Sésérahan


Isuk-isuk kénéh geus ngabring, ngiringkeun calon pangantén bari angkaribung barangbawa. Teu sirikna sagala dibawa. Ti mimiti anu hampang nepikeun ka anu beurat. Ngabring teu lalaki teu awéwé, teu budak teu kolot, ngilu nganteurkeun calon pangantén lalaki ti imahna nuju ka imah calon pangantén awéwé.

Gambaran jalma keur ngabring bari mawa barang keur diserahkeun ka calon pangantén awéwé

Dina poéan dirapalanana, biasana mah bari ngiringkeun calon pangantén lalaki, jalma-jalma anu ngilu nganteur pangantén lalaki téh, bari babawaan. Babawaan pikeun bekeleun hirup rumah tangga calon panganten. Lamun kaparengah anu panganténana téh salembur, nganteurkeunana tara maké kandaraan. Ngabringna téh bari laleumpang kaasup calon panganténna. Unggal anu ngiringkeun biasana mah teu nepikeun ka henteu barang bawa. Aya anu mawa baki dieusian sagala, anu mawa baskom eusi dahareun, anu nanggung atawa ngagotong cau, nepikeun ka anu manggul atawa ngagotong lomari pakéan. Pokona mah naon anu bakal dibekelkeun ka calon pangantén pikeun ngalakonan rumah tanggana, ti kolotna calon pangantén lalaki, dibawa dina poéan harita.

Jadi sakalian dirapalan téh, ogé langsung dikirim bekel pikeun ngalakonan hirup rumah tangga. Jigana mah supaya ulah bulak balik ngirim bekel. Da geus jadi kabiasaan, lamun geus dirapalan mah, pangantén téh ngalakonan hirup rumah tanggana osok ngilu heula di imah mitoha awéwé. Salila tacan meunang atawa nyieun imah sorangan mah osok ngadon ngilu di imah kolotna pangantén awéwé. Sahanteuna lamun geus sagala dibekelan mah ku kolot pangantén lalaki, piraku henteu betah cicing di imah kolot pangantén awéwé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTzbc35qBlSb0Q66NyeMc_2VneFgO-9-2eoxao56eupjU1fIfz6g4fEWY9nUQ)

11 thoughts on “Sésérahan

  1. Ngiringan ah,
    Sakaterang pribados, pami seserahan dipapag pepetasan mah, ayana di adat Sunda batawi nu tos kapangaruhan ku adat cina.
    Pangna disebut Sunda Batawi dan asli na mah urang batawi teh suku Sunda, jaman pajajaran mah disebutna urang Kalapa da dumuk di palabuhan sundakalapa.

    Like

  2. Manawi aya nu uningan, kumaha ari tatacara adat kawin sunda nu asli ti karuhun Pajajaran. Da ari nu ayeuna diaku seni/adat kawin sunda teh blég sami jeung tatacara perkawinan Jawa.
    Dina laratan sajarah, basa urang keur dilindih ku Demak, para gegedén ti karajaan sunda (réd. sumedang larang) diangkir malar diajar seni jeung tatacara adat karajaan Demak (tujuan améh adat jeung tatacara cara ngadep ka raja disaruakeun jeung kahayang raja nu kawasa da tata cara karajaan Sunda harita mah beda).

    Like

Kantunkeun Balesan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out /  Robih )

Google photo

You are commenting using your Google account. Log Out /  Robih )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out /  Robih )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out /  Robih )

Connecting to %s