Pondok Nyogok Panjang Nyugak


Lain pondok jadi orok,
lain panjang jadi budak

Ieu mah ngeunaan omongan, lain nyaritakeun ngeunaan anu lian atawa anu lain-lain. Omongan atawa caritaan, komo di hareupeun batur atawa cacarita reujeung batur, teu kabéh anu diomongkeunana téh bisa ditarima kalawan sadrah atawa matak ngeunah kana haté anu diajak ngomong. Aya kalana ucapan téh matak nyentug kana haté jalma anu diajak cacarita atawa anu keur disanghreupan nalika nyarita. Nyentugna kana haté téh naha kusabab dihaja supaya nyentug atawa henteu dihaja. Anu ngaranna nyentug kana haté mah angger, arék dihaja atawa henteu ogé matak nyeri kana haté jalma séjén. Lamun geus nyeri haté, apanan euweuh obatna anu ngaranna nyeri haté mah. Leuheung kénéh nyeri kusabab gudawang kasopak ku bedog, bisa diubaran kalawan gampang, dalah ninggang di nyeri haté mah susah ubarna téh. Susah néangan ubarna.

Biantara

Caritaan anu diomongkeun, teu nolih kana panjang reujeung pondokna caritaa. Nalika biantara, arék pondok (sakeudeung) atawa panjang (lila), geus ninggang kana matak nyentug atawa nganyerikeun haté mah angger waé matak nyeri haté. Dina pondokna caritaan bisa matak nyogok kana haté anu ngabalukarkeun nyeri haté. Atuh dina panjangna cacarita bisa matak nyugak kana haté ogé. Arék panjang, arék pondok, angger waé matak nganyerikeun haté batur.

Kumaha atuh? Nya biasana mah cacarita tungtungngan ku neda sihapunten tina samudaya kelelepatan ka sadayana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_JB0X1blqnd4/TNNjAlRY_bI/AAAAAAAAALs/2zyqTtQFaV4/s1600/pidato.jpg)

Haliah Dunya Nempo ka Handap, Perkara Ahérat Nempo ka Luhur


Saur pun guru, dina nyanghareupan kaayaan anu matak pikasirikeun, naha sirik anu meunang (sirik anu alus) atawa sirik anu teu meunang (sirik anu goréng), aya dua hal anu kudu jadi catetan. Duanana kudu dicatet jeung dilaksanakeun supaya ulah nepikeun ka tigebrus kana sirik anu goréng. Sakumaha anu geus kamaphum, anu ngaranna sirik mah datangna lamun nempo kaayaan batur anu béda reujeung urang, utamana lamun batur leuwih onjoy atawa saluhureun diri urang.

Sirik ka babaturan

Dua hal anu kudu dicatet téh nyaéta kudu apal kudu ka saha urang miboga sipat sirik, supaya sirikna jadi miboga niley alus. Aya sirik ka jalma anu sahandapeun urang, jeung aya sirik ka jalma anu saluhureun urang. Dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu ayana di saluhureun urang, jeung dina perkara naon urang kudu sirik ka jalma anu aya di sahandapeun urang (biasana mah ka jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah tara sirik).

Dina palebah sirik ka jalma anu ayana di sahandapeun urang (lamun arék nyebut sirik), bisana mah dina haliah dunya atawa perkara dunya. Dina perkara haliah dunya, urang kudu nempo ka jalma-jalma anu kaayaanana di sahandapeun urang. Lamun nempo jalma anu kaayaanana di sahandapeun mah biasana moal sirik, da naon anu kudu dipikasirikna. Jadi supaya ulah nepikeun ka sirik ngeunaan kadunyaan, kudu loba nempoan jalma anu kaayaanana di sahandapeun.

Kumaha dina perkara ahérat? Dina perkara aherat mah kudu sablikna. Perkara aherat mah kudu nempoan jalma anu ayana di saluhureun, supaya jadi sirik, naha batur mah bet loba ibadahna. Lamun sirik ka jalma anu loba ibadahna, tangtuna ogé bakal ngakibatkeun hayang nurutan ngalobaan ibadah.

Kitu saur pun guru téh….

Batur ogé Bisa, Piraku Kuring Henteu


Pikeun ngabeberah haté, susugan jadi ngabogaan gedé haté. Haté anu gedé jadi modal pikeun nyanghareupan kahirupan anu keur diteuteup jeung disanghareupan. Kalimah pangbeberah manah, supaya ulah leutik haté kusabab diri anu tacan bisa nanaon, tacan miboga bekel elmu jeung pangabisa sakumaha jalma séjénna.

Lamun nilik kana diri mah, da euweuh bédana antara kuring jeung batur sabatur-baturna atawa manéhna. Batur miboga dedeg pangadeg, kuring oge apanan sarua. Batur miboga akal, kuring ogé apanan boga. Leungeun, suku, panon jeung anu séjénna apanan sarua boga. Tapi naha, asana téh mani susah hayang siga batur téh. Batur mah bisa naon bisa naon. Sedengkeun kuring…?

Ngarobah pamadegan

Tapi teu meunang dipikiran ngeunaan batur bisa sedengkeun kuring henteu. Anu penting mah lamun kuring hayang bisa, tangtuna ogé kudu nyekelan kana éta kecap. Lamun batur bisa, piraku kuring teu bisa. Tinggal kuring diajar kumaha supaya bisa. Da geningan modalna mah sarua geus nyampak di diri kuring.

Kumaha lamun teu apal jalanna?

Nya tinggal turutan waé naon anu dipilampah ku batur sabatur-baturna nepikeun ka bisa kitu. Naon waé pangalamanana tinggal dkoréhan dipetik saeutik-saeutik, dilakonan dijalankeun lalampahanana. Susuganan waé atuh ari geus apal jalanna mah bisa meunangkeun jalan anu leuwih hadé deui jeung leuwih alus.

Cekelan waé, KURING PASTI BISA!

(Gambar meunang nginjeum ti http://celotehsasak.files.wordpress.com/2008/11/berubah.jpg)