Momobilan tina Kai


Salian momobilan anu dijieunna tina dahan kawung, aya ogé momobilan anu dijieunna tina kai. Momobilan tina kai mah biasana wangunana rada tohaga. Kadang bisa ditumpakan lamun nyieun momobilanan weweg mah. Dina nyieun momobilan tina kai ieu dibutuhkeun alat-alat anu rada loba jeung bahan-bahan anu loba ogé.

Dina nyieunna biasana mah wangunan momobilan téh osok nurutan mobil treuk. Pikeun anu leukeun mah, wangunana mobil treuk téh ampir kabéhanana diturutan. Aya tabeng anu bisa dibuka, aya kaca spion najan henteu tina kaca, ban tukang sabeulahna aya dua, dina kiding sisi bakna aya kai anu narangtung, reujeung per dina as ban tukang supaya bisa ngenyod.

Momobilan tina kai

Dina nyieun momobilan tina kai mah diperlukeun alat-alat diantarana waé: ragaji, bedog, sugu (lamun hayang lemes kaina), kampak, palu, meteran atawa pasekon. Sedengkeun bahan-bahan anu diperlukeun téh nyaéta: kai atawa bahbir, paku, karét ban, kai anu buleud jeung anu séjénna.

Ku barudak, momobilan tina kai ieu mah osok dipaké narik susuluhan, atawa ngahaja dipaké narik babaturanana (ditumpakan).

Bilih Aya Turus Bengkung


Turus? Anu kaimpleng mah nya tuturus. Tuturus paranti ngarambatna areuy pepelakan sabangsaning kacang panjang, atawa hui kamayung. Tuturus téh dijieun tina tatangkalan anu ukuranana leutik jeung baseuh kénéh. Tuturus anu alus mah adeganana lempeng ngalekeceng, ti handap nepikeun ka luhur. Henteu bengkung najan saeutik ogé. Najan kitu, dina kanyataanana mah da henteu kitu. Aya kalanana tuturus téh anu bengkungna. Naha saeutik atawa loba. Tapi lain kusabab ngahaja néangan anu bengkung, tapi da ayana tangkal anu bengkung, atawa tangkalna ngabengkungan (jadi bengkung).

Tuturus areuy kacang

Dina kahirupan ogé kitu. Utamana dina uucapana atawa omongan. Omongan anu alus mah apanan anu lempeng reujeung kanyataan, lempeng reujeung haté anu beresih atawa alus. Omongan anu teu matak ngaraheutan diri sorangan katut diri batur. Omongan anu teu matak nyababkeun pacogrégan.

Ngan dina kanyataanana, aya kalana omongan téh osok pasalia reujeung pamaksudan, pasalia reujeung haté. Naha dihaja atawa henteu dihaja. Najan dina haté mah maksud téh arék ka kaler, atuh ari kedal bet ka kidul.

Lamun kitu kanyataanana, aya alusna lamun ménta hampura ka papada jalma, kusabab bilih aya turus bengkung.