Hirup pikeun Bajoang


Lamun ngadéngé kecap hirup téh pikeun bajoang, tangtuna ogé kalolobaan jalma bakal satuju. Satuju yén hirup téh salasahijina miboga tujuan pikeun bajoang. Moal aya anu ngangles, hirup teh lain pikeun bajoang. Ngan dina lebah naon anu kudu dibajoangkeun, tangtuna oge unggal jalma miboga cekelan sewang-sewangan. Bajoang anu samodel kumaha jeung naon anu kudu jeung keur dibajoangkeun ku unggal diri jalma.

Bajoang

Anu ngaranna bajoang pasti miboga tujuan atawa anu dituju naon kahayangna, naon tujuan bajoangna. Tujua bajoang biasana mah diteundeun ditungtung, anu kudu kasampeur jeung kalaksanakeun. Unggal jalma miboga kahayang jeung angen-angen katut tujuan sewang-sewangan, anu kudu dibajoangkeun. Naon anu kudu dibajoangkeun ieu, gumantung kana unggal diri jalma. Aya anu bajoang hayang meunang harkat darajat anu luhur. Aya anu bajoang pikeun ngalaksanakeun naon anu jadi kayakinanana, aya anu bajoang kumaha meunangkeun rajakaya anu kacida lobana, jeung kahayang-kahayang sejenna.

Salian ti tujuan, aya ogé jalan atawa cara kumaha bajoangna. Satutasna miboga kahayang atawa tujuan atawa udagan dina bajoang, kudu néangan atawa meunang jalan anu bakal disorang. Jalan anu disorang nalika bajoang. Da dina ngudag kahayang jeung udagan, merlukeun jalan supaya bisa nepi kana tujuan kahayangna. Jalan ieu téh jalan bajoang. Aya rupa-rupa jalan anu disorang ku unggal jalma. Aya anu sarua aya anu béda. Kahayang anu sarua tacan tangtu nyorang jalan anu sarua.

Terus aya deui ambahan atawa modal pikeun bajoang. Dina ngudag atawa ngahontal kahayang/tujuan, merlukeun modal anu kudu aya supaya bisa nepi kana udagan anu dibajoangkeunana.

Tilu hal ieu, kudu kacumponan dina bajoang ngahontal naon anu keur dibajoangkeunana. Komo deui lamun miboga kayakinan yén sakabéh hirupna pikeun bajoang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_ih2sKYO2rb8/S9bnPBkbyPI/AAAAAAAAAsE/72dIL1uLCAI/s1600/Berjuang.jpg)

Sakola bari Ngasuh Adi


Indit ka sakola

Ningali gambar ieu, jadi inget kana carita baheula waktu keur sakola di SD. Ieu mah carita Ibi kuring.

Baheula, saur pun Ibi ka sakola téh bari ngasuh adi. Adi anu masih leutik kénéh téh diais/digandong ka sakola. Atuh diajar di kelas ogé bari ngangais adi da bisi ceurik lamun diécagkeun mah. Jaman harita mah teu nanaon sigana sakola bari ngasuh budak atawa orok téh. Nu penting mah budakna daék sakola. Ulah nepikeun ka kusabab kudu ngasuk anu jadi adi, nepikeun ka henteu daék sakola.

Kitu sigana mah….

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.wiranurmansyah.com/wp-content/uploads/2010/12/ee.jpg)

Sésérahan


Isuk-isuk kénéh geus ngabring, ngiringkeun calon pangantén bari angkaribung barangbawa. Teu sirikna sagala dibawa. Ti mimiti anu hampang nepikeun ka anu beurat. Ngabring teu lalaki teu awéwé, teu budak teu kolot, ngilu nganteurkeun calon pangantén lalaki ti imahna nuju ka imah calon pangantén awéwé.

Gambaran jalma keur ngabring bari mawa barang keur diserahkeun ka calon pangantén awéwé

Dina poéan dirapalanana, biasana mah bari ngiringkeun calon pangantén lalaki, jalma-jalma anu ngilu nganteur pangantén lalaki téh, bari babawaan. Babawaan pikeun bekeleun hirup rumah tangga calon panganten. Lamun kaparengah anu panganténana téh salembur, nganteurkeunana tara maké kandaraan. Ngabringna téh bari laleumpang kaasup calon panganténna. Unggal anu ngiringkeun biasana mah teu nepikeun ka henteu barang bawa. Aya anu mawa baki dieusian sagala, anu mawa baskom eusi dahareun, anu nanggung atawa ngagotong cau, nepikeun ka anu manggul atawa ngagotong lomari pakéan. Pokona mah naon anu bakal dibekelkeun ka calon pangantén pikeun ngalakonan rumah tanggana, ti kolotna calon pangantén lalaki, dibawa dina poéan harita.

Jadi sakalian dirapalan téh, ogé langsung dikirim bekel pikeun ngalakonan hirup rumah tangga. Jigana mah supaya ulah bulak balik ngirim bekel. Da geus jadi kabiasaan, lamun geus dirapalan mah, pangantén téh ngalakonan hirup rumah tanggana osok ngilu heula di imah mitoha awéwé. Salila tacan meunang atawa nyieun imah sorangan mah osok ngadon ngilu di imah kolotna pangantén awéwé. Sahanteuna lamun geus sagala dibekelan mah ku kolot pangantén lalaki, piraku henteu betah cicing di imah kolot pangantén awéwé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTzbc35qBlSb0Q66NyeMc_2VneFgO-9-2eoxao56eupjU1fIfz6g4fEWY9nUQ)