nanya deui.

“Heueuh.” Si Omon unggeuk. “Ari tempatna mah angger di dinya kénéh.”

“Sugan téh pindah tempatna ogé.”

“Angger di dinya. Ngan wangunan imahna ganti. Hayang jadi imah gedong cenah mah.” Si Omon ngajelaskeun deui.

“Wah lila atuh ngawangun imahna lamun jadi imah gedong mah.”

“Nya pasti éta mah atuh.” Témbal si Omon. “Ari kolot manéh mantuan teu?”

“Teu apal atuh. Da tadi mah basa kuring indit ka dieu mah aya kénéh di imah.” Témbal si Acim.

“Piraku waé teu mantuan ari apaleun mah. Kajaba lamun teu apaleun.”

“Heueuh sigana mah.”

Jalma-jalma eukeur nyieun imah

“Sigana kumaha…?” Si Omon neuteup ka si Acim.

Anu diteuteup ukur mésem, “Sigana mah mantuan….”

“Urang ka ditu atuh….” Si Omon ngajak ka si Acim.

“Ka mana…?”

“Urang ka imahna si Duyéh.”

“Nanaonan kitu ka ditu….”

“Nya urang nempo waé atuh. Susuganan aya pagawéan anu babari, urang mantuan.” Ceuk si Omon.

“Pagawaéan naon nya…?” Si Acim ngahuleng.

“Nya pokona mah ka ditu waé heula.” Si Omon ngajak deui. “Geus ka ditu mah, najan arék ngadon dahar wungkul ogé moal nanaon meureunan.”

“Ngadon dahar…?” Si Acim rada curinghak.

“Heueuh atuh…, ari teu éra mah….” Si Omon bari nyengir.