Taya Paksaan dina Ngagem Ageman (Agama)


Euweuh paksaan dina agama, saéstuna geus nyata pituduh dibandingkeun reujeung anu kasasar. (QS Al-Baqoroh 2: 257)

Dina ngagem agama, Gusti Alloh henteu maksa jalma pikeun kitu atawa kieu. Naha kudu kitu atawa kudu kieu. Malahan mah arék ngagem agama naon ogé, taya paksaan. Jalma dibéré kabébasan pikeun nangtukeun ageman mana anu arék dipilihna, atawa nangtukeun jalan mana anu arék disorangna. Nyanggakeun ka jalmana.

Jalan lempeng

Ngan dina palebah dieu, jalma kudu bisa tanggung jawab kana pilihanana. Arék milih nanaon ogé atawa arék milih jalan anu kumaha waé ogé, kudu daék tanggung jawabna. Engké waktu ditalék, kudu daék nanggung kana naon anu geus dipilihna.

Dina perkara milih, saméméhna jalma milih tangtuna ogé diwawadianan heula ngeunaan naon waé anu bisa dipilihna. Rupa-rupa pilihan anu bisa dipilih dijelaskeun. Lain ngan ukur jinisna wungkul anu dijelaskeun téh tapi ogé reujeung akibatna lamun milih jalan éta. Aya jalan anu alus, terus kumaha akibatna lamun milih jalan anu alus reujeung kudu kumaha lamun geus milih jalan anu alus éta. Aya jalan anu goréng reujeung kumaha akibatna lamun milih jalan anu goréng éta katut kudu kumaha lamun geus milih jalan anu goréng éta.

Jadi dina unggal pilihan pasti aya akibat anu bakal kalakonan ku jalma anu milih éta pilihan. Naha arék akibat anu ayana di tungtung (di ahir) atawa ogé akibat anu ayana sanggeus nangtukeun pilihan. Lamun dina nangtukeun pilihan mah taya paksaan kudu milih mana, béda reujeung sanggeus nangtukeun pilihan. Akibat anu disababkeun ku milih hiji pilihan éta lain pilihan deui tapi geus jadi paksaan. Lamun milih jalan anu lempeng (alus), mangka kudu ngalakukeun pagawéan anu bener. Kusabab milih jalan anu lempeng, akibatna jalma kudu migawé pagawéan anu bener lain anu salah. Migawé pagawéan anu bener ieu geus jadi hiji paksaan kusabab milih jalan anu lempeng.

Naha Basa Sunda téh Bakal Leungit?


Geus lila, salaku urang Sunda anu mikaresep jeung mikahéman kana Basa Sunda, miboga rasa sieun bisi jeung inggis dina hiji waktu mah Basa Sunda téh bakal kari ngaran. Kari ngaran lain disababkeun urang Sunda areuweuh, tapi kusabab urang Sunda-na arembungeun ngagunakeun Basa Sunda. Urang Sunda leuwih resep maké Basa séjén tibatan maké Basa Sunda. Nya istilahna mah Jati kasilih ku junti téa.

Kahariwang ieu lain tanpa bukti. Bukti anu nyata ngeunaan kasieun ieu geus kabandungan dina kahirupan sapopoé, utamana di wewengkon dayeuh. Loba urang Sunda anu leuwih remen ngagunakeun Bahasa Indonesia tibatan Basa Sunda dina obrolan sapopoéna. Najan obrolanan téh reujeung sasama urang Sunda. Leuwih jauhna deui, budak ogé umumna diajarkeunana téh Bahasa Indonesia lain diajarkeun maké Basa Sunda. Jadi leuwih milih maké Bahasa Indonesia tibatan Basa Sunda. Tapi ieu mah lain mikaceuceub Basa Indonesia, ieu mah ngan ukur miboga kasieun, lamun henteu ku urang Sunda anu makéna ku saha deui atuh makéna Basa Sunda téh? Lamun lain ku urang Sunda, ku urang mana deui atuh anu bakal miara Basa Sunda téh.

Kongres Basa Sunda jadi jalan pikeun ngamumule Basa Sunda

Lamun kaayaan ieu diantepkeun, tangtuna ogé teuing sabaraha lila deui Basa Sunda téh bakal kari ngaran. Ayana mah aya, ngan euweuh anu ngagunakeun. Kusabab kitu kudu nyieun cara atawa tarékah anu nyata pikeun ngahalangan ieu kaayaan. Kudu néangan cara supaya Basa Sunda téh dipaké dina obrolan sapopoé, hususna ku urang Sunda. Tarékah mah katempona geus aya (bisa disebutkeun geus loba): ayana paraturan pamaréntah hususna Pemda Jawa Barat ngeunaan ngagunakeun Basa Sunda, panalungtikeun ngeunaan Basa Sunda supaya Basa Sunda bisa ngigelan jaman, ngagunakeun média (buku jeung internét) anu aya pikeun nyebarkeun Basa Sunda, jeung réa-réa deui. Mudah-mudahan waé sagala tarékah anu dijalankeun téh saeutikna aya matihna dina ngaleungitkeun kasieun yén Basa Sunda bakal leungit.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.jendelasastra.com)