Nalika keur nyungsi internét, terus miboga kahayang pikeun diajar Aksara Sunda? Bisa ngagunakeun bantuan loka atawa situs internét. Aya hiji situs anu nyadiakeun tempat pikeun ngarobah tulisan tina Aksara Latin kana Aksara Sunda. Aksara-aksara anu diasupkeun kana éta loka bisa langsung dirobah kana Aksara Sunda. Salian ti ku jalan nulis dina kotak anu disadiakeun, bisa ogé nyalin tulisan tina tempat séjén kana éta kotak. Teu lila ogé bakal aya tulisan dina Aksara Sunda anu mangrupakeun hasil ngarobah tina aksara Latin kana Aksara Sunda.
Loka anu nyadiakeun tempat pikeun ngarobah Aksara Latin kana Aksara Sunda téh nyaéta Konvérsi Aksara Latin – Aksara Sunda.

Atuh dina éta loka ogé disadiakeun kodeu-kodeu program anu bisa digunakeun pikeun nyieun loka anu sarupa reujeung éta loka (ngarobah tulisan tina aksara Latin kana Aksara Sunda). Éta program dijieun ku alpukahna Kang Dian Tresna Nugraha. Undeur waé ngaliwatan panumbu SundaConv-1.2.zip anu aya di bagéan handap éta situs. Nempo kana kateranganana mah éta program téh dijieun kalawan maké lisensi publik (lisensi GPL).