Salasahiji inpo beubeunangan ti acara The Amazing Nokia Lumia Developer Days Coding 4 Hours téh nyaéta ayana pasanggiri The Amazing Nokia Lumia Apps Challenge anu marebutkeun hadiah hénpon Nokia Lumia 710. Pasanggiri ieu bébas diiluan ku saha waé utama tukang nyieun program aplikasi dina hénpon. Carana ngiluan ieu pasanggiri téh ku jalan nyieun program aplikasi anu bakal dijalankeun dina hénpon Nokia entragan Lumia.

Ari sarat-sarat ngiluan ieu pasanggiri téh diantarana waé:
- Nyieun rarancang program aplikasi pikeun Nokia Lumia maké Windows Phone SDK
- Daptar ka alamat http://nice.or.id jeung pedalkeun aplikasina dina wangunan blog kalawan ngasupkeun judul, katerangan jeung conto gambar aplikasina. Paling elat dina ping 31 Maret 2012.
- Lamun aplikasina disatujuan, engkéna bakal dikontak ku Nokia Indonésia.
- Nokia 710 bakal dikirimkeun ka alamat anu daftar jadi barang injeuman.
- Aplikasi anu dijieun kudu dipedalkeun ka Windows Marketplace dina jangka waktu paling lila 30 poé satutasna disatujuan.
- Lamun bisa medalkeun tilu aplikasi saacan tanggal 30 Juni 2012, Nokia Lumia 710 bakal jadi hal milik. Lamun henteu, hénponna kudu dibalikeun deui ka Nokia Indonésia.
Pikeun anu panasaran atawa hayang meunang inpo leuwih jéntré bisa niténan inpo di alamat ieu http://nice.or.id/narenda/2012/02/10/the-amazing-nokia-lumia-apps-challenge/.
(Gambar meunang nginjeum ti http://nice.or.id/)