Dina waktu réngsé ngasupkeun tulisan blog anu judulna Firebug, Pakakas Tambahan Pikeun Ngaroris Program Wéb, aya anu anéh. Anu anéh téh ngeunaan lambaran anu diancokeun sanggeus suksés ngasupkeun tulisan anu tadi kana WordPress. Lambaran anu diancokeun téh jadi robah, langsung asup kana lambaran hareup anu di gigir kéncana aya pidangan, lain kana lambaran ropéa tulisan. Dina pidangan di gigir kénca téh disebutkeun kalimah Next Goal: 585 Posts. Éta kalimah téh mangrupakeun judul pikeun progress bar anu ditungtung katuhuna aya buleudan di tengahna aya béntang bari di luhureunana aya tulisan 4 to go. Naon maksudna nya…?

Padahal kuring mah teu pernah miboga kahayang atawa miboga targét supaya bisa ngahontal jumlah tulisan nepikeun ka 585 tulisan.
Panasaran ku kaayaan ieu, ahirna mah nyobaan waé meres pamanggih supaya bisa nyieun tulisan panambah saloba opat tulisan deui supaya bisa nepi ka 585 tulisan. Panasaran bakal kumaha lamun nepikeun kan 585 tulisan….
Ahirna mah meunang ogé pamanggih tulisan anu bakal diasupkeun ka WordPress. Diberedegkeun opat tulisan. Teu poho nalingakeun ogé parobahan anu kajadian salila ngasupkeun unggal tulisan ka WordPress. Hiji tulisan asup, tanda jumlah tulisanana robah. Pon kitu deui reujeung progress bar-na ogé robah beuki ngadeukeutan béntang dina buleudan (tulisanana ogé robah 3 to go).
Dua tulisan diasupkeun deui. Tungtungna mah progress bar-na nepi kana tanda béntang. Jumlah tulisan nuduhkeun 585 tulisan (Post 585 published). Judul progress bar jadi Goal of 585 Posts Completed. Congratulations!. Tanda béntangna jadi ngagedéan. Kitu wungkul…? Taya anu anéh.

Tapi…, kumaha lamun ditambahan deui tulisan ngaleuwihan 585 tulisan…? Naha ditolak atawa moal ku WordPress?
Panasaran….