Ulah Ngadahar Cau Pangsisina


Diantara cau anu aya dina sasikat osok aya dua siki cau anu perenahna di pangsisina. Ceuk kolot cenah budak mah ulah ngadahar cau anu perenahna di sisi. Budak mah teu meunang ngadahar cau pangsisina. Cenah, bisi kasingsalkeun. Budak mana atuh anu hayang kasingsalkeun. Da teu ngeunah jadi budak atawa jalma anu kasingsalkeun mah. Dina prakna bakal dibagi dahareun ku anu boga hajat, apanan lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Dina perkara dibagi duit ogé sarua, lamun kasingsalkeun mah moal kabagéan. Pokona mah jadi budak anu kasingsalkeun mah teu ngeunah, bakal dibédakeun reujeung batur naha kusabab dihaja atawa henteu (teu asup itungan atawa teu kaitung dina waktuna bakal dibagi dahareun).

Cau sasikat

Sedengkeun ari anu ngaranna cau pangsisina téa, geus nelah apanan cau anu panggedéna dina sasikat téh. Saha anu teu hayang ngadahar cau anu gedé. Hiji ogé matak seubeuh.

Ka béhdieunakeun, cenah sababna budak teu meunang ngadahar cau pangsisina téh kusabab gedéna téa. Lamun budak ngadahar cau pangsisina, atuh kolot téh bakal kabagéan cau anu leutik. Da cau anu panggedéna geus didahar ku budak.

3 thoughts on “Ulah Ngadahar Cau Pangsisina

  1. Sumuhun leres Kang… namung kolot-kolot kapungkur mah ktu ning basa na teh.. maksad na mah supados henteu mubarir Kang.. da cau pangsisina mah badag ning… murangkalih mah sigana moal seep.. lebar….

    Like

Tunda talatah